Diptéri
| Diftéri | |
|---|---|
| Diftéri bisa nyababkeun beuheung bareuh nepi ka disebut leher banténg.[1] | |
| Spesialisasi | Panyakit nular |
| Gejala | Nyeri tikoro, muriang, batuk[2] |
| Awal muncul | 2–5 poé sanggeus keuna ku baktéri[1] |
| Musabab | Corynebacterium diphtheriae (sumebar ngaliwatan kontak langsung jeung hawa)[1] |
| Diagnosis | Tikoro, kultur[2] |
| Pencegahan | Vaksin difteri[1] |
| Cara ngarawat | Antibiotik, trakeotomi[1] |
| Frekuensi | 4.500 (dilaporkeun taun 2015)[3] |
| Kematian | 2.100 (2015)[4] |
Diftéri nyaéta panyakit anu disababkeun ku baktéri Corynebacterium diphtheria. Inféksi diftéri keuna kana tikoro jeung sistem saluran pernapasan bagian luhur. Lian ti éta, ieu baktéri ogé bisa ngahasilkeun baruang anu bisa ngabahayakeun organ-organ awak anu lian. Antukna, loba selaput jaringan anu paéh numpuk dina tikoro jeung amandel nepi ka hésé keur ambekan. Diftéri bisa tatalépa ngaliwatan kontak langsung tina ambekan, batuk jeung bersin ti jalma anu geus kainféksi.[5]
Gejala
[édit | édit sumber]- Gejala anu daria muncul antara dua nepi opat poé sanggeus baktéri ngainféksi awak manusa.[5]
- Dina tikoro nyangkaruk selaput kandel warna semu kulawu.[5]
- Radang tikoro nepi ka karasa nyeri jeung sora anu kaluar serak.[5]
- Bareuhna kelenjar dina beuheung.[5]
- Kakeunaan hésé ambekan jeung nyeri ngeleg.[5]
- Tetempoan jadi ngolémbar kurang jelas.[5]
- Nyababkeun tatu dina kulit nepi ka waranana beureum, nyeri jeung bareuh.[5]
- Muriang nepi ngeleper kejang.[5]
- Loba kareuwas, saperti ngucur késang, pasemon kurang sumanget jeung jantung nurugtug rada gancang.[5]
- Baktéri panyakit diftéri bisa népakeun dina jangka waktu opat minggu ka hareup lamun teu gancang dibéré antibiotik.[5]
Vaksin
[édit | édit sumber]Di Indonésia vaksin panyakit diftéri biasana dibikeun dina wangun imunisasi DPT (Diftéri, Pértusis, Tétanus) anu lobana lima kali sabada umur orok nincak 5 bulan. Orok kudu dibéré vaksin lima kali kalayan rincian dina umur 2 bulan, umur 3 bulan, umur 4 bulan, umur 18 bulan, jeung umur 4 nepi ka 6 taun. Keur budak anu umurna saluhureun 7 taun dibéré vaksinasi TD atawa TDAP. Ieu vaksin kudu diulang unggal 10 taun sakali. Ieu aturan vaksinasi lumaku ogé keur jalma anu geus sawawa.[6]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ a b c d e Atkinson, William (Méi 2012). Diphtheria Epidemiology and Prevention of Vaccine-Preventable Diseases (Édisi 12). Public Health Foundation. hlm. 215–230. ISBN 9780983263135. Diarsipkeun ti asli tanggal 15 Séptémber 2016.
- ↑ a b "Diphtheria vaccine" (PDF). Wkly Epidemiol Rec. 81 (3): 24–32. 20 Januari 2006. PMID 16671240. Diarsipkeun ti asli (PDF) tanggal 6 Juni 2015.
- ↑ "Diphtheria". who.int. 3 Séptémber 2014. Diarsipkeun ti asli tanggal 2 April 2015. Diaksés tanggal 27 April 2021.
- ↑ GBD 2015 Mortality and Causes of Death, Collaborators. (8 Oktober 2016). "Global, regional, and national life expectancy, all-cause mortality, and cause-specific mortality for 249 causes of death, 1980-2015: a systematic analysis for the Global Burden of Disease Study 2015". Lancet. 388 (10053): 1459–1544. doi:10.1016/s0140-6736(16)31012-1. PMC 5388903. PMID 27733281. Pemeliharaan CS1: Nama numerik: authors list (link)
- ↑ a b c d e f g h i j k Nurin, Fajarina. "Difteri: Gejala, Penyebab, Obat, dan Cara Mencegah". Hello Sehat (Dina basa Indonesia). 03-01-2021. Diaksés tanggal 2021-04-27.
- ↑ Mustinda, Lusiana. "Tentang Difteri: Pencegahan Hingga Pengobatannya". detikHealth (Dina basa Indonesia). 24-10-2019. Diaksés tanggal 2021-04-27. Archived 2021-04-27 di Wayback Machine