Lompat ke isi

Bait Allah (Yerusalem)

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Bait Allah (بيت الله) dina sabagéan ajaran umat Karésten di Indonésia sok pakait jeung Bait Suci (basa Ibrani: בֵּית־הַמִּקְדָּשׁ‎, Bēt HaMīqdaš; basa Arab: بيت المقدس, Bait al-Maqdis), anu ogé disebut Bait Yerusalem atawa Bait Salomo. Tempat ieu baheulana jadi puseur ibadah urang Yahudi jeung ayana di Bukit Bait Suci. Bait Kahiji, anu disebut ogé Bait Salomo, diwangun kira taun 957 SM tuluy diruntuhkeun ku bangsa Babel dina taun 586 SM.[1] Nurutkeun Kitab Suci Ibrani jeung Perjanjian Lawas, Bait Salomo diwangun pikeun ngagantikeun Kemah Suci anu kungsi dijieun ku Nabi Musa. Saterusna, Bait Kadua diwangun deui di tempat anu sarua dina taun 515 SM, tapi tuluy ruksak deui nalika pasukan Romawi ngepung Yerusalem dina taun 70 M.[2]

Waktu harita, éta wangunan digunakeun pikeun tempat ibadah ogé pikeun nyieun kurban bakaran. Salila sababaraha abad, Bait Suci jadi puseur ibadah agama Yahudi saméméh ahirna runtuh sakabéhna. Ayeuna, di luhur Bukit Bait Suci téh ngadeg dua wangunan penting dina Islam, nyaéta Kubah Shakhrah (Dome of the Rock) jeung Masjidilaqsa (Jami’ Al-Aqsa).

Sumber rujukan

[édit | édit sumber]
  1. The Temple Throughout Bible History. Rose Publishing. ISBN 9781596360013.
  2. Henty, George (2008). For The Temple: The Tale of The Fall of Jerusalem. London: Fireship Press. ISBN 9781935585244.