Awi bunar

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Awi Bunar
(Schizostachyum glaucifolium)
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Plantae
(unranked): Angiosperms
(unranked): Monocots
(unranked): Commelinids
Order: Poales
Kulawarga: Poaceae
Subfamily: Bambusoideae
Supertribe: Bambusodae
Tribe: Bambuseae
Subtribe: Melocanninae
Génus: Schizostachyum
Nees
Type species
Schizostachyum blumei
Nees
Sinonim

Awi bunar (Schizostachyum) nyaéta awi anu asalna tina kulawarga Poaceae, Genus: Siraten, Spesies: Siraten steudel, Sinonim Schizostachyum biflorum McClure.[1] Hirup kalawan subur di daérah anu perenahna 600 méter saluhureun beungeut cai laut, loba kapanggih hirup di pilemburan, sisi leuweung, pasir, lamping, jeung suku gunung.[2]

Tangkalna ajeg kaluhur kékép ngarungkun, jangkung tangkalna tina puhu nepi ka congona 6-10 méter.[2] Daging tangkalna kawilang ipis, buleudan tangkalna 2-5 cm tur panjang buku ka buku 70-80 cm.[2] Awi bunar diarah tangkalna pikeun rupa-rupa kabutuhan, tapi teu saeutik ogé anu ngahaja diala pikeun dijual beulikeun.[2]

Sanajan tacan aya dina daptar beureum spesies anu baris tumpur di IUCN, dina kanyataanna tangkal awi bunar téh kiwari geus arang langka katempo hirup liar.[2][3] Sagigireun awi tali, awi bunar ogé sok dimangpaatkeun pikeun nyieun dudukuy cetok atawa caping.[4] Awi bunar disebut ogé buloh anap (Malaysia), buluh lacau (Brunei), pring wuluh (Indonesia).[1] Sagigireun awi tali, awi bunar ogé sok dimangpaatkeun pikeun nyieun dudukuy cetok atawa caping.[4] Awi bunar ogé dimangpaatkeun pikeun nyieun kuluwung, lodong wadah cai, Leumeung, paranti ngagolontorkeun cai di pancuran, jeung sajabana.[5] Dina adat kabiasaan urang baduy awi bunar dimangpatkeun pikeun nyieun obor.[6]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. a b "Siraten steudel". plantamor. 2016-01-01. Diakses tanggal 2017-10-14. 
  2. a b c d e "Schizostachyum iraten". Useful Tropical Plants. 2017-09-28. Diakses tanggal 2017-10-14. 
  3. "Sorting Schizostachyum names". Plantanames. 2001-04-04. Diakses tanggal 2017-10-17. 
  4. a b toekio M, Soegeng (1990). Tutup Kepala Tradisional Jawa. Yogyakarta: Direktorat Jenderal Kebudayaan. 
  5. Djoewisno, Soegeng (2009). Nagabumi: jurus tanpa bentuk. I. Jakarta: Cipta Pratama. 
  6. toekio M, MS (1987). Potret Kehidupan masyarakat Baduy: orang-orang Baduy bukan suku terasing, mereka yang mengasingkan diri di Banten Selatan. Yogyakarta: Direktorat Jenderal Kebudayaan. 
Nulis.jpg