Lompat ke isi

Cagar Alam Leuweung Sancang

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Pasisie Sancang

Cagar Alam Leuweung Sancang nyaéta Cagar alam anu ayana di beulah kidul Kabupatén Garut. Leuweung Sancang perenahna di beulah kidul Kabupatén Garut, tepatna di Kacamatan Cibalong. Ti Kota Garut, jarakna kurang leuwih 111 kilométer, nu bisa ditempuh kurang leuwih opat jam ku motor. Wewengkon ieu tepung langsung jeung Samudra Hindia, jadina miboga ékosistem basisir nu khas. [1]

Leuweung Sancang diresmikeun jadi Cagar Alam dina 9 Juni 1978 dumasar kana SK Mentri Pertanian No. 370/Kpts/Um/6/1978, kalayan legana 2.157 héktar. Teras, dina 17 Nopémber 1990, Cagar Alam ieu dilegaan deui kalayan dijadikeun Cagar Alam Laut Sancang, dumasar kana SK Mentri Kehutanan No. 682/Kpts-II/1990, kalayan legana 1.150 héktar. Kiwari, total legana ngahontal 3.390,85 héktar, ngawengku leuweung darat jeung leuweung basisir.[2]

Cagar Alam Leuweung Sancang diatur jeung dikelola ku Balai Besar Konservasi Sumber Daya Alam Jawa Barat. Aya sakitar 19 wewengkon anu kaasup kana Cagar Alam Leuweung Sancang, nyaéta Cidahon, Cimerak, Cijeruk, Cibaluk, Cipangikis, Cetut, Cikabodasan, Cikalongberan, Cipalawah, Cipayawungan, Cipunaga, Cicukangjambe, Cibako, Ciporeang, Cipangisikan, Karang Gajah, Cipadaruum, Cipanglembuan, jeung Panglima. [1]

Sajarah Kawasan

[édit | édit sumber]

Di antara rupa-rupa tatangkalan nu tumuwuh di Leuweung Sancang, aya hiji kai nu kacida istiméwana, nya éta kai kaboa (Dipterocarpus gracilis). Kai ieu tumuwuh subur di basisir Leuweung Sancang, biasana kapanggih pas di sisi laut, rada tergenang cai. Akarna kuat kawas mangrove, sahingga bisa nangtung pageuh sanajan ayana di basisir. Tapi nu matak istiméwa tina kai ieu lain saukur fisikna wungkul, tapi ogé carita legénda nu nempel kana éta tatangkalan.

Kai kaboa dipercaya boga hubungan raket jeung Prabu Siliwangi, raja nu mingpin Karajaan Padjajaran. Numutkeun carita rahayat, kai ieu jadi tempat manéhna neundeun tongkat panungtungan méméh robah wujud jadi maung bodas sarta ngaleungit di Leuweung Sancang. Aya ogé nu nyebutkeun yén "kaboa" téh mangrupa kecap panungtungan anu ditulis ku Prabu Siliwangi dina tangkal méméh anjeunna tilem.

Dikisahkeun yén Prabu Siliwangi muru ka Sancang pikeun nyingkahan putrana, Prabu Kéansantang , nu hayang ngajak bapana asup Islam. Sabab teu hayang gelut jeung putrana sorangan, manéhna milih nyumput di Leuweung Sancang, tuluy robah wujud jadi maung bodas atawa nu disebut ku urang Garut "maung Sancang." Nepi ka kiwari, carita ieu masih kénéh dipercaya ku masarakat sabudeureun Sancang.[1]

Ékosistem

[édit | édit sumber]

Leuweung Sancang boga tilu rupa leuweung tropis anu penting, nyaéta:

  1. Leuweung Mangrove – ngajaga kasaimbangan ékosistem basisir jeung jadi habitat lauk, kepiting, lobster, sarta rumput laut.
  2. Leuweung Basisir – ngajaga stabilitas taneuh di basisir jeung jadi tempat hirup pikeun rupa-rupa spésiés satwa.
  3. Leuweung Dataran Handap – boga tutuwuhan anu geus ngahontal tahap klimaks, sahingga bisa ngajaga kasaimbangan ékosistem makro jeung mikro di beulah kidul Jawa.[3]

Hawa rata-rata di wewengkon Sancang nyaéta 27,5°C, kalayan kalembaban hawana 80% jeung curah hujan ngahontal 3.686/mm per taun. Iklim di wewengkon ieu kaasup kana tipe iklim B, nyaéta iklim baseuh nurutkeun klasifikasi Schmidt jeung Ferguson.[3]

Kaanékaragaman Hayati

[édit | édit sumber]

Cagar Alam Leuweung Sancang mibanda 199 spésiés tutuwuhan (aya 149 spesies tutuwuhan nu mangrupa tatangkalan, 37 spesies epifit jeung tutuwuhan handap, sarta 13 spesies liana jeung rotan), 22 spésiés mamalia, 124 spésiés manuk, 11 spésiés amfibi, 19 spésiés réptil, sarta 87 spésiés kukupu.[3]

Sasatoan

[édit | édit sumber]

Lima tina genep spésiés primata nu aya di Pulo Jawa bisa kapanggih di Cagar Alam Leuweung Sancang, nya éta owa jawa (Hylobates moloch), surili (Presbytis comata), lutung budeng (Trachypithecus auratus), kukang jawa (Nycticebus javanicus), jeung monyét ekor panjang (Macaca fascicularis), dimana opat spésiés kahiji téh mangrupa spésiés éndemik Pulo Jawa. Sajaba ti éta, wewengkon ieu ogé jadi habitat pikeun rupa-rupa sasatoan langka dumasar kana data IUCN, di antarana owa jawa, lutung budeng, macan tutul jawa (Panthera pardus melas), bokol buut (Lariscus insignis), jeung elang jawa (Nizaetus bartelsi), nu ogé jadi simbol satwa nasional Indonesia.[4]

Tutuwuhan

[édit | édit sumber]

Cagar Alam Leuweung Sancang mangrupakeun tempat tutuwuhan khas sapertos patmo sari (Rafflesia patma), meranti beureum (Shorea javanica), jeung palahlar (Dipterocarpus hasseltii). [3]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c Ghani, Hakim. "Misteri Banteng dan Prabu Siliwangi di Leuweung Sancang Garut". detikjabar (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-02-09.[tumbu nonaktif]
  2. bbksdajabar. "CA Leuweung Sancang". bbksdajabar. Diaksés tanggal 9 februari 2025.
  3. a b c d Mustari, Abdul Haris (2019). Flora Fauna Cagar Alam Leuweung Sancang. https://www.researchgate.net/publication/354779701_Flora_dan_Fauna_Cagar_Alam_Leuweung_Sancang_Flora_and_Fauna_of_Leuweung_Sancang_Nature_ReserveWest_Java/link/614c5218519a1a381f79765f/download?_tp=eyJjb250ZXh0Ijp7ImZpcnN0UGFnZSI6InB1YmxpY2F0aW9uIiwicGFnZSI6InB1YmxpY2F0aW9uIn19: IPB Press. hlm. 2–6. ISBN 978-602-440-804-6. Pemeliharaan CS1: Lokasi (link)
  4. Maharadatunkamsi, Maharadatunkamsi; Prakarsa, Tatag Bagus Putra; Kurnianingsih, Kurnianingsih (2016-06-08). "STRUKTUR KOMUNITAS MAMALIA DI CAGAR ALAM LEUWEUNG SANCANG, KABUPATEN GARUT, JAWA BARAT". Zoo Indonesia (Dina basa Inggris Amerika). 24 (1). ISSN 2527-8703.[tumbu nonaktif]