Biruang kutub
| Beruang kutub | |
|---|---|
| Status konservasi | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| Filum: | |
| Kelas: | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | |
| Génus: | |
| Spésiés: | U. maritimus
|
Biruang Kutub (Maritimus ursus) nyaéta spésiés biruang nu kapanggih nempatan widang és di Samudra Arktik.[2]. Biruang kutub mangrupa spésiés biruang pangbadagna di dunya nu miboga beurat biruang jalu bisa nepi ka 600kg.[2] Biruang ieu dianggap patali jeung biruang coklat (Ing.:brown bear).[2] Biruang kutub liar di és arktik jeung sok loba ngojay di pasisian laut di dinya.[3] Maranéhna mangrupa tukang ngojay nu kuat, bari cakar hareupna gedé, cakar éta dipaké pikeun ngadayung sabab rada aya lamadan. [3]
Adaptasi Arktik
[édit | édit sumber]Biruang kutub nempatan salah sahiji tempat pangtiisna di planét ieu jeung gumantung kana mantel bulu kandel nu haneut, nu diwangun tina lapisan panghaneut lemak.[3] Buluna malahan jadi ogé di handapeun sukuna, nu ngajaga tina katiisan jeung méré panyekel nu alus di luhur és.[3] Mantel bodasna nu katigali jelas nyadiakeun kamuflase kalawan salju jeung és.[3] Di handapeun buluna, biruang kutub miboga kulit hideung nu alus pikeun nyerep cahya panon poé.[3]
Referensi
[édit | édit sumber]| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |