Lompat ke isi

Arc de triomphe de l'Étoile

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Arc de triomphe de l'Étoile, Paris

Arc de triomphe de l'Étoile atawa biasa dipikawanoh salaku Arc de Triomphe (Basa Indonésia: Gapura/Monumén Kamenangan) nyaéta monumén ngawujud Melengkung Kameunangan di Paris anu nangtung di tengah-tengah wewengkon Place de l'Étoile, di tungtung kulon wewengkon Champs-Élysées. Ieu wangunan diwangun dumasar kana paréntah Napoleon Bonaparte kalawan tujuan pikeun ngahormat jasa-jasa tentara keagunganana.[1]

Sajarah

[édit | édit sumber]

Sajarah pangwangunan Arc de Triomphe dimimitian dina taun 1806 nalika Napoléon I maréntahkeun dijieunna hiji monumén di Place de l'Étoile pikeun ngarayakeun kameunangan tentara Prancis. Arsiték Jean-François Chalgrin jeung Jean-Arnaud Raymond[2] ngarancang ieu wangunan ku cara ngarujuk kana arsitéktur monumén Romawi kuno, kawas Arch of Titus jeung Arch of Constantine. Prosés pangwangunan awal leumpang laun; nepi ka nalika Napoléon ngawin Marie-Louise ti Austria dina April 1810, bagian pilar monumén téh anyar saeutik aya di luhureun taneuh. Demi mapag rombongan karajaan anu ngaliwat, diwangun téh makét réplika Arc de Triomphe ukuran asli tina raraga kai jeung kaén kanvas.[3][4]

Sanggeus ragragna Napoléon jeung naékna Raja Louis XVIII kana kakuasaan, proyék pangwangunan sempet eureun tur ampir dirobah ku kaum monarkis. Pangwangunan anyar diteruskeun deui dina taun 1823 di handapeun pamaréntahan Louis XVIII tur diteruskeun ku Charles X, tapi fokus pangerjaanana dirobah pikeunngadédikasikeun monumén kasebut pikeun Tentara Pyrenees anu meunangkeun pertempuran di Spanyol. Tapi, gelombang Révolusi Juli dina taun 1830 deui-deui nunda kaanggeusan ieu monumén saluyu jeung rungkadna pamaréntahan Charles X.[3]

Pangwangunan tungtungna asup tahap ahir sanggeus Raja Louis-Philippe I naék tahta tur nunjuk arsiték Guillaume Abel Blouet dina taun 1832. Manéhna ngabalikeun dédikasi Arc de Triomphe pikeun ngingetkeun sakabéh Angkatan Darat Révolusi jeung Karajaan Prancis. Sababaraha seniman kasohor dikerahkeun pikeun nyieun réliéf, patung, sarta ngukir ngaran 30 pertempuran gedé jeung 384 jéndral perang di pilar-pilar monumén.[3]

Sanggeus ngaliwatan perjalanan panjang salila 30 taun, Arc de Triomphe tungtungna diresmikeun sacara resmi dina 29 Juli 1836. Upacara peresmian kasebut leumpang basajan pisan tur ukur dihadiran ku 11 urang lantaran aya kasieun tina ancaman pangpatéan ka Raja Louis-Philippe I. Najan perayaan resmina dibatalkeun, dina peutingna masarakat tetep ngumpul di sakuriling monumén anu dicaangan ku 700 lampu gas. Panambahan ngaran-ngaran pahlawan jeung pertempuran anu sempet kaliwat terus dilakukeun sacara berkala nepi ka taun 1895.[3]

Référénsi

[édit | édit sumber]
  1. "Arc de triomphe de l'Étoile - Google Arts & Culture". Google Seni & Budaya (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2026-07-25.
  2. "History of the Arc de Triomphe". www.frenchempire.net. Diaksés tanggal 2026-07-25.
  3. 1 2 3 4 CMN. "History of the Arc de triomphe - CMN". www.paris-arc-de-triomphe.fr (Dina basa Inggris (Britania)). Diaksés tanggal 2026-07-25.[tumbu nonaktif]
  4. "Sejarah Arc de Triomphe". arc-de-triomphe.paris (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2026-07-25.