Daéng Kanduruan Ardiwinata

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Daéng Kanduruan Ardiwinata (gumelar di Bandung taun 1866; tilar dunya di Tasikmalaya taun 1947) nyaéta sastrawan, guru basa, ahli basa, salah saurang nu ngadegkeun tur pupuhu munggaran Paguyuban Pasundan, rédaktur Balé Pustaka, pangarang roman modérn Sunda.[1][2] Ramana nyaéta Baso Daéng Passau alias Daéng Sulaéman teureuh Makassar nu datangna ka Bandung téh dibawa ku éyangna D.K Ardiwinata, alatan dibuang ti nagarana ku pamaréntah kolonial Walanda. Ibuna Nyi Mas Rukmi, pencaran ti Sukapura, jadi urang Sunda pituin. Nalika ramana jeung éyangna marulih ka Makassar, Ardiwinata dirorok ku uwana. Ku sabab lingkunganana Ardiwinata diajar agama ti leuleutik, ogé kungsi masantrén di Sukapakir nu dipingpin ku Kiai Hasan Alwi pikeun diajar élmu tafsir Al-Quran.[3] Umur 12 taun Ardiwinata asup ka sakola Cibadak, tuluy neruskeun Sakola Raja, tamat taun 1884. Diangkat jadi calon guru taun 1886 di sakola Cibadak Bandung, tuluy dialihkeun ka Sakola Kelas I Karang Pamulang (1889). Sataun ti harita dibenum jadi Kapala Sakola di dinya.[1] Taun 1893 lulus ti OSVIA. Tuluy dina taun 1901 jadi guru basa Malayu di OSVIA. Di ieu sakola, anjeunna mimiti resep kana ngarang.[1][2] Taun 1905 kungsi ngarang buku Piwulang ka nu Tani, taun 1910 ngarang buku Piwuruk Budi Utomo tina Bab Mimpipitu. Taun 1911 dialihkeun ka Commissie voor de Volkslectuur nu engkéna jadi Balé Pustaka. Taun 1917 dialihkeun deui ka Bandung jadi guru basa Malayu di Kweekschool jeung Opleidingschool, dugi pangsiun taun 1992.[1]

Salami di Jakarta anjeuna kungsi ngadegkeun Paguyuban Pasundan sakaligus jadi pupuhuna nu munggaran (1994), ogé nulis Baruang ka Nu Ngarora (Basa Indonésia: Racun Bagi Pemuda, 1913) nu mangrupa roman mimiti di Indonésia (lain dina basa Sunda wungkul). Disagigireun éta anjeuna ogé nulis buku-buku carita asli atanapi saduran tina dongéng-dongéng dunia (Andersen, La Fontaine, Aesop, jeung sajabana). Babarengan jeung Muhammad Rais, M. Partadiredja, M. Amongpradja, H.S.H. de Bie, sareng C.M. Pleitje, Ardiwinata nyusun Palanggeran Nuliskeun Basa Sunda ku Aksara Walada (Basa Indonésia: Pedoman Menuliskan Bahasa Sunda dengan Huruf Latin) tahun 1912, nu mangrupa usaha munggaran pikeun nyeragamkeun èjaan basa Sunda kalawan makè huruf Latin, nu terus dianggo dugi ka parobahan èjaan basa Indonésia taun 1947 (Éjaan Républik). Taun 1917, Ardiwinata medalkeun buku pangajar bahasa jeung aksara cacarakan judulna Soendaasch Spel en Leesboekje (Basa Indonésia: Buku Ejaan dan Bacaan Bahasa Sunda). Ogé dina taun 1916 anjeuna medalkeun Élmuning Basa Sunda nu mangrupa buku tata basa munggaran nu di tulis ku orang Sunda. Buku ieu kantos ditarjamahkeun kana Basa Indonésia ku Ayat Rohaédi judulna Ilmu Bahasa Sunda (dina seri ILDEP). Babarengan jeung karyawan anu guru ogé di Bandung, taun 1905, Ardiwinata ngadegkeun pakempelan penemu guru nu medalkeun majalah dua bulan sakali, nyaéta Boekoe Panemoe Goeroe. Di majalah anu aya anjeuna Ardiwinata sering nyumbangkeun karya mangrupa karangan nu judulna Papaés Nonoman dipedalkeun ku Paguyuban Pasundan (1914-1918), anu penting di antarna karangan "Proza en Poezie".[3]

Karya-karya lianna[édit | édit sumber]

  1. Tatakrama oerang Soenda, 1910.[4]
  2. Baruang ka nu ngarora, 1966.[5]
  3. Tata bahasa Sunda.[6]
  4. Dongeng-dongeng Soenda, 1910.[7]
  5. Tri wangsa, 1921.[8]
  6. Soendaasch spel- en leesboekje, 1926.[9]
  7. Serat sabda rahajoe, 1911.[10]
  8. Sakola noe lolong di Bandoeng djeung kasakit njĕri mata anoe matak lolong.[11]
  9. Pemimpin bagi orang jang hendak memilih pentjaharian.[12]
  10. Dari hal pertanaman teboe dan fabriek goela : terkoetip dari karangganja toéan Mr. A. Neijtzell de Wilde, leeraar disekolah hakim, 1912.[13]
  11. Pemerintahan Nederland dengan Hindia : terkoetip dari boekoe-boekoe wet dan lainnja, 1913.[14]

Referensi[édit | édit sumber]

  1. a b c d Ardiwinata, D.K (2013). Baruang ka Nu Ngarora. Bandung: Kiblat. ISBN 978-979-8002-30-4. 
  2. a b "D.K. Ardiwinata – Santi J. N.". www.santijehannanda.com (dalam en-US). Diakses tanggal 2017-11-09. 
  3. a b Rosidi, Ajip, 1938-; Pustaka Jaya (Firm) (2000). Ensiklopedi Sunda : alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi (Cet. 1 ed.). [Jakarta]: Pustaka Jaya. ISBN 9794192597. OCLC 45463431. 
  4. books google. Tatakrama oerang Soenda.
  5. Trove, National Library of Australia. 1966, Sundanese, Book edition: Baruang ka nu ngarora / karangan D.K. Ardiwinata..
  6. Catélogue, National Library of Australia. Tata bahasa Sunda / oleh D.K. Ardiwinata.
  7. books google. Dongeng-dongeng Soenda, Volume 2.
  8. books google. Tri wangsa: leesboek voor de leerlingen der 4e en hoogere klasse van de lagere scholen, Volume 2.
  9. books google. Soendaasch spel- en leesboekje.
  10. Malaysian Academic Library Union Catalog. Saat Sabda Rahajoe : tjarios kalih welas toemrap tiang tani, Saking temboeng Soenda. Anggitanipoen D. Ardiwinata..
  11. books google. Sakola noe lolong di Bandoeng djeung kasakit njeri mata anoe matak lolong.
  12. classify. Pemimpin bagi orang jang hendak memilih pentjaharian..
  13. Trove, National Library of Australia. 1912, Indonesian, Book edition: Dari hal pertanaman teboe dan fabriek goela : terkoetip dari karangganja toean Mr. A. Neijtzell de Wilde, leeraar disekolah hakim.
  14. books google. Pemerintahan Nederland dengan Hindia: terkoetip dari boekoe-boekoe wet dan lainnja.