Areuy Bélégédépéh
| Areuy Bélégédépéh | |
|---|---|
| Klasifikasi ilmiah | |
| Missing taxonomy template (fix): | Zanthoxylum |
| Spésiés: | Template:Taxonomy/ZanthoxylumZ. scandens |
| Ngaran binomial | |
| Template:Taxonomy/ZanthoxylumZanthoxylum scandens | |
| Sinonim | |
|
List
| |
Areuy Bélégédépéh nyaéta hiji spésiés tangkal anu asalna tina kulawargga Rutaceae.[1][2][3][4][5][6][7]
Ciri mandiri
[édit | édit sumber]Areuy bélégédépéh hirupna ngarambat kana tangkal séjén, Katempo tangkalna anu mibanda kai ieu meulit ka luhur nuturkeun tangkal anu dibeulitna.[2] Pareng teuaya tangkal rambatan, ieu tangkal tetep bisa hirup anu jangkungna bisa nepi ka 24 metres (79 feet).[5] Katempo ogé carucukan, cucuk bijil tina tangkal jeung dahanna.[2] Kembangna tetramerous (opat alat kelamin), kalayan perianth dina dua séri.[2] Kelopak kembangna mibanda keli bungur wangunna lonyod tur gedéna kurang leuwih 0.5 millimetres (0.020 inches) in size.[2] Kembang anu jaluna mibanda 4 benang sari, gedéna kurang leuwih 3-4 miliméter sarta katempo carambang palebah luhurna.[2] kembang anu bikangna mibanda tilu carpels kalawan ligulate staminodes.[2] Pibuaheun atawa pentilna mibanda kelir beureum semu bungur, engkena bakan robah jadi kulawu kolot mangsa geus garing.[2] Buleudan sikina kurang leuwih opat nepi ka 5 miliméter[2] Ieu spésiés kemanggan dina bulan maret nepi ka Méi kalawan buahan di bulan Juli nepi ka Agusturs.[2]
Habitat jeung sebaran
[édit | édit sumber]Zanthoxylum scandens kapanggih hirup di China (kidul Anhui, Chongqing, Fujian, Guangdong, Guangxi, Guizhou, Hainan, Hubei, Hunan, Jiangxi, Sichuan, Yunnan, Zhejiang), India, Indonésia, Jepang , Laos, Malaysia, Myanmar,[2] Taiwan jeung Viétnam.[4]
Tempat hirupna atawa habitatna di landeuh leuweung, leuweung anu nembrak, sarta dina rungkun-rungkun anu perenahna tina beungeut cai lautkurang leuwih 1,500 metres (4,921 feet).[2]
Taksonomi
[édit | édit sumber]Spésiés ieu munggaran dipedarkeun dina Carl Ludwig von Blume's Bijdragen tot de Flora van Dutch Indie dina taun 1825.[3] sarta ditarima sacara lega salaku spésiés anu sah.[4]
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ Karl Hasskarl, Justus (1845). Aanteekeningen over het nut, door de bewoners van Java aan eenige planten van dat eiland toegeschreven. Universitas Oxford: J. Müller. hlm. 2. Diaksés tanggal (disungsi – 29 Mei 2024).
- 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 "Zanthoxylum scandens in Flora of China @ efloras.org". eFloras.org Home. Diaksés tanggal November 21, 2021.
- 1 2 "Zanthoxylum scandens". International Plant Names Index (Dina basa Kinyarwanda). Diaksés tanggal November 21, 2021.
- 1 2 3 "Zanthoxylum scandens Blume - Kew Science". Plants of the World Online. July 1, 1965. Diaksés tanggal November 21, 2021.
- 1 2 "Zanthoxylum scandens Bl. - Encyclopedia of Life". Encyclopedia of Life. Diaksés tanggal November 21, 2021.
- ↑ "Tropicos". Tropicos (Dina basa Luksemburg). Diaksés tanggal November 21, 2021.
- ↑ "Zanthoxylum scandens Blume". The Plant List. April 18, 2012. Diaksés tanggal November 21, 2021.
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |