Aria Wangsakara
| Radén Aria Wangsakara | |
|---|---|
Radén Aria Wangsakara pajuang Muslim rundayan ti Kerajaan Sumedang Larang | |
| Babar | 1615 |
| Pupus | 1681 |
| Katelah ku | Ki Imam Haji Wangsaradja |
| Pagawéan | Ulama, Anu ngadegkeun Kota Tangerang |
| Boards on | Ngadegkeun Tangereng |
| Ageman | Islam |
| Pasangan | Tatoe Maemoenah |
| Kolot | Kiai Tanara |
Radén Aria Wangsakara nyaéta saurang pahlawan Nasional. Anjeuna ogé katelah ku nami Ki Imam Haji Wangsaradja, ogé Ki Lenyep. [1]
Sajarah
[édit | édit sumber]Radén Aria Wangsakara saurang ulama atawa kiai anu pituin ti Sumedang, ngeunaan R.A Wangsakara ieu kungsi diserat ku H. Mukri Mian anu pangsiunan ti Departemén Agama. Naskahna disusun taun 1983 anu disanggakeun ka sakumna sékésélér R.A. Wangsakara hususna, jeung umumna bangsa Indonésia (mukri Mian, 1983).[2]
Dina naskana mukri ieu diseratkeun ogé silsilah/rundayan kulawarga anjeuna, anu dipibanda sabada ngajugjug ka Sumedang nyukcruk galur kalawan nalungtik catetan tina "Babad Sumedang" di museum Geusan Ulun. Nami-nami anu di serat dina rundayanna sabada Arya Wangsakara, bisa waé téh mangrupa pamingpin anu kiwari disebat Tangerang kalebet Lengkong Sumedang tikawit pamaréntahan Sultan Ageng Tirtayasa nepi ka pamaréntahan Sultan Haji anu sakompét daun jeung VOC Walanda.[2]
Dumasar kana bukti sajarah, tikawit R.A. Wangsakara, Léngkong Sumedang tos jadi hiji pakampungan anu mibanda niléy sajarah kalawan tempat anu merenah tur strategis. Aya dina hiji léngkob walungan Cisadane palebah peuntas kulon, tikawit Kasultanan Banten nepi ka Sultan Ageng Tirtayasa ngajantenkeun ieu tampat salaku wates pikeun nyinghareupan kakawasaan VOC di peuntas wétanna.[2]
Kuburan R.A Wangsakara aya dina hiji pasir anu perenahna di pakampungan Léngkong sumedang, dikurebkeun di hiji pasir téh mangrupa cicirén yén anu dikubur téh téh mangrupa inohong atawa sanés jalmi sambarangan tur dipiajrih.[2]
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ Ali, Ph.D. & Dr. Hj. Siti Ma’rifah Ma’ruf Amin, Prof. Mufti (2024). Syekh Nawawi al-Bantani (1812-1897), Mahaguru Ulama Hijaz & Nusantara Abad Ke-19. New York: Gramedia Pustaka. hlm. 10. ISBN 9786020673530. Diaksés tanggal (disungsi – 27 Fébruari 2025).
- 1 2 3 4 Tjandrasasmita, Uka (2009). Arkeologi Islam Nusantara. Jakarta: Kepustakaan Populer Gramedia. hlm. 122. ISBN 9789799102126. Diaksés tanggal (disungsi – 1 Januari 2025).
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |