Buhaero

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Imah rahib Buhaéro 

Buhaéro atawa Buhairo nyaéta saurang rahib (Nasroni) di Bushro daérah Syam atawa Suriah (ayeuna) anu pinuh kuhistoris.

Papanggih jeung Nabi s.a.w[édit | édit sumber]

Dina sunnah/ hadis Nabi s.a.w. aya 2 (dua) riwayat sohéh patimuna Nabi Muhammad s.a.w. tapi teu disebutkeun ngarana. Hiji ti Abu Musa al-Asy'ari r.a. diriwayatkeun ku At-Tirmidzi jeung al-Hakim. Nu kadua. ti Abu Majaz diriwayatkeun ku Ibnu Sa'ad saperti dijelaskeun ku syékh Albany, muncul ngaran rahib Buhaero dina riwayat Ibnu Ishaq tapi teu maké sanad jadi teu bisa jadi dasar. 

Dua Nash Sohéh[édit | édit sumber]

Jalur Abu Musa al-'Asy'ari r.a. ditakhrij ku At-Tirmidzi, Abu Nuém, al-Hakim, Ibnu 'Asakir, Tarikh Dimasqi kalayan sanad nu rupa-rupa ti jalur sohabat Abu Musa al-Asy'ary nyaritakeun: Abu Tholib indit ka Syam dibarengan ku Nabi s.a.w. dina rombongan Qurésy. Nalika dugi tempatna rahib disambut ku rahib. Padahal saméméhna sok ngaliwat, tapi teu disambut rahib. Terus nyekel leungeun Nabi s.a.w. bari unggelna: "Ieu pamingpin alam, ieu rosul nu bakal jadi rohmat sakabéh alam". Para kokolot Qurésy: "Naon nu anjeun, apal?" Tadi anjeun keur nanjak, euweuh hiji ogé tatangkalan jeung batu anging sumujud, nu kitu téh iwal ti ka Nabi. Kami nyaho ciri panutup kanabian tina pundukna. Tuluy balik deu rahib téh bari mawa dahareun.[1]

Hadits ieu dihasankeun ku at-Tirmidzi, sanadna jayyid disohéhkeun ku al-Hakim jeung al-Jazary, dikuatkeun ku al-'Asqolani reujeung as-Suyuthi. Ogé Syékh Albani ngajelaskeun kasohéhanana dina "Majalah al-Muslimun".[2]

Dupi riwayat Abu Majaz dikaluarkeun ku Ibnu Sa'ad [3]: Yén Abdul Mutholib atawa Abu Tholib (ragu). Nalika 'Abdulloh maot. Dina hiji safar (perjalanan bisnis) ka Syam didatangan ku rahib. Pok rahib (Nasroni) nyarita: "Di antara aranjeun aya jalma soléh. Ari iyeu anak saha? Abu Tholib: "Kuring walina". Rahib: Peupeujeuh jaga ieu budak ulah dibawa ka Syam. éSaéstuna Yahudi sok hiri dengki. Kuring hariwang ieu budak. Muga Alloh ngajaga anjeun hé Muhammad s.a.w.

Sanadna mursal sohéh, Abu Majaz, nyaéta ngarana Lahiq bin Hamid, tabi'i (murid sahabat), tsiqqot (kapercaya), terhormat, Syaékhoni -Bukhari jeung Muslim- ngasupkeun di kadua kitab sohéhna, sésana dina Kutubussittah, ngariwayatkeun hadits ti sohabat: Imron bin Hushoin, Ummu Salamah -istri Nabi s.a.w., Anas, Jundub bin 'Abdulloh r.a. Perawi antara Abu Majaz jeung Ibnu Sa'ad sakabéhna adil jeung tsiqot (dipercaya). Ogé maké hujjah dina Sohéh Muslim.

Daftar Bacaan[édit | édit sumber]

  • Mizanul I'tidal disusun Adz-Dzahaby
  • Maqalah Kejadian rahib itu bener lain khurafat disusun syékh Albani

Referensi[édit | édit sumber]

  1. ^Sunan Tirmidzi, juz 4 no.496, Abu Nuém, Dalailun Nubuwwah, juz 1/53 ; al-Hakim , Juz 12/615-616), Ibnu 'Asakir, Tarikh Dimasqi, Juz 1/188; Juz 6/187.
  2. ^"Syekh Albani, Majalah al-Muslimun", no.8 taun 1379 , hal. 393-397.
  3. Ibnu Sa'ad, At-Thobaqot al-Kubro" (juz 1/120)

Pranala[édit | édit sumber]