Bandar Udara Internasional Narita
| Bandar Udara Internasional Tokyo-Narita 成田国際空港 Narita Kokusai Kūkō | |||
|---|---|---|---|
| IATA: NRT – ICAO: RJAA | |||
| Ringkesan | |||
| Tipe bandara | Publik | ||
| Nu boga/Operator | Narita International Airport Corporation (NAA) | ||
| Ngalayanan | Tokyo Raya | ||
| Lokasi | Narita, Préféktur Chiba, Jepang | ||
| Luhur AMSL | 41 m / 135 ft | ||
| Koordinat | 35°45′55″N 140°23′08″E / 35.76528°N 140.38556°E | ||
| Ramat loka | |||
| Landasan pacu | |||
| Arah | Panjang | Bahan | |
| m | ft | ||
| 16R/34L | 4,000 | 13,123 | Aspal |
| 16L/34R | 2,500 | 8,202 | Aspal |
| Runway C | Rencana | ||
| Statistik (2023) | |||
| Penumpang | 32,705,995 | ||
| Kargo (metrik ton) | 2,356,119 | ||
| Pergerakan pasawat | 165,264 | ||
| Sumber: Narita International Airport Corporation[1] | |||
Bandar Udara Internasional Narita (成田国際空港 Narita Kokusai Kūkō?) (IATA: NRT, ICAO: RJAA), atawa dipikawanoh ogé minangka Bandar Udara Internasional Tokyo-Narita atawa disingget Bandar Udara Narita, saacanna kawentar ku ngaran Bandar Udara Internasional Tokyo Baru (新東京国際空港 Shin Tōkyō Kokusai Kūkō?), nyaéta salah sahiji ti dua bandara internasional anu ngalayanan Wilayah Tokyo Raya salian ti Bandar Udara Internasional Haneda (HND). Ieu bandara perenahna kira-kira 60 kilometer wétaneun puseur kota Tokyo di Narita, Chiba.[2] Ieu bandara legana per Juli 2019 nyaéta 1.137 héktar sarta aya wacana pikeun dilegaan deui nepi ka 3.000 hektar engké jaga).[3]
Narita nyaéta bandara pangsibukna di Jepang dumasar lalu lintas panumpang jeung kargo internasional.[4] Di taun 2018, Narita ngalayanan 33,4 juta panumpang internasional sarta 2,2 juta ton kargo internasional.[5] Tuluy di taun 2018, Narita ogé jadi bandara pangsibukna kadua di Jepang dina perkara pergerakan pasawat (saenggeus Bandar Udara Hanéda di Tokyo)[6] sarta jadi hub transportasi udara pangsibukna ka-10 sadunya.[7] Landasan pacu utamana anu panjangna 4.000 meter jadi rékor landasan pacu pangpanjangna di Jepang, disusul landasan pacu di Bandar Udara Internasional Kansai di Osaka.[8] Narita nyaéta hub internasional utama pikeun maskapai Japan Airlines, All Nippon Airways, jeung Nippon Cargo Airlines, sarta jadi hub pikeun maskapai biaya leutik saperti Jetstar Japan jeung Peach.
Terminal
[édit | édit sumber]Terminal 1
[édit | édit sumber]Terminal 1 ngagunakeun disain terminal satelit anu dibagi jadi Jangjang Kalér (北ウイング, kita-uingu), Gedong Tengah (中央ビル, chūō-biru), sarta Jangjang Kidul (南ウイング, minami-uingu). Dua terminal satelit ngabuleud, Satelit 1 (gerbang 11–18) jeung 2 (gerbang 21–24), nyambung ka Jangjang Kalér. Satelit 3 jeung 4 (gerbang 26–38 jeung gerbang 41–47) ngawangun hiji concourse liniér anu nyambung ka Gedong Tengah. Satelit 5 (gerbang 51–58) nyambung ka Jangjang Kidul. Wangunan ieu terminal boga rohangan anu legana 463.000 m2 dan dilengkapi dengan 40 gerbang.[9]
Prosés check-in aya di lantai opat, sedengkeun kaberangkatanjueng kontrol imigrasi aya di lantai tilu. Panumpang anu kaluar ti imigrasi di lantai dua, tuluy nyokot bagasi sarta keluar ti béa cukai di lantai hiji. Lolobana toko jeung réstoran aya di lantai opat Gedong Tengah. Jangjang Kidul boga mol bébas béa anu katelahna "Narita Nakamisé", salah sahiji mérek butik bébas béa panggedéna di Jepang.
Jangjang Kalér jadi terminal pikeun maskapai SkyTeam ti taun 2007.[10] Maskapai lianna anu aya di Jangjang Kalér nyaéta Aéro Mongolia, Aircalin, Aurora Airlines, China Southern Airlines, El Al, Étihad Airways, Hong Kong Airlines, Jin Air, Peach Aviation (ruteu internasional), Royal Brunei Airlines, Sichuan Airlines, WestJet, jeung Zipair Tokyo.[11]
Jangjang Kidul jeung Satelit 5 dibuka di bulan Juni 2006 minangka terminal pikeun maskapai Star Alliance. Pangwangunan Jangjang Kidul méakkeun waktu ampir sadékadeu sarta leuwih ti dua kali legana lantai Terminal 1.[12] Kiwari, ampir sakabéh anggahota Star Alliance, kaasup All Nippon Airways (ruteu doméstik) lokasina di bagian ieu, bareng jeung Air Busan, Air Seoul, Scoot, Shandong Airlines, sarta Uzbekistan Airways.[11]
Terminal 2
[édit | édit sumber]
Terminal 2 dibuka di taun 1992 sarta dibagi jadi hiji Gedong Utama (本館, honkan) jeung Gedong Satelit (サテライト, sateraito), anu dunanana dirancang di sabudeureun concourse liniér. Duanana kasambung ku Terminal 2 Shuttle System, anu dirancang ku Japan Otis Elevator sarta jadi people mover berpenggerak kabel anu munggaran di Jepang. Jalan satapak anyar antara wangunan utama jeung satelit mulai dibuka di tanggal 27 Séptémber 2013, sarta sistem anteur-jemput disetop.[13] Terminal 2 bisa nampung pasawat gedé saperti Airbus A380 jeung Boeing 747-8. Terminal 2 legana 391.000 m2 jeung 32 gerbang.[9]
Terminal 2 boga mol bébas béa anu disebut "Narita 5th Avenue [JA]", mol bébas béa panggedéna di Jepang.
Pikeun penerbangan doméstik, tilu gerbang (65, 66, jeung 67) di Gedong Utama nyambung ka aréa kaberangkatan utama sarta ka fasilitas check-in doméstik anu misah. Panumpang anu pindah antara penerbangan doméstik jeung internasional kudu kaluar ti aréa gerbang, leumpang ka aréa check-in lianna, tuluy check-in pikeun penerbangan saenggeusna.
Japan Airlines kiwari jadi maskapai utama di Terminal 2. Terminal ieu geus jadi puseur sakabéh maskapai OneWorld di Narita ti taun 2010.[14] Babaraha maskapai lianna ogé maké ieu terminal, di antarana maskapai SkyTeam nyaéta China Airlines jeung China Eastern Airlines, sarta maskapai Star Alliance nyaéta Air India, sarta mitra panyambung nyaéta Juneyao Air, jeung maskapai non-afiliasi saperti Air Macau, Air Premia, Bamboo Airways, Batik Air Malaysia, Cebu Pacific, Eastar Jet, Emirates, Fly Gangwon, Greater Bay Airlines, Hainan Airlines, MIAT, Nepal Airlines, Pakistan International Airlines, Philippine Airlines, Starlux Airlines, Thai AirAsia X, Tigerair Taiwan, T'way Air, jeung VietJet.[11]
Terminal 3
[édit | édit sumber]
Terminal 3 nyaéta terminal pikeun maskapai biaya murah sarta dibuka tanggal 8 April 2015. Perenahna 500 m kaléreun Terminal 2 sarta boga kapasitas 50.000 penerbangan per taun. Terminal anyar ieu maké stiker panunjuk arah tibatan papan panunjuk arah anu jéntré, atawa maké gerbang outdoor jeung airstair tibatan garbarata, ieu sangkan ngurangan waragad fasilitas pikeun maskapai sarta penumpang kira-kira 40% di penerbangan internasional, sarta 15 % di penerbangan domestik. Taisei Corporation dibéré kontrak ¥11,2 miliar pikeun ngawangun gedong terminal dina Januari 2013.[15] Ieu bandara ogé ngawangun palataran pasawat anyar husus maskapai biaya murah di kaléreun terminal, sarta lima slot parkir tambahan pikeun Airbus A320 jeung pasawat anu ukuranna sarua.[16]
Jéju Air, Jetstar, Jetstar Japan, Spring Airlines, jeung Spring Japan aya di Terminal 3.[11] Terminal ieu ogé mibanda pujasera 24 jam, anu jadi pujasera bandara panggedéna di Jepang, sarta tempat ibadah babaraha agama. Ieu terminal diwangun kalawan waragad ¥15 miliar sarta ngawengku 66.000 m2 rohangan lantai.[17][9]
Maskapai
[édit | édit sumber]Panumpang
[édit | édit sumber]
Kargo
[édit | édit sumber]- AeroLogic

- Air China Cargo

- Air France Cargo

- Air Hong Kong

- Air Incheon

- ANA Cargo

- Asiana Cargo

- Atlas Air

- Cargojet

- Cargolux

- Cargolux Italia

- Cathay Cargo

- Central Airlines

- China Airlines Cargo

- China Cargo Airlines

- China Postal Airlines

- DHL Aviation

- Emirates SkyCargo

- EVA Air Cargo

- FedEx Express

- Garuda Cargo

- JALCargo

- Jeju Air Cargo

- Kalitta Air

- KLM Cargo

- Korean Air Cargo

- Longhao Airlines

- Lufthansa Cargo

- MASkargo

- MSC Air Cargo

- Nippon Cargo Airlines

- Polar Air Cargo

- Qatar Airways Cargo

- SF Airlines

- Silk Way West Airlines

- Singapore Airlines Cargo

- Spring Airlines Japan

- UPS Airlines

- Western Global Airlines

- YTO Cargo Airlines

Tingali ogé
[édit | édit sumber]Bandar Udara Internasional Tokyo
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ "NARITA AIRPORT TRAFFIC STATISTICS -2022(JAN-DEC)" (PDF; 578 KB). naa.jp (Dina basa Inggris). Narita International Airport Corporation. 2023-01-26. Diaksés tanggal 2023-02-09.
- ↑ "Location | NARITA INTERNATIONAL AIRPORT CORPORATION". web.archive.org. 2014-12-02. Diaksés tanggal 2024-01-11.
- ↑ "Layout, Main Facilities | NARITA INTERNATIONAL AIRPORT CORPORATION". www.naa.jp. Diaksés tanggal 2024-01-11.
- ↑ [https://web.archive.org/web/20091230102938/http://www.mlit.go.jp/koku/15_hf_000032.html "Narita International Airport - ���y��ʏ�"]. web.archive.org. 2009-12-30. Diaksés tanggal 2024-01-11.
- ↑ "航空:空港管理状況 - 国土交通省". web.archive.org. 2020-04-30. Diaksés tanggal 2024-01-11.
- ↑ "航空:空港管理状況 - 国土交通省". web.archive.org. 2020-04-30. Diaksés tanggal 2024-01-11.
- ↑ "ACI reveals top 20 airports for passenger traffic, cargo, and aircraft movements - ACI World". web.archive.org. 2020-05-25. Diaksés tanggal 2024-01-11.
- ↑ "Notice of URL change |JAXA Earth Observation Research Center (EORC)". www.eorc.jaxa.jp. Diaksés tanggal 2024-01-11.
- ↑ a b c "成田空港の施設" (PDF). Narita International Airport Corporation.
- ↑ "Delta In The News | Delta News Hub". news.delta.com (Dina basa Inggris). 2024-01-10. Diaksés tanggal 2024-01-11.
- ↑ a b c d "Airline information". NARITA INTERNATIONAL AIRPORT OFFICIAL WEBSITE (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2024-01-11.
- ↑ Shimizu, Kaho (2006-06-03). "Narita South Wing open". The Japan Times (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2024-01-11.
- ↑ "成田空港に新連絡通路が完成". 日本経済新聞 (Dina basa Jepang). 2013-09-21. Diaksés tanggal 2024-01-11.
- ↑ "British Airways' Narita Move Brings All Oneworld Airlines Together in T2". www.airlinesanddestinations.com (Dina basa Inggris Amerika). Diaksés tanggal 2024-01-11.
- ↑ "Narita International Airport Corporation awards contracts for LCC terminal | CAPA". centreforaviation.com. Diaksés tanggal 2024-01-11.
- ↑ "成田空港、LCC専用駐機場整備 17年3月完成目指す". Aviation Wire (Dina basa Jepang). Diaksés tanggal 2024-01-11.
- ↑ "成田空港、新ターミナル公開 4月8日利用開始". 日本経済新聞 (Dina basa Jepang). 2015-03-25. Diaksés tanggal 2024-01-11.