Lompat ke isi

Bandar Udara Internasional Tokyo

Koordinat: 35°33′12″N 139°46′52″E / 35.55333°N 139.78111°E / 35.55333; 139.78111
Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Bandar Udara Internasional Tokyo
Bandar Udara Hanéda

東京国際空港
Tōkyō Kokusai Kūkō

羽田空港
Haneda Kūkō

IATA: HND – ICAO: RJTT
Ringkesan
Tipe bandara Publik
Nu boga/Operator Kementerian Pertanahan, Infrastruktur, Transportasi dan Pariwisata
Ngalayanan Tokyo Raya
Lokasi Ōta, Tokyo, Jepang
Luhur AMSL 6 m / 21 ft
Koordinat 35°33′12″N 139°46′52″E / 35.55333°N 139.78111°E / 35.55333; 139.78111
Ramat loka www.tokyo-haneda.com/en
Landasan pacu
Arah Panjang Bahan
m ft
16R/34L 3,000 9,843 Aspal beton
16L/34R 3,360 11,024 Aspal beton
04/22 2,500 8,202 Aspal beton
05/23 2,500 8,202 Aspal beton
Statistik (2023)
Nomer Panumpang 78,719,302
Sumber:[1]
Lapangan Terbang Haneda, tahun 1937

Bandar Udara Internasional Tokyo (東京国際空港 Tōkyō Kokusai Kūkō?) atawa katelahna Bandar Udara Hanéda (羽田空港 Haneda Kūkō?) (IATA: HNDICAO: RJTT), sakapeung sok disebut ogé Tokyo-Haneda, nyaéta salah sahiji ti dua bandar udara anu ngalayanan Tokyo Raya, Jepang. Ieu bandara perenahna di Ōta, Tokyo, 14 km kiduleun Stasion Tokyo. Ngaran Bandara Hanéda leuwih kawentar tibatan Bandar Udara Internasional Tokyo, ku sabab sangkan béda ti Bandara Internasional Narita anu kungsi diaranan "Bandara Internasional Tokyo Anyar" (New Tokyo International Airport) nepi ka taun 2004.

Hanéda ngalayanan ampir kabéh penerbangan ka jeung ti Tokyo, sedengkeun Bandar Udara Internasional Narita ngalayanan sawaréh penerbangan internasional. Di taun 2010, terminal internasional dibuka di Hanéda bareng jeung bérésna pangwangunan landas pacu kaopat. Dibukana terminal internasional di Hanéda ngajadikeun frekuénsi penerbangan internasional ngaronjat drastis anu saacanna ngan ngalayanan penerbangan "carter berjadwal" ka Seoul, Shanghai, Hong Kong, jeung Taipei. Pamaréntah Jepang masih boga rencana mengembangkan peran internasional Hanéda engké jaga.[2]

Hanéda ngalayanan 64.211.074 panumpang di taun 2010. Dumasar total panumpang, Hanéda jadi bandara pangsibukna kadua di Asia sakaligus bandara pangsibukna kalima sadunya saenggeus Bandar Udara Hartsfield-Jackson Atlanta, Bandar Udara Internasional Ibu Kota Béijing, Bandara Chicago O'Hare, jeung Bandar Udara London Heathrow. Lamun Hanéda jeung Narita dihijikeun, mangka Tokyo boga sistem bandara kota panggedéna katilu sadunya, saenggeus London jeung New York City.

Hanéda jadi basis utama dua maskapai penerbangan doméstik Jepang, Japan Airlines (Terminal 1) jeung All Nippon Airways (Terminal 2), katambah ku maskapai biaya murah Hokkaido International Airlines, Skymark Airlines, Skynet Asia Airways, jeung StarFlyer.

Dina ForbesTraveller.com édisi Désémber 2009, Bandara Hanéda kaaku jadi bandara paling tepat waktu sadunya salila dua taun tuluy, 94,3% ti penerbanganna indit tepat waktu sarta 88,6% nepi tepat waktu.[3]

Terminal

[édit | édit sumber]
Pamandangan fasilitas bandara jeung terminal. Pusat kargo JAL jeung ANA aya di pangkéncana. Di beulah kanan pusat kargo aya Observatorium Cuaca Bandara Tokyo anu dioperasikeun ku Badan Météorologi Jepang. Gedong Kantor 2 Bandara Internasional Tokyo aya di katuhuna. Munara jangkung warna bodas nyaéta munara pemandu lalu lintas udara. Gedong Parkir Nomer 2 aya di beulah katuhu munara pemandu lalu lintas udara. Terminal 1 aya di katuhueun gedong parkir. Terminal 2 aya di tukangeun Terminal 1 anu matak teu katempo ti dieu. Di katuhu Terminal 1 aya pusat pamiaraan JAL. Gedong terminal internasional katempo di pangkatuhuna dina ieu poto.

Terminal 1

[édit | édit sumber]

Terminal 2

[édit | édit sumber]

Terminal Internasional

[édit | édit sumber]
Terminal Internasional

Maskapai Penerbangan jeung Tujuan

[édit | édit sumber]
AirlinesDestinations
AirAsia X Kuala Lumpur–Internasional
Air Canada Toronto–Pearson
Air China Beijing–Ibu Kota
Air Do Asahikawa, Hakodate, Kushiro, Memanbetsu, Obihiro, Sapporo–Chitosé
Air France Paris–Charles de Gaulle
All Nippon Airways Akita, Bangkok–Suvarnabhumi, Beijing–Ibu Kota, Chicago–O'Hare, Delhi, Frankfurt, Fukuoka, Guangzhou, Hachijojima, Hakodate, Hiroshima, Hong Kong, Houston–Interkontinental, Honolulu, Ishigaki, Iwakuni, Iwami, Jakarta–Soekarno–Hatta, Kagoshima, Kobe, Kōchi–Ryoma, Komatsu, Kota Ho Chi Minh, Kuala Lumpur–Internasional, Kumamoto, Kushiro, London–Heathrow, Los Angeles, Matsuyama, Manila, Milan–Malpensa, Miyako, Miyazaki, Monbetsu, Munich, Nagasaki, Naha, Nakashibetsu, New York–JFK, Odate–Noshiro, Ōita, Okayama, Osaka–Itami, Osaka–Kansai, Paris–Charles de Gaulle, Qingdao, Saga, San Francisco, Sapporo–Chitosé, Seattle/Tacoma, Seoul–Gimpo, Shanghai–Hongqiao, Shanghai–Pudong, Shenzhen, Shonai, Singapura, Sydney, Taipei–Songshan, Takamatsu, Tokushima, Tottori, Toyama, Ube, Vancouver, Wina, Wajima, Wakkanai, Washington–Dulles, Yonago
American Airlines Dallas/Fort Worth, Los Angeles
ANA Wings Nagoya–Centrair
Asiana Airlines Seoul–Gimpo, Seoul–Incheon
British Airways London–Heathrow
Cathay Pacific Hong Kong
China Airlines Taipei–Songshan
China Eastern Airlines Beijing–Daxing, Shanghai–Hongqiao, Shanghai–Pudong
China Southern Airlines Beijing–Daxing, Guangzhou
Delta Air Lines Atlanta, Detroit, Honolulu, Los Angeles, Minneapolis/St. Paul, Seattle/Tacoma
Emirates Dubai–Internasional
EVA Air Taipei–Songshan
Finnair Helsinki
Garuda Indonesia Jakarta–Soekarno–Hatta
Hawaiian Airlines Honolulu, Kailua–Kona
HK Express Hong Kong
ITA Airways Roma–Fiumicino
Japan Airlines Akita, Amami Ōshima, Aomori, Asahikawa, Bangkok–Suvarnabhumi, Beijing–Ibu Kota, Dalian, Dallas/Fort Worth, Delhi, Doha, Fukuoka, Guangzhou, Hakodate, Helsinki, Hiroshima, Hong Kong, Honolulu, Ishigaki, Izumo, Kagoshima, Kitakyūshū, Kōchi–Ryoma, Komatsu, Kota Ho Chi Minh, Kumamoto, Kushiro, London–Heathrow, Los Angeles, Manila, Matsuyama, Memanbetsu, Misawa, Miyako, Miyazaki, Nagasaki, Nagoya–Centrair, Naha, New York–JFK, Obihiro, Ōita, Okayama, Osaka-Itami, Osaka-Kansai, Paris–Charles de Gaulle, San Francisco, Sapporo–Chitosé, Seoul–Gimpo, Shanghai–Hongqiao, Shanghai–Pudong, Shirahama, Singapura, Taipei–Songshan, Takamatsu, Tokushima, Ube, Yamagata
Juneyao Airlines Shanghai–Pudong
Korean Air Seoul–Gimpo, Seoul–Incheon
Lufthansa Frankfurt, München
Malaysia Airlines Kuala Lumpur–Internasional
Peach Seoul–Incheon, Shanghai–Pudong, Taipei–Taoyuan
Philippine Airlines Manila
Qantas Sydney
Shanghai Airlines Shanghai–Hongqiao, Shanghai–Pudong
Singapore Airlines Singapura
Skymark Airlines Fukuoka, Kagoshima, Kobe, Naha, Sapporo–Chitosé, Shimojishima
Solaseed Air Kagoshima, Kumamoto, Miyazaki, Nagasaki, Naha, Ōita
Spring Airlines Shanghai–Pudong
StarFlyer Fukuoka, Kitakyūshū, Osaka–Kansai, Ube
Thai Airways International Bangkok–Suvarnabhumi
Tianjin Airlines Tianjin
Tigerair Taiwan Taipei–Taoyuan
Turkish Airlines Istanbul
United Airlines Chicago–O'Hare, Los Angeles, Newark, San Francisco, Washington–Dulles
VietJet Air Da Nang, Kota Ho Chi Minh
Vietnam Airlines Hanoi
Virgin Australia Cairns

Statistik

[édit | édit sumber]
Lalu lintas panumpang dumasar tahun kalénder
Taun Panumpang Total pendaratan Volumeu kargo (ton) Pos (kg)
1997 (Héiséi 9) 49.302.268 109.593 583.912 112.584.991
1998 (Héiséi 10) 51.240.704 118.214 586.144 107.047.595
1999 (Héiséi 11) 54.338.212 121.059 615.108 109.222.690
2000 (Héiséi 12) 56.402.206 128.197 656.710 113.038.970
2001 (Héiséi 13) 58.692.688 135.202 609.460 115.665.106
2002 (Héiséi 14) 61.079.478 141.337 592.833 114.467.148
2003 (Héiséi 15) 62.876.182 149.456 613.589 109.147.365
2004 (Héiséi 16) 62.291.405 152.673 651.422 122.694.123
2005 (Héiséi 17) 63.303.843 154.540 672.465 126.206.582
2006 (Héiséi 18) 66.089.277 162.025 700.284 136.980.848
2007 (Héiséi 19) 66.823.414 165.909 719.895 132.451.925
2008 (Héiséi 20) 66.707.213 169.806 772.617 76.787.209
2009 (Héiséi 21) 61.934.302 167.858 733.178 56.673.002
2010 (Héiséi 22) 64.211.074 171.402 818.806 -
Sumber: Civil Aviation Bureau; Ministry of Land, Infrastructure, Transport and Tourism (1997–2006,[4] 2007–09[5])
Sumber: Airports Council International 2010 (Pendaratan (landing) = movement / 2)[6])


Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. "stats".
  2. "Tokyo Haneda's new runway and terminal welcome more international services; almost 50 domestic routes served". anna.aero airline route news & analysis. 20 October 2010.
  3. Koyen, Jeff (9 September 2009). "World's most on-time airports". The Age. Melbourne.
  4. "暦年・年度別空港管理状況調" (PDF). Civil Aviation Bureau; Ministry of Land, Infrastructure, Transport and Tourism. Diarsipkeun ti asli (PDF) tanggal 2012-01-25. Diaksés tanggal 27 March 2011. Archived 2012-01-25 di Wayback Machine
  5. "暦年・年度別空港管理状況調" (PDF). Civil Aviation Bureau; Kementerian Pertanahan, Infrastruktur, Perhubungan dan Pariwisata. Diarsipkeun ti asli (PDF) tanggal 2012-01-25. Diaksés tanggal 27 March 2011. Archived 2012-01-25 di Wayback Machine
  6. "Annual Traffic Data". Airports Council International. Diaksés tanggal 9 October, 2011.