Lompat ke isi

Ardisia crenata

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Ardisia crenata
Ardisia crenata di Kebon Raya Cibodas, Cianjur
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
Ardisia crenata Sims
Ngaran binomial
Ardisia crenata
Sinonim

Bladhia crenata (Sims) H.Hara.


Ardisia crenata, nu kaasup kana suku Primulaceae, mibanda buah berry nu alus kalayan ngabogaan warna beureum caang, ku kituna sering dijadikeun tutuwuhan hias ku masarakat. Tangkal ieu ogé dipikawanoh kalayan ngaran coralberry, mata yam, atawa mata pelanduk. Perawakanana semak nu jangkungna bisa nepi ka 3 meter, mibanda daun panjang sarta meruncing, sarta ngahasilkeun buah beureum nu miboga siki di jero. A. crenata biasana tumuwuh di leuweung pamah nepi ka luhurna 1.200 m dpl.[1]

Sacara tradisional, di Tiongkok, A. crenata dipaké salaku obat luar pikeun ngubaran panyakit kulit jeung panyakit ceuli. Samentara éta, pamakéan internalna dipaké pikeun ngubaran panas, batuk, diaré, inféksi saluran napas, sarta gangguan menstruasi. Buah leutikna bisa didahar, sarta ceuk carita rasana amis, sedengkeun daunna dipaké minangka sayuran dina salad.[2]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. "Justicia carnea". plantamor.com. Diaksés tanggal 2025-02-18.
  2. "Kebun Raya | Konservasi Cibodas". kebunraya.id. Diaksés tanggal 2025-02-16. Archived 2025-02-16 di Wayback Machine