Curug Sanghyang Tarajé
Curug Sanghyang Tarajé Nyaéta hiji curug anu perenahna di Kabupatén Garut[1], Propinsi Jawa Kulon. Sanghyang hartina gelar kahormatan pikeun déwa atawa raja baheula. Sedengkeun Tarajé dina basa Sunda hartina tangga, jadi sacara umum curug ieu boga harti tangga anu dipaké ku para déwa pikeun naék ka kayangan.[2]
Legenda
[édit | édit sumber]Numutkeun carita rahayat, Curug Sanghyang Tarajé kungsi dipaké ku Sangkuriang Pikeun Nyokot béntang di langit sanggeus dipénta ku Dayang Sumbi. Saterusna, di sabudeureun curug ieu aya hiji batu anu dipercaya minangka tapak suku Sangkuriang
Aya ogé legénda séjén anu nyebutkeun yén Curug Sanghyang Tarajé mangrupakeun tangga anu dipaké ku para déwa-déwi pikeun naék ka khayangan. Éta sababna tempat ieu dianggap suci sarta boga unsur mistis[3]
Wisata
[édit | édit sumber]Ngadongdon ka Curug Sanghyang Tarajé lain ngan saukur ningali kaéndahan curugna, tapi ogé bisa ngalakukeun rupa-rupa kagiatan anu matak pikabetaheun.
kémping di Alam Kabuka
[édit | édit sumber]Lamun resep kémping, tempat ieu cocog pisan! Sabudeureun curug aya lahan nu datar jeng lega, jadi sémah bisa ngadegkeun ténda jeung ngarasakeun kaayaan peuting di alam leuweung. Sora curug anu ngaguruh ogé bisa jadi lalaguan saré alami nu teu kapanggih di tempat séjén.
Lalajo Kaéndahan Alam
[édit | édit sumber]Hawa anu seger, suasana anu tenang, jeung pintonan cai curug anu megah ngajadikeun tempat ieu idéal pikeun leuleuy. Cocog pikeun sémah nu hayang miceun capé, jauh ti riweuh kota, jeung sakadar nikmati momen.
Motrét Spot Éndah
[édit | édit sumber]Curug Sanghyang Tarajé mangrupakeun tempat anu hadé pikeun nyandak gambar. Panorama curugna anu jangkung jeung masih asri bisa dijadikeun latar tukang pikeun potreta nu éndah. Henteu kudu jadi fotografer profésional, sabab di dieu sagalana geus alami geulis!
Petualangan Trekking
[édit | édit sumber]Pikeun nepi ka curug, sémah kudu treking heula ngaliwatan leuweung jeung jalur anu lumayan nangtang. Tapi, sakabéh kasang tukang éta kasorang ku pemandangan anu matak éndah. Léngkah demi léngkah, sémah bakal disuguhan ku suasana alam anu segar jeung asri, ngajadikeun perjalanan nu teu waka hilap.
Lokasi jeung Aksés
[édit | édit sumber]Pikeun nepi ka Curug Sanghyang Tarajè ti puseur Kabupatén Garut, jarakna kurang leuwih 45 KM ka arah kidul-kulon. Rute anu bisa dipilih nyaéta ngalangkungan Kacamatan Cikajang. Sateuacan nepi ka puseur Cikajang, di pertigaan urang kudu méngkol ka katuhu arah Kacamatan Bungbulang
Sanggeus ngaliwatan Curug orok, teruskeun perjalanan ka Kampung Cisandaan, Désa Pananjung, Kacamatan Pamulihan. Di dinya aya pertigaan, méngkol ka katuhu deui pikeun asup ka Désa Pakénjéng, nu mana Curug Sanghyang Tarajé perenahna teu jauh ti ditu.[4]
Pikeun transportasi, cara anu paling gampang nyaéta maké kandaraan pribadi. Tapi, lamun teu mawa kandaraan, bisa maké angkot jurusan Cikajang-Pananjung, teras diteruskeun maké ojég nepi ka lokasi.
Fasilitas Jeung harga tikét
[édit | édit sumber]Di tempat ieu geus disayagikeun sababaraha fasilitas saperti tempat parkir, toilét, gazébo, pamandian/kolam renang, warung dahareun, jeung mushola. Harga tikét asup kira-kira Rp10.000, sedengkeun parkirna Rp.2.000 pikeun motor jeung Rp5.000 pikeun mobil. Waktu operasionalna ti jam 08.00-17.00 WIB[5]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ Infogarut. "Curug Sanghyang Taraje Tangganya Para Raja". infogarut.id (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-02-09.
- ↑ Ninuk Dyah Ekowati, Imam Ustadi, Temy Yulianti, Djoko Heriyanto, Agus Prasmono, Yulia Enshanty, Femy Marlia Lestari, Sigid Sriwanto, Kunthum Ria Anggraheny, Nia Amalia, Sigit Muhammad, Shinta Harimulyanti, Ibnu Hasan, Jajang Susatya, Edi Rianto, Priyono (2023). Resonansi Pemikiran ke-28: Mengasah Kompetensi Guru dan Pengabdian Berbasis Religi pada Masa Kurikulum Merdeka. Universitas Muhamadiyah Surakarta: Muhammadiyah University Press. hlm. 136. ISBN 9786023615797. Diaksés tanggal (disungsi – 10 Fébruari 2025). Pemeliharaan CS1: Banyak nama: authors list (link)
- ↑ Salma, Nida. "3 Legenda Curug Sanghyang Taraje, Tapak Sangkuriang Hingga Tangga Menuju Kayangan - Sukabumi Update". 3 Legenda Curug Sanghyang Taraje, Tapak Sangkuriang Hingga Tangga Menuju Kayangan - Sukabumi Update (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-02-09.
- ↑ "Curug Sanghyang Taraje: Air Terjun Indah di Garut". Wisata App (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-02-09. Archived 2025-02-09 di Wayback Machine
- ↑ "Curug Sanghyang Taraje: Harga Tiket Masuk dan Akses Lokasi". Wisata App (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-02-09. Archived 2025-02-09 di Wayback Machine