Bangbara

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Bangbara
Bangbara Éropah (jalu X. violacea) keur nyeuseup sari kembang
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Subordo:
Superfamili:
Kulawarga:
Subfamili:
Tribus:
Xylocopini
Génus:
Xylocopa

Latreille, 1802
Spésiés

baca téks

Bangbara (genus Xylocopa dina subfamili Xylocopinae) nyaéta nyiruan gedé, buluan awakna biasana hideung meles atawa wulung nu sumebar di sakuliah dunya.[1] Aya kira 500 spésiés bangbara dina 31 subgenera[2]. Dina basa Inggris, ieu gegeremet dingaranan carpenter bee ku sabab ampir kabéhanana ngaliang dina kai paéh, awi, atawa tihang (iwal subgenus Proxylocopa nu nyayang dina taneuh).

Ciri[édit | édit sumber]

X. tabaniformis jalu keur nyeuseup néktar

Sababaraha spésiés bangbara hirup saliang jeung anak atawa dulurna sasama bikang. Najan ngaliangan kai, tapi bangbara teu ngabalukarkeun karuksakan anu parna ku sabab liangna déét. Bangbara kawilang penting pikeun penyerbukan sababaraha jenis tutuwuhan kembangan.

Di Indonésia, sahanteuna ya dua spésiés bangbara: Xylocopa confusa jeung X. aerulea[3].

Paripolah[édit | édit sumber]

Bangbara bikang dina sayangna

Sacara umum, bangbara kaasup nu hirupna solitér, najan aya sababaraha spésiés nu nyayang babarengan atawa sayangna padeukeut. Mun aya sababaraha bikang sasayang, biasana sok aya babagi tugas: nu hiji ngajaga sayang, nu séjénna liar. Bangbara nyieun sayang ku cara ngaliang dina kai. Lawang asupna hiji, tapi ka jerona bisa nyagak. Bubuk kai urut ngaliang, lian ti dipiceun, ogé dipaké pikeun nyieun pinding antar sél. Liang dipaké sayang pikeun anak-anakna jeung pikeun neundeun néktar. Endogna kaitung badag dibandingkeun jeung bikangna, sarta minangka endog pangbadagna ti bangsa gegeremet.

Cara kawin bangbara aya dua rupa, nu bisa ditengetan ti conto jalu ti masing-masing spésiés. Jalu nu panonna badag kawinna ku cara néang bikangna atawa nunggu bikang nu ngaliwat. Nu hiji deui, hulu jaluna leutik, tapi dina mésosomana nyendul kelenjar nu ngaluarkeun féromon. Ieu zat kimia nu sumebar dina hawa téh bakal ngirut bikangna sangkan ngadeukeutan[4].

Tempo ogé[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Luthfiyani, Lulu (2017). Kamus Genggam Bahasa SundaLuthfiyani. Yogyakarta: FRASA LINGUA. p. 39. ISBN 9786026475275.  Disungsi12 Januari 2023
  2. Minckley, R.L. 1998. A cladistic analysis and classification of the subgenera and genera of the large carpenter bees, tribe Xylocopini (Hymenoptera: Apidae). Scientific Papers, Natural History Museum, University of Kansas 9:1–47
  3. Lebah dan tawon penyerbuk di hutan tropis basah Taman Nasional Gunung Halimun dan distribusinya di Indonesia[tumbu nonaktif]
  4. Minckley, R.L., Buchmann, S.L., Wcislo, W.T. 1991. Bioassay evidence for a sex attractant pheromone in the large carpenter bee, Xylocopa varipuncta (Anthophoridae: Hymenoptera). J. Zool. Soc. London 224: 285–291

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]