Beberuk manuk

Beberuk manuk téh mangrupa kadaharan has Lombok, Nusa Tenggara Barat. Ieu kadaharan diwangun ku hayam bumbu nu digoréng lajeng dihidirkeun jeung sambel has Lombok, nya éta sambel Beberuk. Sambel beberuk téh salasahiji kuliner tradisional ti Lombok nu boga peran penting dina kahirupan sosial masarakat. Sambel ieu dijieunna tina cengek, tomat, tarasi, uyah, jeung gula, salain éta nu ngabédakeun ti sambel séjén téh nyaéta ayana kacang panyang sarta terong minangka tambahan dina sambel éta. Kadaharan ieu mineng dihidangkeun dina rupa-rupa acara kulawarga atawa patepungan sosial, sarta boga fungsi minangka panghubung antarjalma jeung lambang sauyunan.[1]
Cara nyieun sambel beberuk
[édit | édit sumber]Beberuk téh lalapan tradisional has Lombok, Nusa Tenggara Barat, nu bahan utamana tina iris-irisan tarong jeung kacang panjang anu disiram ku sambel tomat nepi ka ngahasilkeun rasa amis, pedas, haseum, jeung seger. Biasana ieu kadaharan dihidangkeun babarengan jeung hayam taliwang minangka pelengkap.[2]
Pikeun nyieun beberuk, biasana dipaké tilu siki terong ungu buleud, sapuluh kacang panjang nu dipotong kira-kira dua séntiméter, hiji buah tomat, hiji buah jeruk limau, jeung sakulébét séndok makan minyak goréng. Bumbu halusna diwangun ku bawang beureum, cabe beureum keriting, cabe rawit, bawang bodas, kencur, terasi bakar, gula pasir, jeung uyah.
Prosés nyieunna dimimitian ku ngumbah tarong jeung tomat nepi ka beresih, terus motong tarong dadu sapotong sapadaringan sakitar hiji séntiméter jeung motong tomat jadi dalapan bagian. Teruskeun nyusun potongan tarong, tomat, jeung kacang panjang dina piring saji. Bumbu halus nu geus dicampur jeung minyak goréng tuluy disiramkeun kana sayuran, teras ditambahkeun peresan jeruk limau pikeun méré rasa seger nu has.[3]
Harti kadaharan
[édit | édit sumber]Sambel beberuk téh salasahiji kuliner tradisional has Lombok anu ngantebkeun idéntitas rasa pedas ti éta pulo. Béda jeung sabagéan lolobana sambel Nusantara anu biasana ditumis atawa diasak heula, sambel beberuk mah dihidangkeun dina kaayaan atah supaya kaségaran bahanna tetep karasa jeung téksturna leuwih hirup. Campuran potongan tarong nu garing, tomat seger, cabe lada, ditambahan peresan jeruk limau pikeun rasa nu kompléks: lada, haseum, bari seger, jeung renyah anu langsung antel kana rarasaan.[4]
Kaunikan sambel beberuk ngajadikeun ieu sambel pikeun dahareun pendamping anu teu bisa dipisahkeun tina rupa-rupa kadaharan has Lombok sapertos hayam taliwang atawa plecing kangkung. Pikeun masarakat Sasak, sambel ieu lain ukur pelengkap dahareun wungkul, tapi ogé jadi lambang kebersamaan jeung kajujuran rasa. Dina rupa-rupa acara adat atawa patepungan kulawarga, sambel beberuk sok diayakeun dina méja tuang minangka pangabeungkeut sosial anu nguatkeun hubungan antarjalma. Ku kituna, sambel beberuk henteu ngan ukur ngalambangkeun kabeungharan kuliner Lombok, tapi ogé ngagambarkeun filosofi kahirupan basajan masarakatna.[4]
Répérénsi
[édit | édit sumber]- ↑ Kompas, Tim Harian. "Sambal Beberuk dari Nusa Tenggara Barat, Rasanya Beda!". Kompas.id (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-12-09.
- ↑ Media, Kompas Cyber (2020-10-11). "Resep Beberuk Terung Khas Lombok, Sambal Isi Sayuran". KOMPAS.com (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-12-09.
- ↑ "Resep Sambal Beberuk Khas Lombok yang Menggugah Selera, Wajib Dicoba". Tribunlombok.com (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-12-09.
- 1 2 Areef, Pak. "Apa Makanan Khas Suku Sasak Yang Paling Terkenal dan Lezat?". Valsa Travel (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-12-09.