Lompat ke isi

Doméstikasi sato

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Doméstikasi sato téh nya éta prosés parobahan sipat génétik, fisik, jeung paripolah sato galak ti turunan ka turunan nepi ka sato bisa adaptasi pikeun hirup babarengan jeung manusa. Sato doméstik téh ngaranna pikeun sato-sato nu geus ngaliwatan prosés doméstikasi, sarta sacara umum kalangsungan hirupna gumantung ka manusa.

Bédana sipat antara sato doméstik jeung karuhunna nu asalna sato galak kungsi dipaliré ku Charles Darwin. Anjeunna ogé anu pangheulana ngenalkeun bédana antara séléksi buatan nu dilakukeun sacara sadar, nyaéta nalika manusa milih sipat-sipat nu dipikahayang, jeung séléksi teu sadar, nyaéta nalika hiji organismeu mekar jeung robah sipatna minangka hasil tina séléksi alam.[1][2] Doméstikasi henteu bisa disaruakeun jeung panjinakan, sabab panjinakan téh ngan ukur ngarobah paripolah sato galak sangkan bisa narima ayana manusa sarta henteu nyingkahan manusa. Sedengkeun doméstikasi mah mangrupakeun parobahan génétik permanén dina hiji garis turunan sato, sahingga sipat karékadikeun ka manusa téh bisa diwariskeun.[3][4]

Sababaraha panalungtik ngusulkeun hiji modél pikeun ngajelaskeun jalur nu dilakonan ku sato dina prosés doméstikasi. Modél ieu ngawengku jalur koménsalis, nyaéta nalika sato galak adaptasi jeung lingkungan manusa saperti anjing, ucing, manuk, jeung meureun babi; jalur mangsa, nyaéta nalika sato galak diburu pikeun didahar saperti domba, embé, sapi, munding, yak, babi, uncal kutub, llama, jeung alpaka; sarta jalur terarah, nyaéta nalika sato galak dijadikeun sumber tanaga tibatan pikeun pangan saperti kuda, kalde, jeung onta.[5][6][7]

Anjing mangrupa sato anu pangheulana didoméstikasi, sarta geus hirup babarengan jeung manusa di sakuliah Érasia saméméh ahir mangsa Pléistosén Ahir, jauh saméméh aya tatanén pepelakan jeung doméstikasi sato-sato séjén.[8][9] Béda jeung sato doméstik séjénna anu karuhunna dipilih lantaran sipat-sipat nu aya patalina jeung produksi, anjing ti awalna mah dipilih ku sabab paripolahna. Data arkéologi jeung génétik nunjukkeun yén aliran gén dua arah jangka panjang antara sato galak jeung doméstik, kaasup keledé, kuda, onta, embeé, domba, jeung babi, mangrupa hal nu biasa.[7] Hasil panalungtikan ogé nyimpulkeun yén séléksi buatan ku manusa pikeun milih sipat doméstik bisa nétralkeun pangaruh homogénisasi tina aliran gén babi galak ka babi doméstik sarta nyieun pulo-pulo doméstikasi dina génomna. Prosés anu sarua ogé kapanggih dina sato doméstik séjénna.[10]

Définisi

[édit | édit sumber]

Doméstifikasi

[édit | édit sumber]

Doméstikasi téh miboga rupa-rupa harti nurutkeun sababaraha sumber ilmiah. Dina taun 2012, Melinda Zeder, saurang ahli zooarkéologi, ngartikeun doméstikasi minangka “hubungan mutualistik multigenerasi anu lumangsung terus, nalika hiji organisme (nyaéta manusa) nyekel pangaruh anu penting kana baranahan jeung pangasuhan organisme séjén (nyaéta sato) pikeun ngajamin kacumponan sumber daya anu leuwih bisa diprédiksi, sarta nalika organisme layanna (sato nu didoméstikasi) meunang kauntungan dibandingkeun jeung individu séjén nu teu kaasup kana hubungan ieu, nepi ka boh manusa boh sato anu didoméstikasi meunangkeun mangpaat jeung sering kali ngaronjatkeun kamampuh hirupna.”[5]

Définisi ieu ngakuan yén prosés domestikasi ngandung boh komponén biologis boh komponén budaya, sarta mibanda pangaruh kana manusa jeung kana sato atawa tutuwuhan nu didoméstikasi. Saban définisi domestikasi nu geus dirumuskeun saméméhna sok nembongkeun hubungan antara manusa jeung tutuwuhan atawa sato, tapi biasana leuwih nekenkeun kana peran manusa minangka palaku utama. Sedengkeun, definisi Zeder mah ngakuan hubungan mutualistik, nyaéta boh manusa boh organisme séjénna duanana meunangkeun kauntungan. Doméstikasi kacida ngaronjatkeun kamampuh baranaan pepelakan pangan, sato piara, jeung sato kasayanan nepi ka jauh leuwih ti batan karuhunna nu galak. Doméstikasi ogé méré ka manusa sumber daya nu bisa dikawasa, dipindahkeun, jeung didistribusikeun deui kalayan leuwih aman jeung leuwih bisa diprédiksi. Ieu hal nu jadi kauntungan pikeun manusa, anu tuluy micu ledakan populasi agrikultur jeung pastoral sarta sumebarna ka sakuliah dunya.[5]

Salaku salah sahiji wangun mutualisme, doméstikasi teu ngan ukur aya dina hubungan antara manusa jeung tutuwuhan atawa sato wungkul, tapi ogé kapanggih dina hubungan antara organisme nu lain manusa. Contona, aya bukti yén aya hubungan mutualisme antara héhéan jeung jamur, nu nunjukkeun yén héhéan motong daun ngalakukeun doméstikasi kana jamur tangtu.[11]

Sindrom doméstikasi

[édit | édit sumber]

Sindrom doméstikasi téh istilah nu ti heula dipaké pikeun ngajelaskeun runtuyan sipat-sipat fénotipe nu mucunghul salila prosés doméstikasi sarta ngabédakeun pepelakan doméstik jeung karuhunna nu asalna pepelakan liar.[12][13] Saterusna, istilah ieu ogé dipaké pikeun sato. Sindrom doméstikasi dina sato di antarana nyaéta ngaronjatna sipat patuh jeung jinak, parobahan warna jeung pola bulu, leutikna ukuran huntu, parobahan wangun tangkorak, parobahan wangun ceuli jeung buntut (misalna ceuli jadi ngagantung), siklus éstrus nu leuwih sering jeung henteu musiman, parobahan tingkat hormon adrénokortikotropik, parobahan konséntrasi sababaraha neurotransmiter, panjangna paripolah budak, jeung leutikna ukuran uteuk sacara total atawa dina bagian-bagian tangtu.[14] Sanajan kitu, sipat-sipat nu dipaké pikeun ngajelaskeun sindrom doméstikasi dina sato kadang teu salawasna konsistén.[15]

Bédana jeung panjinakan

[édit | édit sumber]

Doméstikasi béda jeung panjinakan. Sato jinak téh sato liar anu ditangkep, dipiara, jeung dilatih sangkan biasa hirup deukeut jeung manusa. Panjinakan téh usaha pikeun ngajadikeun sato liar bisa narima ayana manusa jeung kadang sanggup ngalakukeun tugas nu tangtu, tapi henteu ngalaman parobahan genétik nu penting. Sedengkeun doméstikasi mah mangrupakeun parobahan genétik permanén dina hiji garis turunan sato nepi ka sipat karékadikeun ka manusa téh bisa diwariskeun.[3][4] Manusa biasana milih sato nu jinak, tapi lamun teu aya réspon évolusionér anu sasuai, doméstikasi mah teu kajadian.[6]

Sato doméstik ogé can tangtu sok miboga paripolah jinak, contona sapi aduan Spanyol. Sabalikna, sato liar bisa waé berparipolah jinak, saperti citah anu dipiara ti leutik. Sato-sato liar anu dikembangbiakkeun sababaraha generasi di tempat panangkaran, saperti maung, gorila, jeung biruang kutub, ogé henteu kaasup kana sato doméstik.[4] Gajah Asia nyaéta conto sato liar nu jinak jeung nunjukkeun sababaraha tanda doméstikasi, tapi perkembangbiakanna henteu dikawasa ku manusa, ku kituna teu bisa digolongkeun minangka sato doméstik.[16]

Sumber rujukan

[édit | édit sumber]
  1. "The variation of animals and plants under domestication. : By Charles Darwin ... In two volumes. With illustrations | WorldCat.org". search.worldcat.org (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-09-18.
  2. Larson, Greger; Piperno, Dolores R.; Allaby, Robin G.; Purugganan, Michael D.; Andersson, Leif; Arroyo-Kalin, Manuel; Barton, Loukas; Climer Vigueira, Cynthia; Denham, Tim (2014-04-29). "Current perspectives and the future of domestication studies". Proceedings of the National Academy of Sciences. 111 (17): 6139–6146. doi:10.1073/pnas.1323964111. PMC 4035915. PMID 24757054.
  3. a b E.O, Price. Principles and Applications of Domestic Animal Behavior An Introductory Text (Dina basa Inggris). CABI. ISBN 978-1-78064-055-6.
  4. a b c Driscoll, Carlos A.; Macdonald, David W.; O'Brien, Stephen J. (2009-06-16). "From wild animals to domestic pets, an evolutionary view of domestication". Proceedings of the National Academy of Sciences. 106 (supplement_1): 9971–9978. doi:10.1073/pnas.0901586106. PMC 2702791. PMID 19528637.
  5. a b c Zeder, Melinda A. (2012-06). "The Domestication of Animals". Journal of Anthropological Research. 68 (2): 161–190. doi:10.3998/jar.0521004.0068.201. ISSN 0091-7710.
  6. a b Larson, Greger; Fuller, Dorian Q. (2014-11-23). "The Evolution of Animal Domestication". Annual Review of Ecology, Evolution, and Systematics (Dina basa Inggris). 45 (Volume 45, 2014): 115–136. doi:10.1146/annurev-ecolsys-110512-135813. ISSN 1543-592X.
  7. a b Marshall, Fiona B.; Dobney, Keith; Denham, Tim; Capriles, José M. (2014-04-29). "Evaluating the roles of directed breeding and gene flow in animal domestication". Proceedings of the National Academy of Sciences. 111 (17): 6153–6158. doi:10.1073/pnas.1312984110. PMC 4035985. PMID 24753599.
  8. Larson, Greger; Karlsson, Elinor K.; Perri, Angela; Webster, Matthew T.; Ho, Simon Y. W.; Peters, Joris; Stahl, Peter W.; Piper, Philip J.; Lingaas, Frode (2012-06-05). "Rethinking dog domestication by integrating genetics, archeology, and biogeography". Proceedings of the National Academy of Sciences. 109 (23): 8878–8883. doi:10.1073/pnas.1203005109. PMC 3384140. PMID 22615366.
  9. Perri, Angela (2016-04-01). "A wolf in dog's clothing: Initial dog domestication and Pleistocene wolf variation". Journal of Archaeological Science. 68: 1–4. doi:10.1016/j.jas.2016.02.003. ISSN 0305-4403.
  10. Frantz, Laurent A. F.; Schraiber, Joshua G.; Madsen, Ole; Megens, Hendrik-Jan; Cagan, Alex; Bosse, Mirte; Paudel, Yogesh; Crooijmans, Richard P. M. A.; Larson, Greger (2015-10). "Evidence of long-term gene flow and selection during domestication from analyses of Eurasian wild and domestic pig genomes". Nature Genetics (Dina basa Inggris). 47 (10): 1141–1148. doi:10.1038/ng.3394. ISSN 1546-1718.
  11. Mueller, Ulrich G.; Rehner, Stephen A.; Schultz, Ted R. (1998-09-25). "The Evolution of Agriculture in Ants". Science. 281 (5385): 2034–2038. doi:10.1126/science.281.5385.2034.
  12. Hammer, Karl (1984-06-01). "Das Domestikationssyndrom". Die Kulturpflanze (Dina basa Jérman). 32 (1): 11–34. doi:10.1007/BF02098682. ISSN 1573-5109.
  13. Olsen, Kenneth M.; Wendel, Jonathan F. (2013-04-29). "A Bountiful Harvest: Genomic Insights into Crop Domestication Phenotypes". Annual Review of Plant Biology (Dina basa Inggris). 64 (Volume 64, 2013): 47–70. doi:10.1146/annurev-arplant-050312-120048. ISSN 1543-5008.
  14. S, Wilkins, Adam; W, Wrangham, Richard; Tecumseh, Fitch, W (2014-07-01). "The "Domestication Syndrome" in Mammals: A Unified Explanation Based on Neural Crest Cell Behavior and Genetics". Genetics (Dina basa Inggris). 197 (3). doi:10.1534/genetic. Pemeliharaan CS1: Banyak nama: authors list (link)
  15. Lord, Kathryn A.; Larson, Greger; Coppinger, Raymond P.; Karlsson, Elinor K. (2020-02-01). "The History of Farm Foxes Undermines the Animal Domestication Syndrome". Trends in Ecology & Evolution (Dina basa English). 35 (2): 125–136. doi:10.1016/j.tree.2019.10.011. ISSN 0169-5347. PMID 31810775. Pemeliharaan CS1: Bahasa yang tidak diketahui (link)
  16. "Table of Contents". www.fao.org. Diaksés tanggal 2025-09-18.