Bongsang

Bongsang nyaéta wadah kawas karinjang anu bisa dijingjing sarta dijieun tina awi tali beunang nganyam carang. [1] Bongsang remen katempo dipaké ngawadahan goréng tahu sumedang, ku kituna katelah waé tahu bongsang. [2] [1] Dipaké ogé ku tukang peuyeum sampeu gantung, hui cilembu, tukang hayam, mungkus pentil buah léngkéng, jeung sajabana. [1] Ukuran sarta wangunna bongsang béda-béda gumantung kana dipaké ngawadahan naon éta bongsang engkena.

Sajarah
[édit | édit sumber]Saméméh kantong tina bahan plastik loba dipaké mangsa kiwari, bongsang geus aya ti baheula kénéh geus dipaké pikeun ngawadahan rupa-rupa barang. [2] Kayaning bungbuahan, beubeutian, peuyeum, areng , sarta daging kurban mun pareng nincak lebaran haji. [3] Sanajan kadieu nakeun kalindih ku kantong plastik, tapi bongsang tetep masih dipaké nepi ka kiwari sagigireun hargana murah tur henteu matak ngaruksak sarta ngotoran lingkungan ogé mangrupa ciri mandiri pikeun produk budaya lokal. [3]
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- 1 2 3 Heliana, Lucia Priandarinl, Syari Puspita, Endah (2007). Meraup Untung dari Usaha CamilanHeliana, Lucia Priandarinl, Syari Puspita. Jakarta: TransMedia Pustaka. hlm. 201. ISBN 9789797990510. Pemeliharaan CS1: Banyak nama: authors list (link) Disungsi 26 Desember 2025
- 1 2 Sudjana, T. D (2005). Kamus bahasa Cirebon Sudjana. Jakarta: Humaniora Utama Press. hlm. 94. ISBN 9789799231383. Disungsi 27 Desember 2025
- 1 2 Betawi. 2023-01-17 https://www.senibudayabetawi.com/9688/bongsang-kemasan-ramah-lingkungan-khas-betawi.html. Diaksés tanggal 27/12/2025. ;
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |