Bajidoran

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh

Bajidoran nyaéta salah sahiji kasenian rahayat anu mekar di daérah laut, kulon Jawa Barat hususna di daérah Subang jeung Karawang. Gending anu mirigna nyaéta sarupaning gamelan nu umumna ngagunakeun laras saléndro.

Ieu kasenian mindeng digelarkeun ku pupuhu atawa pamangku hajat Keur mirig kariaan (kalahiran orok, sunatan, kawinan) atawa acara sukuran jeung sajabana anu aya kakaitan jeung upacara (hajat bumi, panén, jeung sasambat ngadatangkeun hujan, bebérésih désa, jeung sajabana). Daya tarik anu ngirut kana ieu kasenian nyaéta salah sahijina dina tukang ngibingna nyaéta sindén atawa ronggeng, anu dibarengan ngibingna ku para bajidor (istilah keur jelma anu resep ngibing di pakalangan atawa anu mesen lagu ka sinden bajidor jeung méré duit sawéran). Ku kituna kasenian ieu téh dingaranan kliningan atawa bajidoran.

Asal kecap[édit | édit sumber]

Kecap bajidor asal-usulna ti daérah Subang, Jawa Barat nu kasohor mangrupa singgetan tina “barisan jiwa doraka”, nu ngagambarkeun yén anu resep kana kasenian kliningan atawa bajidoran ieu téh cenderung ngahalalkeun sagala cara dina aréna pagelaran, mulai tina ngahamburkeun duit, nginum inuman keras, jeung ngarayu sarta ngéksprésikeun hasrat ka para sindén atawa ronggéng.

Tina ésistensina, aya tilu golongan kelompok sosial anu ngarojong nyaéta sindén atawa ronggéng anu jadi daya pamikat dina pagelaran, bajidor anu jadi panongton anu bakal méré sawéran, jeung pamangku hajat anu ngayakeun pagelaran.