Banténg Sawarga

Dina mitologi Mésopotamia kuno, Banténg Sawarga nyaéta sato mitologis nu ditarung ku Raja Uruk, Gilgamesh. Carita ngeunaan Banténg Sawarga dipikawanoh tina dua vérsi nu béda: hiji kacatet dina sajak Suméria nu leuwih ti heula sarta hiji épisodeu nu leuwih pandeuri dina basa Babul Baku (hiji dialék sastra tina Akkadia) dina Wiracarita Gilgamesh. Dina sajak Suméria, éta Banténg dikirim pikeun nyerang Gilgamesh ku déwi Inanna pikeun alesan nu can puguh.
Riwayat Akkadia nu leuwih lengkep asalna tina Lempéngan VI Wiracarita Gilgamesh, di mana Gilgamesh nolak pangajak sapatemon ti déwi Ishtar, padanan Sémit Wétan pikeun Inanna, nu ngalantarankeun Ishtar murka tuluy ménta Banténg Sawarga ti ramana, Anu, sangkan éta banténg bisa dikirim pikeun nyerang Gilgamesh di Uruk. Anu masrahkeun éta Banténg ka dirina lajeng dikirimkeun pikeun nyerang Gilgamesh katut sobatna, sang pahlawan Enkidu, nu antukna ngabinasakeun éta Banténg babarengan.
Sanggeus ngéléhkeun éta Banténg, Enkidu ngalungkeun pingping katuhu banténg ka Ishtar, bari ngécé ka dirina. Dipinbinasakeunana éta Banténg ngalantarankeun para déwa nibankeun hukuman pati ka Enkidu, hiji kajadian nu ngageuing rasa sieun Gilgamesh kana patina sorangan, nu mangrupa pangjurung eusi carita sésana tina ieu wiracarita. Éta Banténg dipapandékeun kana rasi béntang Taurus jeung mitos dipaéhanana téh sigana mibanda harti astronomis pikeun masarakat Mésopotamia kuno. Sawatara aspék tina ieu carita geus dibandingkeun jeung carita-carita ti Wétan Deukeut kuno dina mangsa-mangsa sanggeusna, kaasup legénda-legénda ti Ugarit, carita Yusuf dina Kitab Kajadian, sarta bagéan-bagéan tina wiracarita Yunani kuno, nyaéta Iliad jeung Odyssey.
Mitologi
[édit | édit sumber]Gilgamesh jeung Banténg Sawarga
[édit | édit sumber]Dina sajak Suméria Gilgamesh jeung Banténg Sawarga, Gilgamesh jeung Enkidu ngabinasakeun Banténg Sawarga, nu geus diutus pikeun nyerang maranéhna ku déwi Inanna, padanan Suméria pikeun Ishtar.[2][3][4] Alur ieu sajak boga bédana nu cukup badag tina adegan nu patali dina Wiracarita Gilgamesh Akkadia nu leuwih pandeuri.[3] Dina sajak Suméria, Inanna katempona henteu mikahoyong Gilgamesh pikeun jadi pibojoeunana kawas nu dilakonan ku manéhna dina wiracarita Akkadia engkéna.[3] Lian ti éta, nalika manéhna maksa ramana An pikeun masrahkeun Banténg Sawarga, batan ngancam bakal ngahudangkeun nu geus maot sangkan ngahakan nu hirup kawas dina wiracarita nu leuwih pandeuri, manéhna ngan saukur ngancam bakal ngaluarkeun "panggorowok" nu bakal nepi ka bumi.[3]
Wiracarita Gilgamesh
[édit | édit sumber]Dina Lempéngan VI tina Wiracarita Gilgamesh Akkadia baku, sanggeus Gilgamesh nolak pangajak sapatemon manéhna, Ishtar indit ka Sawarga, di mana manéhna ngadu ka ibuna Antu katut ramana Anu.[5] Manéhna maksa sangkan Anu masrahkeun Banténg Sawarga[2][6] tur ngancam yén, lamun ramana nolak, manéhna bakal ngancurkeun gapura-gapura Alam Baka sarta ngahudangkeun nu maot pikeun ngahakan nu hirup.[7] Mimitina Anu nolak kana paménta Ishtar, negeskeun yén Banténg Sawarga kacida ngaruksakna tur lamun dileupaskeun bakal ngabalukarkeun kalaparan salila tujuh taun.[7][6] Ishtar némbalan yén manéhna geus numpuk gandum nu cukup keur sakumna jalma jeung sasatoan pikeun tujuh taun ka hareup.[7][6] Antukna, Anu kalayan beurat haté sapuk pikeun masrahkeun éta banténg ka Ishtar, lajeng ku manéhna dileupaskeun ka marcapada, nepi ka ngabalukarkeun ruksakna dunya nu pohara.[2][7]
Hiliwir napas munggaran éta Banténg nyiptakeun liang dina taneuh nu kacida legana nepi ka saratus lalaki tigebruk ka jerona, sedengkeun napas kaduana nyiptakeun liang nu leuwih badag deui, nu ngajebak dua ratus lalaki lianna.[7] Gilgamesh jeung Enkidu digawé bareng pikeun ngabinasakeun éta Banténg;[2][7][6] Enkidu nyampeurkeun ka tukangeun Banténg tuluy metot buntutna[7] sedengkeun Gilgamesh nubleskeun pedangna kana beuheung Banténg, nepi ka paéhna.[7] Gilgamesh katut Enkidu masrahkeun jajantung éta Banténg minangka kurban ka déwa panonpoé Shamash.Citakan:Snf[8] Nalika Gilgamesh jeung Enkidu keur ngaso, Ishtar nangtung di luhur témbok Uruk lajeng nibankeun supata ka Gilgamesh.Citakan:Snf[8][7] Enkidu nyempal pingping katuhu éta Banténg sarta ngalungkeunana kana beungeut Ishtar.Citakan:Snf[8][7][6]
Ishtar ngumpulkeun "para wanoja panglipur jeung awéwé tuna susila"Citakan:Snf lajeng miwarang maranéhna pikeun nyeungceurikan Banténg Sawarga.Citakan:Snf[8] Samentawis éta, Gilgamesh ngalaksanakeun kariaan pikeun ngarayakeun diéléhkeunana Banténg Sawarga.Citakan:Snf[8] Lempéngan VII dimimitian ku Enkidu nu nyaritakeun impianana, di mana manéhna ningali Anu, Ea, jeung Shamash nétélakeun yén boh Gilgamesh atawa Enkidu kudu maot minangka hukuman pédah geus ngabinasakeun Banténg Sawarga.[2] Éta para déwa milih Enkidu, nu teu lila ti harita gering ngalanglayung,[2] sarta maot sanggeus ngimpikeun ngeunaan Alam Baka.[2] Lempéngan VIII ngagambarkeun kasedih Gilgamesh nu taya hinggana ku alatan pupusna sobatna[2][8] katut rincian ngeunaan upacara pamakaman Enkidu.[2] Maotna Enkidu jadi cukang lantaran mucunghulna rasa sieun Gilgamesh kana patina sorangan, nu mangrupa puseur implengan dina eusi carita sésana tina éta wiracarita.[6]
Pralambang jeung panggambaran
[édit | édit sumber]
Loba panggambaran ngeunaan dibinasakeunana Banténg Sawarga nu kapanggih dina karya-karya seni Mésopotamia kuno nu masih kénéh aya tepi ka kiwari.[6] Panggambaran ieu biasana remen pisan kapanggih dina stémpél silinder ti Kakaisaran Akkadia (c. 2334 – 2154 SM).[6] Ieu hal némbongkeun kalayan céspléng yén éta Banténg téh digambarkeun mangrupa banténg nu ukuranana luar biasa badag katut galakna nu pohara. Najan kitu, can pati eces naon saéstuna anu dipralambangkeun ku Banténg Sawarga téh. Pakar Asiriologi Jeremy Black jeung Anthony Green niténan yén Banténg Sawarga dipapandékeun kana rasi béntang Taurus[2] sarta méré pamanggih yén alesan naha Enkidu ngalungkeun pingping banténg ka Ishtar dina Wiracarita Gilgamesh sanggeus ngéléhkeunana sigana mangrupa tarékah pikeun nerangkeun pangna éta rasi béntang katempona siga nu leungiteun bagéan awak tukangna.[2]
Gordon jeung Rendsburg nyatet yén pamanggih ngeunaan ngalungkeun suku banténg ka hiji jalma "minangka panyawad nu kacida hinana" geus kabukti di sabudeureun wewengkon géografis nu lega di Wétan Deukeut kuno[6] jeung éta hal téh mucunghul deui dina Odyssey, hiji sajak wiracarita Yunani kuno.[6] Sawatara sarjana nganggap Banténg Sawarga mangrupa tokoh nu sarua jeung Gugalanna, carogé Ereshkigal nu disebutkeun ku Inanna dina Turunna Inanna ka Alam Baka.[9]
Pangaruh kana carita-carita sanggeusna
[édit | édit sumber]
Cyrus H. Gordon katut Gary A. Rendsburg nyatet yén motif Wétan Deukeut ngeunaan kalaparan tujuh taun nuturkeun maotna hiji pahlawan geus dibuktikeun dina mitos Ugarit ngeunaan maotna Aqhat[6] sarta téma ngeunaan saurang jalma nu ngaramalkeun kalaparan tujuh taun saméméhna sarta numpuk pibekeleun kapanggih ogé dina carita Ibrani ngeunaan Yusuf tina Kitab Kajadian,[6] jeung dina ayat 47-48 tina Surah Yusuf dina Al-Qur'an.[10]
Dumasar kana pamanggih sarjana klasik asal Jerman Walter Burkert, adegan di mana Ishtar seba ka Anu pikeun ménta Banténg Sawarga sanggeus ditolak ku Gilgamesh, sajalan sacara langsung jeung adegan tina Kitab V Iliad.[5] Dina Wiracarita Gilgamesh, Ishtar ngadu ka ibuna Antu, tapi narima panyawad nu lemes ti Anu.[5] Dina adegan tina Iliad, Afrodit, pamekaran Ishtar dina mitologi Yunani engkéna, tatu ku pahlawan Yunani Diomedes nalika nyoba nyalametkeun putrana Aéneas.[5] Manéhna kabur ka Gunung Olympus, tuluy ceurik ngadu ka ibuna Dione, sarta diécé ku sadérék istrina Athena, lajeng narima panyawad nu lemes ti ramana Zeus.[5] Henteu ukur kasaruaan narasina anu penting,[5] tapi ogé kasunyatan yén ngaran Dione téh mangrupa wangun wanoja ti Zeus sorangan, cékas kawas Antu nu mangrupa wangun wanoja ti Anu.[5] Dione henteu mucunghul deui di sapanjang sésa carita Iliad, nu mana prameswari Zeus téh kalahka déwi Hera.[5] Ku kituna, Burkert narik kacindekan yén Dione téh mangrupa calque ti Antu.[5]
Sarjana klasik asal Inggris Graham Anderson nyatet yén, dina Odyssey, prajurit andahan Odysseus maéhan sapi-sapi suci Hélios lajeng ditibankeun hukuman pati ku para déwa kusabab éta alesan, saenyana mirip pisan jeung Enkidu dina Wiracarita Gilgamesh.[11] M. L. West nétélakeun yén kamiripanana ngocor leuwih jero batan ukur kasunyatan yén, dina dua kajadian éta, mahluk nu dipaéhan téh mangrupa sato bangsa sapi nu luput tina maot sacara alamiah.[12] Dina dua kajadian éta, jalma atawa jalma-jalma nu dihukum pati mangrupa sobat sang pahlawan, nu mana maotna éta maranéhna téh maksa sang pahlawan pikeun neruskeun lalampahanananyorangan.[12] Anjeunna ogé nyatet yén, dina dua kajadian éta, wiracarita ngagambarkeun badami di antara para déwa ngeunaan naha jalma nu boga salah kudu maot atawa henteu[12] katut ancaman Hélios ka Zeus upama anjeunna henteu males kanyeri kana dibantéyna sapi-sapi éta dina Odyssey pohara miripna jeung ancaman Ishtar ka Anu nalika manéhna méré paménta pikeun masrahkeun éta Banténg dina Wiracarita Gilgamesh.[12]
Bruce Louden ngabandingkeun pangécé Enkidu ka Ishtar sapandeurieun pisan ngabinasakeun Banténg Sawarga kana pangécé Odysseus ka buta Polifémus dina Kitab IX tina Odyssey.[13] Dina dua kajadian éta, kagumedéan sang pahlawan sorangan sanggeus narima unggul nu nyata ngabalukarkeun hiji déwa nibankeun supata ka dirina.[13]
Rujukan
[édit | édit sumber]- 1 2 Powell 2012.
- 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 Black & Green 1992.
- 1 2 3 4 Tigay 2002.
- ↑ ETCSL 1.8.1.2
- 1 2 3 4 5 6 7 8 9 Burkert 2005.
- 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 Gordon & Rendsburg 1997.
- 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 Jacobsen 1976.
- 1 2 3 4 5 6 Fontenrose 1980.
- ↑ Pryke 2017.
- ↑ "Surah Yusuf - 47-48". Quran.com (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2023-09-21.
- ↑ Anderson 2000.
- 1 2 3 4 West 1997.
- 1 2 Louden 2011.
Pabukon
[édit | édit sumber]- Anderson, Graham (2000). Fairytale in the Ancient World. New York City, New York and London, England: Routledge. ISBN 978-0-415-23702-4.
- Black, Jeremy; Green, Anthony (1992), Gods, Demons and Symbols of Ancient Mesopotamia: An Illustrated Dictionary, The British Museum Press, ISBN 978-0714117058
- Burkert, Walter (2005), "Chapter Twenty: Near Eastern Connections", dina Foley, John Miles (éd.), A Companion to Ancient Epic, New York City, New York and London, England: Blackwell Publishing, ISBN 978-1-4051-0524-8
- Dalley, Stephanie (1989), Myths from Mesopotamia: Creation, the Flood, Gilgamesh, and Others, Oxford, England: Oxford University Press, ISBN 978-0-19-283589-5
- Fontenrose, Joseph Eddy (1980) [1959], Python: A Study of Delphic Myth and Its Origins, Berkeley, California, Los Angeles, California, and London, England: The University of California Press, ISBN 978-0-520-04106-6
- Gordon, Cyrus H.; Rendsburg, Gary A. (1997) [1953], The Bible and the Ancient Near East, New York City, New York and London, England: W. W. Norton & Company, ISBN 978-0-393-31689-6
- Jacobsen, Thorkild (1976), The Treasures of Darkness: A History of Mesopotamian Religion, New Haven, Connecticut and London, England: Yale University Press, ISBN 978-0-300-02291-9
- Louden, Bruce (2011), Homer's Odyssey and the Near East, Cambridge, England: Cambridge University Press, ISBN 978-0-521-76820-7
- Powell, Barry B. (2012) [2004], "Gilgamesh: Heroic Myth", Classical Myth (Édisi Seventh), London, England: Pearson, hlm. 336–350, ISBN 978-0-205-17607-6
- Pryke, Louise M. (2017), Ishtar, New York and London: Routledge, ISBN 978-1-138--86073-5
- Rice, Michael (1998), The Power of the Bull, New York City, New York and London, England: Routledge, ISBN 978-0-415-09032-2
- Tigay, Jeffrey H. (2002) [1982], The Evolution of the Gilgamesh Epic, Wauconda, Illinois: Bolchazzy-Carucci Publishers, Inc., ISBN 978-0-86516-546-5
- West, M. L. (1997), The East Face of Helicon: West Asiatic Elements in Greek Poetry and Myth, Oxford, England: Clarendon Press, ISBN 978-0-19-815221-7