Dedi Hamdun
Dedi Hamdun atanapi Dedy Umar Hamdun nyaéta hiji pangusaha jeung politikus ti Partéy Persatuan Pembangunan (PPP) anu ngaleungit nalika reformasi 1997-1998, tepatna dina 29 Méi 1997 di Tebet.[1] Anjeunna ngaleungit barengan jeung sopirna, Ismail,[2] jeung babaturanna, Noval Alkatiri. Aranjeunna diculik barang kaluar ti Rumah Sakit Bunda di Jakarta.[3][4][5]
Sanggeus diculik, bisnisna paburantak boh asetna, lahanna, hartana atanapi perusahaannana, ngaleungit teu aya tinggal nu mantak kaluwargana jadi susaheun kacida. Cara salila dua taun, kaluwargana cicing di imah nu di Jakarta teu maké listrik jeung aksés cai beresih. Dina hiji mangsa, anakna anu mimitina ditawarkeun wawancara malahan diancam ngungkabkeun kajadian éta ka média. Pamajikan kahijina, Laila Hilaby, ngalaman gangguan psikologis, teu tiasa narima leungitna Dedi Hamdun nepi ka ayeuna, jeung ku kituna kudu rutin nginum obat ti psikiater.[6]
Kronologi
[édit | édit sumber]Dedi Hamdun katelah aktip ngadukung Mega-Bintang salaku pasangan calon présidén jeung wakil présidén pikeun ngagantikeun Soeharto saméméh Pamilihan 1997.
Dina Méi 1997, anakna anu katilu, Hakim, anu keur aya di Ambon ujug-ujug narima telpon ti bapana. Lahirna yén bapana ngjangjikeun bakal mawa duit loba ka imah sarta nitip pesen ka Hakim jeung ninina teu kudu hawatir. Nanging, anéhna isukna seueur koran lokal anu ngawartakuen Dedi Hamdun leungit diculik di Jakarta sababaraha poé saméméhna.[6]
Saméméhna, Dedi Hamdun sempet ngariung jeung pamajikanana sarta dua anak awéwéna di Hotel Nirwana Jakarta. Anjeunna ngomongkeun proyék akuisisi hiji lahan di Gatot Subroto jeung Cisarua. Tina hasil éta ngajangjikeun bakal ngabagikeun sawaréh lahan éta pikeun kulawargana. Sanggeus tidinya, pamajikana jeung anak-anakna balik ka imah, ninggalkeun Dedi Hamdun sorangan di hotél kulantaran rék neruskeun perkara bisnisna téa. Isukna, Dedi Hamdun ngaleungit teu ninggalkeun tapak sababaraha minggu lilana.[7]
Raharja Waluya Jati, ogé salah sahiji korban penculikan taun 1998, nyatakeun yén anjeunna henteu pernah pendak langsung jeung Dedi Hamdun nalika anjeunna diculik. Nanging, anjeunna ngadangu ti sasama korban penculikan yén Dedi Hamdun aya di salah sahiji sél ngahiji jeung Pius Lustrilanang sarta Desmond Junaidi Mahesa di Pos Komando Taktis (Poskotis) Komando Pasukan Khusus Angkatan Darat Indonesia (Kopassus) di Cijantung, Jakarta Wétan.[7]
Asét anu leungit
[édit | édit sumber]Numutkeun Hakim, putrana, Dedi sempet ngabogaan 33 persén kapamilikan parusahaan di Jawa Kulon, anu asét lahana nepi ka 135 héktar. Anjeunna ogé boga hiji lahan nu luasna 1.000 m² di Cempaka Putih, Jakarta Pusat. Sallian ti éta, aya sababraha mobil, diantarana tilu unit hardtop, hiji Mercedes-Benz, BMW, CJ7, Jeep Mercy, jeung Pajero First Edition, kabéh ngaleungit hiji-hiji.[6]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ Tim Redaksi. "Kasus Penculikan dan Penghilangan Paksa Aktivis 1997-1998: Siapa Bertanggungjawab?" (PDF). kontras.org (Dina basa Indonesia). hlm. 2.
- ↑ Tempo Publishing (2025). Wiji Thukul, Teka-Teki Orang Hilang (Dina basa Indonésia). Jakarta: Kepustakaan Populer Gramedia. hlm. 142. ISBN 9786024817619. Diaksés tanggal 18 Désémber 2025. Pemeliharaan CS1: Bahasa yang tidak diketahui (link)
- ↑ Tim Redaksi (31 Juli 2023). "Keluarga Deddy Hamdun Korban Penculikan 97 Surati Jokowi". nasional (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 18 Désémber 2025.
- ↑ Taher, Wiguna (3 Agustus 2023). "Derita Keluarga Dedi Hamdun, Korban Penculikan 1997 yang tak Tersentuh Bantuan Pemerintah". Inilah.com (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 18 Désémber 2025.
- ↑ Michella, Widya (16 Désémber 2023). "Keluarga Dedi Hamdun Korban Penculikan 1997 Minta Keadilan ke Pemerintah". Okezone (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 18 Désémber 2025.
- 1 2 3 Sugandi, Ahmad Thovan (31 Juli 2023). Widhana, Dieqy Hasbi (éd.). "Telepon Terakhir dan Derita Keluarga Hamdun". detikx. Diaksés tanggal 18 Désémber 2025.
- 1 2 Mardatila, Ani (1 Agustus 2023). "Penculikan Tangan Kanan Cendana & Loyalis Mega-Bintang". detikx. Diaksés tanggal 18 Désémber 2025.