Dieng Plateau

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Artikel ieu keur dikeureuyeuh, punten tong waka diédit atawa dirobah eusina.
Sunrise di Diéng

Dieng Plateau atawa sok disebut ogé dataran luhur Diéng, mangrupa salah sahiji situs bersejarah anu kasohor di Indonésia. Diéng diapit ku dua Kabupatén, nyaéta Kabupatén Wonosobo jeung Kabupatén Banjarnagara.[1]Luhurna kurang leuwih 2.000 mdpl sarta jadi dtaraan luhur anu dianggpa panglegana ka dua di dunya sabada dataran luhur Népal di India. Diéng geus kakoncara ti ratusan taun ka tukang salaku tempat wisata anu pikatajieun, kira-kira abad ka-19 gé geus loba wisatawan anu datang ka Diéng boh lokal atawa mancanagara alantaran kataji ku kawah-kawah vulkanik, guha-guha jeung candi-candi anu eueyeub ku carita-carita sajarah.[2][3]Sajaba ti éta kaéndahan alam séjénna ogé teu éléh matak hélok, curug upamana.[4]

Profil Diéng[édit | édit sumber]

Profil Keterangan
Étimologi Secara harpiah, ngaran Diéng asal kecapna tina basa Sansekerta nyaéta tina kecap“ardhi” anu hartina gunung jeung tina kecap “hyang” anu hartina para déwa.


Sajaba kitu, aya pamanggih séjén, nyaéta aya nu ngartikeun yén Diéng asal kecapna tina “edi” anu hartina geulis jeung “aeng” anu hartina anéh.

Lega wilayah Diéng Wétan, Kab Wonosobo (282 Ha) jeung Diéng Kulon, Kab. Banjarnegara (338 Ha)
Sacara Géografis 4°37’ – 5°15’ Lintang Selatan, 106°32’ – 106°52’ Bujur Timur.
Sacara Astronomi 7,20° Lintang Selatan dan 109,92° Bujur Timur.
Bagian-bagian administratif Diéng Wétan, Kacamatan Kejajar Kab. Wonosobo jeung Dieng Kulon, Kecamatan Batur Kab. Banjarnegara.
Bates Wilayah Beulah Kalér : Kabupatén Kendal, Barat Laut : Kabupatén Pekalongan, Kulon : Gunung Sindoro jeung Gunung Sumbing.
Propinsi Jawa Tengah
Poténsi Pertanian, Pariwisata jeung Peternakan
Sesebutan Negeri diatas awan
Tempat wisata kasohor Telaga Warna, Kawah Sikidang, Candi Arjuna, Sunrise Sikunir, Telaga Ménjér, Museum Kailasa, Telaga Pengilon, Sumur Jalatunda, Talaga Cebong, Telaga Merdada, Diéng Plateau Theater.

Wilayah Administratif[édit | édit sumber]

Diéng Plateau mangrupa bagian tina wilayah Diéng Kulon, anu aya di Kacamatan Batur, Kabupatén Banjarnagara jeung sawaréhna deui mangrupa wilayah désa Diéng Wétan, Kacamatan Kejajar, Kabupatén Wonosobo. Kabupatén Wonosobo sorangan angrupa lawang sakéténg pikeun asup ka Diéng kalawan téréh jeung gampang.[4][5]

Junghuhn Plateau Dieng

Kawasan Diéng[édit | édit sumber]

Dumasar kana Pergub no. 5 Taun 2009 ngeunaan lingkungan hirup, kawasan Diéng Plateau aya dina koordinat 109° 41’ 00’’ nepi ka 109° 58’ 00’’ Bujur Timur dan 07° 09’ 30’’ nepi ka 07° 17’ 00’’ Lintang Selatan, anu ngawengku 6 (genep) Kabupaten, 18 (dalapan welas) Kecamatan jeung 109 (seratus salapan) Désa.[4]

Tabél Daftar Ngaran Désa Kawasan Diéng Dumasar Pergub No.5 Taun 2009[édit | édit sumber]

Kabupatén Nama Kacamatan jeung Désa
Wonosobo Kacamatan Kejajar 16 Désa (Diéng, Patakbanteng, Jojogan, Parikesit, Tieng, Sureng gedé, Igirmranak, Kejajar, Serang, Sembungan, Sikunang, Kreo, Buntu, Tambi, Sigedang dan Campursari)


Kacamatan Garung 6 Desa (Tlogo, Maron, Menjer, Larangan Lor, Désa Mlandi, Désa Tegalsari)


Kacamatan Mojotengah 2 Désa (Slukatan, Deroduwur),


Kacamatan Watumalang 3 Désa (Mutisari, Krinjing, Kalidesel).

Banjarnegara Kacamatan Batur 8 Désa (Dieng Kulon, Bakal, Karang Tengah, Kepakisan, Pekasiran, Pesurenan, Sumberrejo, Batur)


Kacamatan Wanayasa 7 Desa (Penanggungan, Legoksayem, Kasimpar, Jatilawang, Wanareja, Tempuran, Balun)


Kacamatan Kalibening 3 Désa (Kasinoman, Plorengan, Sirukem)


Kacamatan Pejawaran 7 Desa (Gembol, Condongcampur, Ratamba, Sidengok, Penusupan, Grogol, Semangkung).

Temanggung Kacamatan Tretep 5 Desa (Tempelsari, Campurejo, Bonjor, Nglarangan, Sigedong)


Kacamatan Wonoboyo 5 Desa (Rejosari, Wates, Cemoro, Tawangsari, Purwosari)

Kendal Kacamatan Sukorejo 4 Desa (Bringinsari, Purwosari, Ngargosari, Genting Gunung)


Kacamatan Plantungan 3 Desa (Kediten, Blumah, Tlogopayung)

Batang Kacamatan Bawang (Gunungsari, Kalirejo, Kebaturan, Jambangan, Deles, Pranten)


Kacamatan Reban 5 Desa (Mojotengah, Pacet, Cablikan, Ngroto, Ngadirejo)


Kacamatan Blado 6 Desa (Gerlang, Kembanglangit, Kalitengah, Bismo, Gondang, Keteleng)


Kacamatan Bandar 4 Desa (Tombo, Tumbrep, Wonomerto, Wonodadi)


Kacamatan Wonotunggal 2 Desa (Silurah, Sodong)

Pekalongan Kacamatan Petungkriyono 9 Desa (Tlogohendro, Simego, Gumelem, Yosorejo, Kayupuring, Tlogopakis, Curug muncar, Kasimpar, Songgodadi)

Aktivitas Vulkanik[édit | édit sumber]

Diéng mangrupa kawasan anu loba aktivitas vulkanikna, upamana aya Yellowstone jeung Dataran Luhur Tengger. Diéng sabanerna mah mangrupa kaldéra kalayan sabudeureunna dilingkung ku gunung-gunung. Ku kituna, teu héran saupama Diéng jadi tanah anu subur sabab loba ngandung rupa-rupa mineral. Sajaba ti éta loba ogé dano-dano vulkanik, di antrana aya Talaga Warna, Talaga Pengilon, Talaga Merdada, Talaga Dringo, Talaga Nila, jeung Talaga Cebong anu aya di Désa Sembungan.[1][2]

Kawah Sikidang, Dieng Plateau

Sajarah Aktivitas Vulkanik[édit | édit sumber]

Kabupatén Nama Kacamatan jeung Désa
Wonosobo Kacamatan Kejajar 16 Désa (Diéng, Patakbanteng, Jojogan, Parikesit, Tieng, Sureng gedé, Igirmranak, Kejajar, Serang, Sembungan, Sikunang, Kreo, Buntu, Tambi, Sigedang dan Campursari)


Kacamatan Garung 6 Désa (Tlogo, Maron, Menjer, Larangan Lor, Désa Mlandi, Désa Tegalsari)


Kacamatan Mojotengah 2 Désa (Slukatan, Deroduwur),


Kacamatan Watumalang 3 Désa (Mutisari, Krinjing, Kalidesel).

Banjarnegara Kacamatan Batur 8 Désa (Dieng Kulon, Bakal, Karang Tengah, Kepakisan, Pekasiran, Pesurenan, Sumberrejo, Batur)


Kacamatan Wanayasa 7 Désa (Penanggungan, Legoksayem, Kasimpar, Jatilawang, Wanareja, Tempuran, Balun)


Kacamatan Kalibening 3 Désa (Kasinoman, Plorengan, Sirukem)


Kacamatan Pejawaran 7 Désa (Gembol, Condongcampur, Ratamba, Sidengok, Penusupan, Grogol, Semangkung).

Temanggung Kacamatan Tretep 5 Désa (Tempelsari, Campurejo, Bonjor, Nglarangan, Sigedong)


Kacamatan Wonoboyo 5 Désa (Rejosari, Wates, Cemoro, Tawangsari, Purwosari)

Kendal Kacamatan Sukorejo 4 Désa (Bringinsari, Purwosari, Ngargosari, Genting Gunung)


Kacamatan Plantungan 3 Désa (Kediten, Blumah, Tlogopayung)

Batang Kacamatan Bawang (Gunungsari, Kalirejo, Kebaturan, Jambangan, Deles, Pranten)


Kacamatan Reban 5 Désa (Mojotengah, Pacet, Cablikan, Ngroto, Ngadirejo)


Kacamatan Blado 6 Désa (Gerlang, Kembanglangit, Kalitengah, Bismo, Gondang, Keteleng)


Kacamatan Bandar 4 Désa (Tombo, Tumbrep, Wonomerto, Wonodadi)


Kacamatan Wonotunggal 2 Désa (Silurah, Sodong)

Pekalongan Kacamatan Petungkriyono 9 Désa (Tlogohendro, Simego, Gumelem, Yosorejo, Kayupuring, Tlogopakis, Curug muncar, Kasimpar, Songgodadi)

Tutuwuhan Éndemis[édit | édit sumber]

Carica

Di wilayah Diéng aya sababaraha rupa tutuwuhan éndemis anu jadi ciri has na, di antaranya nyaéta aya purwaceng. Purwaceng ngabogaan hasiat anu sarua jeung tutuwuhan gingséng. Satuluyna aya carica. Carica mangrupa tutuwuhan anu mirip gedang, sarata biasana diolah jadi manisan. Carica sisebut-sebut salaku buah-buahanna para déwa [6] Sajaba ti dua tutuwuhan éta, di Diéng loba kacida sayuran anu dihasilkeun kalayan kualitas super. Sayuran éta di antarana aya kol, kentang, wortel, jeung sajabana.[1]

Lapangan Géotérmal Diéng[édit | édit sumber]

Diéng mangrupa wilayah vulkanik anu lega, ku kituna teu héran saupama loba ngahasilkeun énérgi panas anu bisa dimangpaatkeun jadi pembangkit tenaga listrik. Lokasi énérgi panas bumi ieu ayana di Kacamatan Batur Kabupatén Banjarnagara jeung di Kacamatan Kejajar Kabupatén Wonosobo. Legana kira-kira 107.351.995 ha. Satuluyna dina taun 1964/1965 UNESCO netepkeun Diéng salaku sumber panas bumi anu ngabogaan poténsi pangalusna sa-Indonésia. Sumur panas bumi anu di bor na jerona kurnag leuwih antara 1500 m-2000 m sarta ngabogaan cadangan uap panas bumi kurang leuwih 280-340 MW.[1]

Dieng Culture Festival[édit | édit sumber]

Dieng Culture Festival mangrupa tradisi lokal masarakat Diéng anu dilaksnakeun sataun sakali, biasana dilaksanakeun unggal bulan Agustus. Dieng Culture Festival téh mangrupa kagiatan ruatan anu disaksian ku wisatawan lokal jeung mancanagara sarta loba diliput ku média asing, salah sahiji kagiatanna nyaéta "Ruatan Rambut Gémbél".

Référénsi[édit | édit sumber]

  1. a b c d Asriyati. "Dieng Plateau Dan Destinasi Wisatanya Yang Ciamik". Good News From Indonesia (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2020-06-30. 
  2. a b Pinem, Walter (2014-12-19) (dalam bahasa en-US). Menjelajahi Dataran Tinggi Dieng Plateau, Jawa Tengah. https://walterpinem.me/dataran-tinggi-dieng-plateau/. 
  3. Asriyati. "Dieng Plateau Dan Destinasi Wisatanya Yang Ciamik". Good News From Indonesia (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2020-06-30. 
  4. a b c "DIENG PLATEAU - Wisata Dieng di Jawa Tengah Indonesia" (dalam en-US). Diakses tanggal 2020-06-30. 
  5. "Dieng Plateau - Dataran Tinggi Dieng". dieng backpacker (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2020-06-30. 
  6. "Wisata Dieng Plateau, Harga Tiket 2020, Lokasi dan Fasilitas | TripJogja™". Tripjogja™ | Paket Wisata Jogja & EO MICE Terbaik Jogja (dalam en-US). Diakses tanggal 2020-06-30.