Daun déwa

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Daun déwa
Gynura divaricata
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Plantae
Divisi:
Tracheophyta
Ordo:
Asterales
Kulawarga:
Asteraceae
Génus:
Gynura
Spésiés:
Gynura divaricata


Daun déwa; (Gynura divaricata) nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawargga asteraceae. Daun déwa dipikawanoh alatan dipercaya bisa ngubaran rupa-rupa kasakit, tur gampang bisa dipelak di buruan. [1][2]

Ngaran séjén[édit | édit sumber]

Urang Cina nyebat ieu tangkal samsit.[3] Di Thailand disebutna waan mahaakaa. [2]

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Jangkungna ieu tutuwuhan kurang leuwih 30-40 cm, mangrupikeun rungkun pepelakan anu tangkalna ajeg ka luhur. [3] Gagang daunna leuleus wujudna juru lima, lonyod sarta baruluan. Daun déwa panjangna 20 cm, rubak 10 cm, cupatna purek, buleud lonyod, baruluan lemes, daun méncos ka tungtungnakeun, tungtungna rérégéan sarta kelirna héjo semu wungu. Kembangna majemuk bijil di tungtung dahanna, kelopakna héjo kewung kawas mangkok, benang sarina mibanda kelir konéng wujudna kawas jarum.[4]

Habitat[édit | édit sumber]

Ieu tangkal tumuwuh kalawan subur di daérah anu luhurna 200-800 méter dpl (dpl), daun déwa réproduksi ku beutina atanapi sték dahanna.[4]

Daun déwa remen kaserang ku hama, ku kituna kudu dipiara kalawan ati-ati. Salah sahiji hama anu remen nyerang daun déwa tayalian mealybugs. Ngusir ieu hama tiasa nganggo péstisida alami atanapi péstisida sayuran. Urang tiasa ngadamel péstisida sayuran nyalira nganggo daun neem, akar kidang , sareng bako . Carana bako dikeueuman sapeuting, tuluy disaring kakara isukna bisa disemprotkeun saliwat baé ulah baseuh teuing, nyemprotna énjing-énjing atanapi sonten nalika cuacana cerah, henteu hujan, alatan bakal ngaleungitkeun hasiatna. Ogé ulah disemprot mangsa tengah poé éréng-éréngan, sabab cahaya panonpoé anu moncoronh tiasa ngurangan bahan aktif tina péstisida organik ieu.

Rupa-rupa gemuk anu tiasa dianggo pikeun daun déwa nyaéta kandang anu asalna tina sapi, embé, kebo atanapi kandang hayam , sareng gemuk organik atanapi alami sapertos kompos .

Daun déwa tiasa dipanén saatos aranjeunna gaduh bagian salembar daun héjo poék sareng wujudna sampurna. Daunna dicandak nganggo péso anu diberesihan heula, beutina tiasa diala saatos pepelakan yuswa 6-8 sasih. Dina umur éta beutina parantos siap dirintahkeun pikeun binih atawa dapuran anu anyar. [4]

Kandungan kimia[édit | édit sumber]

Bagian anu remen dimangpaatkeun pikeun ubar tayalian daunna, mibanda sababaraha rupi sanyawa: flavonoid, saponin, alkaloid sareng minyak atsiri.[5] Cara pamakéanana rupa-rupa, aya anu digodog, dijieun ntéh, malahan diasakan/dioséng dicampur jeung bahan kadaharan séjénna. [1]

Hasiat[édit | édit sumber]

  1. Analgesik (meredakan rasa nyeri)
  2. Anti Inflamasi (anti radang) - Khasiat daun dewa ngalancarkeun getih anu nyalira dina awakm.
  3. Dimangpaatkeun pikeun nurunkeun darah tinggi.
  4. Ngubaran raheut jeung barareuh.
  5. Dimangpaatekun pikeun ngurangan rasa nyeri.
  6. Ubar ngalancarkeun kahampangan.
  7. Ubar nurunkeun panas/galingging.
  8. Bisa ogé dipaké pikeun ngubaran kencing manis atawa diabetes mellitus.
  9. Daun dewa ubar pikeun meresihan racun dina awak.
  10. Antikoagulan pikeun ngécérkeun getih. [6] .[5][6]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. a b Harmanto, Ning (2005). Menggempur asam urat & rematik dengan mahkota dewa. Jakarta: Agro Media. p. 85. ISBN 9789793702285.  Disungsi5 April 2021
  2. a b Dalimarta, Setiawan (2008). Atlas tumbuhan obat Indonesia. Jakarta: Niaga swadaya. p. 85. ISBN 9789791133142.  Disungsi5 April 2021
  3. a b ying Hu, Shiu- (2005). Food Plants of China. Shanghai: Chinese University Press. pp. 44–45. ISBN 9789622018600.  Disungsi5 April 2021
  4. a b c Pahala Januario Gultom & Hartika Samgryce Siagian, Roby (2019). Potensial Farmakologis Tanaman "Gynura" Analisis Fitokimia & Bioaktivitasnya. Jakarta.: Deepublish. pp. 44–45. ISBN 9786232096080.  Disungsi5 April 2021
  5. a b Maryani & Dra. Suharmiati, M.Si., Apt., Dra. Herti (2005). Khasiat & Manfaat Daun Dewa & Sambung nyawa. Jakarta: Agro Media. p. 11. ISBN 9789793357485.  Disungsi5 April 2021
  6. a b Damayanti, Dewi; Agung Sugiarto, Tinton Dwi Putra, Novi Widianti, Nina Wulan Dari (2008). Buku Pintar Tanaman Obat: 431 jenis tanaman penggempur aneka penyakit. Jakarta: AgroMedia. p. 103. ISBN 9789790061941.