Lompat ke isi

Asem galugur

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Asem galugur
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
G. atroviridis
Ngaran binomial
Garcinia atroviridis
Griffith et Anders.

Asem galugur (Garcinia atroviridis Griffith et Anders.) nyaéta hiji tangkal anu asalna tina kulawarga ‘’Clusiaceae’’.[1] Ieu tangkal ngahasilkeun asem potong atawa asam keping. Asem potong dipibanda kujalan nyiksikan buah asem galugur beunang ngagaringkeun kujalan di poé. Asem potong dimangpaatkeun pikeun bungbu dapur, bahan campuran inuman, bahan dasar ubar, ogé bahan dasar kosmétika. Sawaréh masarakat Melayu basisir ngolah buah asem galugur kujalan dijieun manisan atawa halwa pikeun disayagakeun dina hari raya.[1]

Tangkal asem galugur ieu masih kénéh baraya deukeut jeung tangkal manggu ogé asem kandis, dipercaya pituin ti Asia Kidul jeung Asia Tenggara. Asem galugur cenah disebut ogé salaku tutuwuhan abadi, alatan bisa bisa hirup nepika umurna ratusan taun, malahan buahna beuki leubeut. Satangkal asem galugur anu umurna leuwih ti tilu puluh taun bisa ngahasilkeun buah lobana opat kintal dina sataun.

Numutkeun ukuran jeung watek buahna, asem galugur dibagi kana dua rupa: asem batu jeung asem cai/aér. Asem batu buahna laleutik (diaméter 7–10 cm), watekna beurat kawas batu, ogé tékstur buahna padet, liat, jeung katempona garing. Sakilo asem potong dipibanda tina opat kilogram asem batu. Sedengkeun asem aér buahna galedé (diaméter 10–14 cm), henteu beurat kawas asem batu, tur tékstur buahna leuwih ngepros, jeung baseuh. Sakilo asem potong dipibanda tina lima kilogram asem aér.

Daun asem galugur beunang ngaékstrak tuluy diparabkeun ka marmot 360 mg/kg kanyahoan bisa méré pangaruh inhibitor kana kahirupan Plasmodium berghei anu jadi musabab malaria.[2]

Morfologi

[édit | édit sumber]

Asem galugur dipercaya asalna ti Asia kidul jeung Asia Tenggara. Loba kapanggih hirup liar di kebon jeung buruan imah. Salah sahiji véktor anu ngaliarkeun binihna nyaéta careuh. Careuh resepeun kana siki asem galugur anu rasana rada amis. Kokotor careuh anu aya siki asem galugur ieu anu enkena jadi pibibiteun tangkal asem galugur, anu meureun waé bisa jadi tur hirup umpama aya dina tempat anu merenah. Waktu ‘’dormansi’’ siki asem galugur ampir teu aya. Siki asem galugur bisa bijil sirung ngan dina sababaraha poé. Kitu deui kauatan siki asem galugur kurang kuat, utamana mangsa kaayaan garing. Kulantaran kitu, siki asem galugur anu sumebar ngaliwatan kokotor careuh, bagong jeung sajabana ilaharna ngan kapanggih hirup mangsa usum ngijih.

Asem galugur kaasup tutuwuhan anu imahna tunggal. Hartina, tangkal bikang jeung jalu aya dina tangkal anu béda. Di alam, jarang pisan kapanggih tangkal asem galugur anu murni jalu. Anu loba kapanggih tangkal anu ‘’hermafrodit’’. Asem galugur hermafrodit ieu bisa waé kembangan, tapi engkena bakal murag kabéhannana matakna teu bisa ngahasilkeun buah. Alatan teu ngahasilkeun buah ieu, tangkalna sok disarebut asem galugur jaluna.

Buah Asem Galugur ti désa Petatal, Batu Bara, Sumatra kalér.

Asem galugur bisa hirup dina lahan anu perenahna 5–1700 m ti luhurun beungeut cai laut. Aya ogé luhur patempatan anu merenah dina 400–1200 mdpl. Teu kudu aya kaayaan husus ngeunaan taneuh. Tangkal asem galugur bisa hirup ti mimiti taneuh anu ngandung keusik, taneuh tela, taneuh anu ngandung batu, taneuh baseuh sisi susukan, taneuh apu, nepi ka taneuh anu kurang subur di sisi leuweung. Dalah ti kitu, tangtuna kauburan taneuh bisa méré pangaruh kana produksi buah. Asem galugur buahan teu aya usumna, sunggal waktu bisa buahan. Sakapeung dina satangkal aya ranggeuyan kembang, pentil buah, buah ngora nepika buah nu geus kolot malahan aya nu murag. Sanajan kitu, panén gedé ilaharna sataun dua kali, di tungtung usum hujan sarta di tungtung usum halodo.

Asem galugur kai tangkalna teuas, Akarna ‘’tunggang’’, tajukna jangkung jeung gedé. Jangkungna bisa nepika 30 méter, kalawan rubak tajukna 8 méter. Kembang asem galugur bikang ilahana ngan kaluar sakuntum dina sacupat, sedengkeun kembang anu jalu dina sacupat bijil sababaraha hiji. Buah asem galugur kelirna héjo mangsa keur ngora kénéh tuluy robah jadi semu konéng mangsa geus ngolotan. Diaméter buahna 7–15 cm, kalawan beurat rata-rata 300 gram sahijina. Buahna ngawujud buleud babalingbingan. Jumlah balingbingna sarua jeung jumblah sikina anu aya dijero buah, sanajan siki nuaya dijero lolobana siki palsu. Sikina kabeulah dua. Sikina disimbutan ku cai anu ngagéblég. Siki asem galugur teu mibanda ‘’dormansi’’.

Kembang asem galugur bikang.

Budi daya

[édit | édit sumber]

Asem galugur bisa dipelak tina sikina, sték akar, jeung sték daun.

Ngabinihkeun

[édit | édit sumber]

Kauntungan ngabinihkeun asem galugur tina sikina sagigireun gampil dina melakna, ogé perséntase sirungan ogé kawilang gedé bisa nepika 50%. Asem galugur anu dipelak tina sikina bisa buahan dina umur 7 tahun. Tangkalna ajeg tur kuat alatan mibanda akar tunggang, sarta bisa tuluy hirup sarta buahan nepi ka umur ratusan taun. Kalemahan ngabinihkeun tina siji tayalian waktu buahan anu kacila lilana tayalian umur 7 tahun ogé perséntase tangkalna anu jalu bisa 20 nepi ka 30 persén.

Numutkeun panalungtikan Sasithorn Pangsuban jeung padabaturna, tangkal asem galugur bikang mikabutuh ‘’polen’’ tina tangkal asem galugur jalu. ‘’Penyerbukan putik’’ ku ‘’polen’’ baris ngahasilkeun buah anu alus jeung siki anu subur. Sabalikna putik anu diisolasi tina polén baris gampang murag, laleutik tur mibanda siki henteu subur atawa hésé hirup mangsa dipelak.

Kembang asem galugur jalu

Aya sababaraha téori ti kolot urang baheula, anu ngajéntrékeun ciri-ciri tangkal asem galugur. Aya anu nyebutkeun umpama sikina buleud tur padet, cenah bakan jadi tangkal asem galugur bikang, sedengkeun umpama sikina katempo rada lonyod baris jadi tangkal asem galugur jalu. Aya deui anu nyebutkeun cenah umpama tungtung dauna mencos, ieu ciri tangkal asem galugur pijalueun, sedengkeun daun anu tungtungna bentelu ieu ciri tangkal asem galugur bikang. Aya deui ciri séjén anu nyebutkeun cenah umpama dahan jeung régang tangkalna ngeluk ka handap ieu téh ciri tangkal asem galugur bikang, sedengkeun tangkal anu dahan jeung regangna datar atawa bentik ka luhur éta ciri tina tangkal asem galugur jalu. Dina kanyataana,henteu sakabeh téori nu bieu bener kabéhanana.

Asem galugur bisa ogé direkahkeun sacara végétatif kujalan sték sambung pucuk atawa okulasi (témpel persusuan). Kauntungan ngarekahkeun kucara kieu: gancang buahan, hirup kalawan tangkalna teupati jankung, ogé mibanda sipat anu sarua kawas indungna, pasti bikang. Ngan waé masalah tina cara ieu kawangen ku lobana dahan anu pantes jeung loyog pikeun disusukeun/ditémpelkeun. Ngan dahan di punclut sarta ajeg ka luhur (roof top) anu bisa disambungkeun atawa disusukeun. Umpama ngagunakeun dahan séjén anu nyingareup ka gigir, engkéna tajuk tangkalna bakan anger nyingareup ka gigir. Moal daékeun hirup ka luhur, sanajan geus di tunjel di kaluhurkeun ogé. Motong dahan sambung anu kaluhur (cutting top) ogé moal bisa ngahasilkeun régang anu nyangirah ka luhur.

Bibit asem galugur siap dipelak di. Désa Petatal, Batu Bara, Sumatra kalér.

Aya ogé kakurangan asem galugur anu direkahkeun kujalan di sték akar, tayalian jumlahna ngan saetik alatan tangkal indungna bisa paéh lamun seug akarna loba di potong jang pibiniheun. Tangkal anu dihasilkeun ogé baris gampang rungkad alatan henteu mibanda akar tunggang, sarta dina kaumumanana umurna ngan nepi ka 30–35 taun. Sajaba ti éta, buahna leuwih saeutik, alatan tangkalna leuwih leutik. Ari kangunggulanna, bibit anu dipelak pasti bikangna, milu kana watek indungna, sarta gancang buahan (antara 5–5,5 taun sabada dipelak).

Melakeunnana

[édit | édit sumber]

Kali lombang ukuran 40×40×40 cm kalwan jarak unggal tangkal 8×9 atawa 8×8 méter, ngétép mata lima atawa nyiku tilu sarua sisi atawa nyiku tilu sarua sukuna. Pisahkeun taneuh galian luhur jeung taneuh galian handap. Campur taneuh galian handap reujeung gemuk mangrupa gemuk kandang/kompos anu asak lobana lima kilogram, dolomit skilogram, sarta NPK-Mgo satengah kilogram. Abruskeun ka jero lombang. Antepkeun heula sa minggu. Pelakeun bibit kana lombang kalawan tangkal ajeg nyingareup ka luhur. Ruang lombang ku taaneuh sésa galian anu tadi. Sisakeun taneung nu ngalegok kurang leuwih 7 cm pikeun naneumkeun cai. Cébor ku cai sa cukupna. Umpama dipelak mangsa usum halodo, hadéna dijieun pangiuhan tina dangdaunan ataa jujukutan. Tangkal asem galugur ngora teukaopan sok gancang paéh mun kapanasan. Perlu dicébor deui umpama taneuh katempo ngagaringan.

Miarana

[édit | édit sumber]

Gemuk maké NPK-MgO 12:12:17:2 kalawan katangtuan setengah kilogram dikali taun umur pepelakan. Umpama pepelakan téa umurna opat taun, jadi lobana gemuk téh dua kilogram unggal tangkal dina sataunna. Satuluyna sakilo unggal genep bulan, di mimiti jeung di akhir usum hujan. Dina pepelakan anu ngora, gemuk diawurkeun di sisi lombang anu ngahaja dijieun pikeun nyangkrungkeun cai, sedengkeun dina pepelakan anu geus gedé, gemuk diawurkeun rata jarak saméter tina puhu tangkal nepika tungtung tajuk daun. Meresihan gulma dilakukeun di sabudeureun tangkal dipelak, kalawan diaméter piringan bersih sarubak tajuk tangkal. Pamakén hérbisida sistemik hadéna disingkahan sangkan henteu ngaruksak akar. Akar-akar anu mucunghul henteu perlu dibumbun.

Ngariksa tina panyakit

Panyakit anu remen nyerang bibit atawa pelak asem galugur ngora tayalian borontok daun atawa hawar daun anu disababkeun ku supa ‘’Fusarium Oxisporum’’. Ngariksana kujalan nyemprotkeun cai ‘’fungisida’’ anu mibanda bahan ‘’aktif Difenokonazol’’ (sok disarebutna Difekonazol).

Buah asem galugur pating gulantung dina tangkalna.

Panyakit utama tutuwuhan asem galugur déwasa tayalian bangbung anu sok nyégétan tangkal. Ciri tangkal anu diserang katompotangkalna ngaluarkeun geutah kelirna coklat semu hideung, saluareun kulit tangkal nganjadi kasar jeung guguruntulan. Cara tradisional nyingareupan serangan ieu ku jalan diawuran ‘’karbofuran’’. Cara panganyarna anu leuwih gampang jeung mujarab tayalian kujala nginfus tangkalna. Puhu tangkal diliangan maké bor diaméter 3 miliméter pikeun tutuwuhan umurna 3 tahun, atawa ukuran 5 miliméter pikeun tutuwuhan anu umurna lima taun atawa leuwih. Jero liangna sapertilu diaméter tangkal. Liangna saeuting nyangujur ka handap. Mangsa ngaliangan kudu tarapti sangkan henteu keuna kana tengah-tengan tangkal. Suntikkeun ka jero liang beunang ngabor tadi campuran 30% inséktisida nepika liangna pinuh. Tutup liang nu geuspinuh ku taneuh tela. Sabulan tiharita, bersihan liang bor dimana geus bersih. Lakukeun deui prosés panyuntikan inséktisida. Jinis inséktisida tayalian inséktisida anu sistemik sarta mibanda ‘’spektrum’’ lega. Umpamana bahan ‘’aktif Deltamethrin’’.

Panén Buahna

[édit | édit sumber]
Buah Asem Galugur jeung Sikina

Buah asem galugur anu asak diala maké gantar anu aya péso jeung kantong dina tungtungna. Bisa ogé ditaékan tangkalna pikeun diala buahna. Buah dikumpulkeun jeung dibersihan sangkan gampil prosés ngagaringkeun. Pikeun dijadikeun asem gepéng, buah asem galugur disiksikan kandelna kurang leuwih 2–4 mm. Beunang nyiksikan tuluy dijéjérkeun pikeun digaringkeun bisa di poé dina Panas panon poé atawa maké mesin paragi ngagaringkeun. Umpama potongan asem dipoé, perlu waktu 4–6 poe kakara bisa garing tur bisa dijual. Harga buah segar nalika 2 Januari 2016 ti patani hargana Rp4.500/kg. Harga asem potong garing di poé Rp32.000/kg di pasar grosir.

Kagunaan

[édit | édit sumber]

Buah asem galugur dimangpaatkeun pikeun bungbu asakan, bahan campuran manisan halwa, peresan inuman, manisan, bahan dasar ubar, bahan dasar kosmétika, peluruh lemak tubuh, mersihkeun daging anu rék di asakan, sarta ngaleungitkeun bau hanyir lauk segar. Daun asem galugur geus dipikawanoh salaku bahan ubar herbal dimangsa baheula kénéh.

dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 Lim, T.K (2012). Edible Medicinal and Non-Medicinal Plants: Volume 1, Fruits. London: Springer Science & Business Media,. hlm. 21. ISBN 9789048186617. Diaksés tanggal (disungsi) 26 April 2025. Pemeliharaan CS1: Tanda baca tambahan (link) Salah ngutip: Parameter "”" tidak sah pada tanda <<ref>. Parameter yang didukung adalah: dir, follow, group, name.
  2. Syamsudin, Rita Marleta Dewi, Simotiyan Hernita 2004. Efek Ekstrak Daun Asam Gelugur (Garcinia atroviridis Griff TAnders) Terhadap Plasmodium berghei Pada Mencit. Majalah Farmasi Airlangga. Vol. 4 No. 3

Tutumbu kaluar

[édit | édit sumber]

Citakan:Rempah-rempah


Citakan:Tanaman-obat-stub