Cut Nyak Meutia

Tjoet Nyak Meutia (15 Fébruari 1870 – 24 Oktober 1910) nyaéta pahlawan nasional Indonésia ti Acéh anu dipikawanoh lantaran peranna dina ngalawan pangjajahan Walanda. Manéhna dikuburkeun di Alue Kurieng, Acéh. Pangakuan resmi kana jasa-jasana dibéré ngaliwatan Surat Kaputusan Présidén Nomer 107 Taun 1964, anu netepkeun manéhna salaku pahlawan nasional dina tanggal 2 Méi 1964. Perjuangan jeung kapamingpinanana dina ngabela wilayah Acéh jadi bagian penting dina sajarah perjuangan kamerdékaan Indonésia.[1]
Biografi
[édit | édit sumber]Tjoet Nyak Meutia, anu katelah ogé ku sebutan Cut Meutia, lahir salaku anak awéwé hiji-hijina ti pasangan Teuku Ben Daud Pirak jeung Cut Jah, anu dipaparin lima anak. Opat dulurna lalaki, anu ngaranna Cut Beurahim, Teuku Muhammadsyah, Teuku Cut Hasen, jeung Teuku Muhammad Ali. Kolotna duanana mangrupa turunan asli Acéh, bapana nyaéta saurang Uléébalang di désa Pirak, anu asup kana wilayah Keuléébalangan Keureutoe.[2]
Dina awal perjuanganana, Tjoet Meutia ngalawan pangjajahan Walanda babarengan jeung salakina, Teuku Muhammad atawa Teuku Tjik Tunong. Dina bulan Maret 1905, Tjik Tunong ditéwak ku Walanda sarta diéksékusi di sisi basisir Lhokseumawe. Séméh maot, manéhna amanat ka sahabatna, Pang Nanggroe, sangkan ngawin Cut Meutia jeung ngarawat anakna, Teuku Raja Sabi.[3]
Tjoet Meutia saterusna kawin ka Pang Nanggroe luyu jeung wasiat salakina, tuluy ngagabung jeung pasukan anu dipingpin ku Teuku Muda Gantoe. Dina pertempuran di Paya Cicem ngalawan Korps Marechausée, Tjoet Meutia jeung sajumlah awéwé kapaksa kabur ka jero leuweung, samentara Pang Nanggroe terus mingpin perlawanan nepi ka gugur dina tanggal 26 Séptémber 1910.[4]
Tjoet Meutia neruskeun perlawanan babarengan jeung sésa pasukanna, nyerang sarta ngarebut pos-pos kolonial bari terus usik nuju ka wilayah Gayo ngaliwatan leuweung geledeg (hutan belantara). Dina tanggal 24 Oktober 1910, manéhna kalibet perang campuh jeung Korps Marechausée di Alue Kurieng, sarta dina éta pertempuran Tjoet Nyak Meutia gugur.[4][5]
Pangajén
[édit | édit sumber]Netepkeunana Cut Nyak Meutia salaku Pahlawan Kamerdékaan Nasional dilakukeun ku pamaréntah Indonésia ngaliwatan Kaputusan Présidén Républik Indonésia Nomer 107 Taun 1964 anu ditetepkeun di Jakarta dina tanggal 2 Méi 1964 ku Présidén Sukarno. Éta kaputusan téh dikaluarkeun kalayan merhatikeun surat Menteri Koordinator Kompartemén Kasejahteraan tanggal 30 April 1964 Nomer MKK/VIII/34/16. Dina pertimbanganana dinyatakeun yén Cut Meutia salila hirupna mingpin gerakan perjuangan anu kaorganisasi dina ngalawan pangjajahan di Indonésia, anu dumasar kana rasa cinta ka lemah cai jeung bangsa.[1]
Pangabadian
[édit | édit sumber]Ngaran Cut Nyak Meutia diabadikeun dina rupa-rupa wangun panghormatan di Indonésia, boh ngaliwatan fasilitas publik, wangunan ngabogaan sajarah, boh sarana transportasi.
Fasilitas kaséhatan jeung musieum di Acéh
[édit | édit sumber]Di Acéh Kalér, namina digunakeun pikeun Rumah Sakit Umum Daerah (RSUD) Cut Meutia anu geus aya ti saprak awal Proklamasi Kamerdékaan Républik Indonésia. Ieu rumah sakit téh mangrupa hasil normalisasi tina rumah sakit perkebunan milik Walanda dina mangsa pangjajahan, anu saterusna dialihkeun jadi milik pamaréntah Indonésia.[6]
Salian ti éta, aya ogé Museum Rumah Cut Meutia anu mangrupa imah adat Acéh (rumoh) anu difungsikeun salaku musium. Ieu wangunan téh lain imah asli Cut Meutia, melainkan hasil rekonstruksi anu dilakukeun pikeun ngalestarikeun budaya jeung ajén-inajén (nilai-nilai) perjuanganana. Éta imah dipugar ku Departemén Pendidikan dan Kebudayaan Daerah Istimewa Acéh dina taun 1981 sarta bérés dina taun 1983 kalayan angger ngajaga kaaslian arsitekturisna.
Sarana transportasi
[édit | édit sumber]Pengabadian nami Cut Meutia ogé katémbong dina séktor transportasi ngaliwatan Kareta Api Cut Meutia, anu saméméhna katelah salaku Kareta Api Perintis Acéh. Ieu karéta téh ngalayanan rute ti Stasion Krueng Geukueh, Kutablang di Provinsi Acéh ku cara ngagunakeun Kareta Rel Diesel Indonesia (KRDI) jieunan PT Inka. Ieu layanan sempet eureun beroperasi dina bulan Juli 2014 lantaran sepinana panumpang, tapi dioperasikeun deui dina tanggal 3 Nopémber 2016 kalayan ngagunakeun ngaran anyar, nyaéta Kareta Api Cut Meutia.[7]
Masjid jeung tempat sajarah di Jakarta
[édit | édit sumber]Di Jakarta, ngaran Cut Meutia diabadikeun dina Masjid Cut Meutia anu perenahna di Jalan Cut Meutia Nomer 1. Ieu wangunan téh mangrupa titinggal kolonial Walanda anu bérés diwangun dina taun 1912, sarta awalna digunakeun salaku kantor biro arsitéktur N.V. De Bauploeg.[8]
Sajalan jeung waktu, ieu gedung téh kungsi difungsikeun salaku kantor pos, kantor Jawatan Kareta Api Walanda, kantor Wali Kota Jakarta Pusat, kantor PDAM, kantor Dinas Perumahan, nepi ka kantor Majelis Permusyawaratan Rakyat Sementara (MPRS) anu harita dipingpin ku Abdul Haris Nasution. Sanggeus kantor MPRS dipindahkeun ka Senayan, Nasution ngusulkeun sangkan éta wangunan dijadikeun masjid lantaran kabutuhan tempat ibadah di éta kawasan masih kénéh kawatesanan. Prosés alih fungsi lumangsung sacara bertahap, dimimitian ku kabentukna Remaja Masjid Cut Meutia dina taun 1984, nepi ka tungtungna resmi jadi masjid dina tanggal 18 Agustus 1987 dumasar kana Surat Kaputusan Gubernur DKI Jakarta.[8]
Salian ti éta, nami Cut Meutia ogé diabadikeun dina Taman Cut Meutia anu perenahna di kawasan Gondangdia. Ieu taman saméméhna ngaranna Van Heutszplein jeung jadi lokasi monumén pikeun miéling Jénderal Van Heutsz, anu diresmikeun ku Gubernur Jénderal De Jonge dina tanggal 23 Agustus 1932. Éta monumén saterusna dibongkar dina bulan Januari 1953 ku pamaréntah Jakarta, sarta éta kawasan dirobah jadi taman kota. Di gigireun éta taman ogé aya Jalan Cut Meutia anu ngabentang ti Cikini Raya nepi ka Gondangdia.[1]
Mata uang jeung ngaran jalan
[édit | édit sumber]
Salaku wujud panghormatan séjénna, pamaréntah Indonésia ogé ngabadikeun sosok Cut Meutia dina duit kertas pecahan Rp. 1.000 anu dikaluarkeun dina tanggal 19 Désémber 2016.[9] Ngarana ogé digunakeun salaku ngaran jalan di rupa-rupa daérah di Indonésia, salaku pangajén (penghargaan) kana jasa jeung perjuanganana.
Tempat pangistirahatan
[édit | édit sumber]Dina bulan Oktober 1910, pasukan Walanda ningkatkeun pangobrotan ka pasukan anu dipingpin ku Cut Meutia, nepi ka pasukanna kudu dipindah-pindah tina hiji gunung ka gunung séjénna pikeun nyingkahan kakepung. Dina tanggal 24 Oktober 1910, lumangsung pertempuran sengit di Alue Kurieng antara pasukan Walanda jeung pasukan Cut Meutia. Dina éta pertempuran, Cut Meutia gugur. Séméh maot, Cut Meutia nitipkeun anakna ka Teuku Syech Buwah pikeun dirawat jeung dijaga.[10]
Rujukan
[édit | édit sumber]- 1 2 3 Talsya (T.), Alibasjah (1982). Cut Nyak Meutia: srikandi yang gugur di medan perang Aceh (Dina basa Indonesia). Mutiara.
- ↑ Vee, Katrin (2024-09-13). Encyclopedia of National Heroes: Aceh (Dina basa Inggris). Penerbit Andi.
- ↑ Pijar, Satyo (2024-06-05). Ensiklopedia Pahlawan Nasional: Aceh (Dina basa Indonesia). Penerbit Andi. ISBN 978-623-8351-85-5.
- 1 2 Syarifah, Mushlihatun (2018-09-14). Mengenal pahlawan pada mata uang negara kesatuan republik Indonesia (Dina basa Indonesia). CV Jejak (Jejak Publisher). ISBN 978-602-474-395-6.
- ↑ Sofiana, Rizqi; Andini, Viviana Ayu; Fillaely, Istinganah. Perempuan-Perempuan dalam Sejarah Islam (Dina basa Indonesia). wawasan Ilmu. ISBN 978-623-132-568-6.
- ↑ "RS Cut Meutia". rscutmeutia.acehutara.go.id. Diaksés tanggal 2026-06-16.
- ↑ "KA Perintis Aceh Layani Warga Lintas Krueng Mane-Bungkah". Tempo (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2026-06-16.
- 1 2 "Jejak Masjid Cut Meutia, Ternyata Dulunya Jadi Gedung MPR". Kompas.
- ↑ ZRF, Angga Aliya. "Rupiah Desain Baru Terbit Hari Ini". detikfinance (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2026-06-16.
- ↑ News, Tagar. "Siapa Cut Meutia, Namanya Jadi RS Covid-19 di Aceh". TAGAR (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2026-06-16.