Dasasila Bandung
Dasasila atawa Dasasila Bandung nyaéta 10 poin hasil ti Konperénsi Asia-Afrika (KAA) nu dilaksanakeun ti kaping 18 nepi ka 24 April taun 1955.[1] 10 poin éta ngawengku prinsip - prinsip dasar nu dijadikeun pituduh jeung acuan pikeun hubungan antar bangsa.[2]
Sajarah
[édit | édit sumber]
Sumanget Bandung anu kawéntar di luar nagri dipikawanoh ku istilah "Bandung Spirit" nyaéta kumpulna bangsa-bangsa nu ahirna ngarumuskeun Dasasila Bandung kalawan Indonésia salaku panata calagarana.[1] Leuwih ti dinya, Indonésia ngaliwatan wawakilna P.M. Ali Sastroamidjojo S.H.jadi pamingpin konperensi sarta ketua.[1] Iwal ti dinya Menlu Roeslan Abdulgani salaku Sekretaris Jenderal.[1] Minangka délégasi Indonésia, dipingpin ku Menlu Sunarjo S.H. KAA kaping 18 nepi ka 24 April taun 1955 disebutna KAA ka- I.[1] Prinsip utamana Dasasila Bandung ieu nyaéta ngaku jeung ngahargaan béla-diri nagara-nagara Asia-Afrika sacara nagara atawa sacara koléktip jeung nagara-nagara séjén kaasup jeung nagara adikawasa.[3]

Dina pelaksanaanana, KAA ka-I diluuhan ku 29 nagara Asia-Afrika sakumaha list di handap:
| No | Nagara | No | Nagara |
|---|---|---|---|
| 1 | 16 | ||
| 2 | 17 | ||
| 3 | 18 | ||
| 4 | 19 | Vietnam Selatan | |
| 5 | 20 | Sailan atawa | |
| 6 | 21 | Rep. Demokrasi Vietnam | |
| 7 | 22 | Pantai Mas atawa Ghana | |
| 8 | 23 | ||
| 9 | 24 | ||
| 10 | 25 | ||
| 11 | 26 | ||
| 12 | 27 | ||
| 13 | 28 | ||
| 14 | 29 | ||
| 15 | Liberia |
Dina KAA ka-I diulem 30 wawakil nagara di Asia-Afrika. Ti jumlah éta, ngan Rhodesia (kiwari disebutna Zimbabé) nu teu bisa ngaluuhan éta uleman.[4] Sabab harita Rhodesia masih diéréh ku Perancis.[4]
Eusi Dasasila Bandung
[édit | édit sumber]Sumanget nu dikedalkeun di KAA ka-1 nyiptakeun 10 poin sakumaha list di handap:
- Ngahormatan hak-hak dasar manusa jeung tujuan sarta asas nu kawengku dina Piagam PBB.
- Ngahormatan kadaulatan keung ngahijina wewengkon di sakuliah nagara.
- Ngaku kasamaan darajat sakabéh ras jeung kasamaan sakabéh bangsa gedé atawa leutik.
- Teu ngalakukeun intervénsi atawa ilubiung dina pasualan di nagara séjén.
- Ngahormatan hak unggal nagara pikeun mertahankeun disi sacara individu atawa koléktif saluyu jeung Piagam PBB.
- a. Teu ngagunakeun pangaturan-pangaturan pertahanan koléktif pikeun ngalayanan kapentingan khusus ti nagara gedé mana waé ogé. b. Teu neken ka nagara séjén.
- Nahan diri ti unggal tindakan atawa anceman agrési atawa ngagunakeun adu fisik pikeun ngahijikeun wewengkon atawa kamerdékaan politik hiji nagara.
- Ngabéréskeun pasalingsingan internasional kalawan jalan damai, saluyu jeung katangtuan nu aya di Piagam PBB.
- Ngamajukeun kapentingan balaréa jeung kerjasama.
- Ngahormatan kaadilan jeung kawajiban-kawajiban internasional.[2]
Sumber
[édit | édit sumber]- 1 2 3 4 5 Indonesia, Departemen Penerangan (1965). Mimbar penerangan Volume 15, Masalah 1-3. Semarang: Deppen. hlm. 9.
- 1 2 Mimbar kekaryaan ABRI., Masalah 164-176. Indonesia: Departemen Pertahanan Keamanan, Staf Pembinan Karyawan. 1984. hlm. 5.
- ↑ Abdul Gani, Ruslan (1989). Peranan Perguruan Tinggi dalam Membina Generasi Muda Memasuki Masa Depan. The University of California.
- 1 2 H., Purwanta. dkk (2009). Sejarah SMA/MA Kls XII-Bahasa. Jakarta: Grasindo. hlm. 97.
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |