Lompat ke isi

Donkervoort

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Lambang Donkervoort
Donkervoort Automobielen B.V.
IndustriOtomotif
Ngadeg1 Juli 1978; 0 detik lalu (1978-07-01)
Nu ngadegkeunJoop Donkervoort
MarkasLelystad, Walanda
Daérah layananÉropa
Amérika Kalér
Israél
Uni Émirat Arab
Jalmi pentingDenis Donkervoort (Chairman sarta CEO),
ProdukMobil sport ultra-hampang anu dijieun ku leungeun (hand-built)
Pagawé20–25
Ramatlokawww.donkervoort.com
Donkervoort F22, BAS 24, dipintonkeun di Brussels

Donkervoort; Donkervoort Automobielen BV nyaéta hiji produsén mobil sport anu hampang sarta dijieun ku leungeun (hand-built) anu puseurna di Lelystad, Walanda. Ieu mérek mobil diadegkeun dina taun 1978 ku Joop Donkervoort.

Dina taun 1996, mesin-mesin Ford anu dipaké ku Donkervoort diganti ku mesin-mesin Audi. ‘’Slogan Donkervoort – "No Compromise" (tanpa kompromi)’’ – miboga harti nyupiranna henteu dibantu ku pakakas éléktronik naon baé, saperti ABS (anti-lock braking system), electronic stability program (ESP), atawa power steering.


Sajarah perusahaan

[édit | édit sumber]

Donkervoort nyaéta hiji perusahaan swasta anu dikawasa ku pangadegna tayalian, Joop Donkervoort, dugi ka anjeunna pangsiun dina taun 2019 saterusna putrana, Denis, ngagentos anjeunna salaku Diréktur Utama dina taun 2021. Marianne Donkervoort, anu mangrupa pamajikan Joop, sarta Amber, putra awéwéna, ogé miboga peran penting dina ngembangkeun bisnis sarta branding ieu perusahaan.[1] Amber nyaéta saurang anu ahli dina widang olahraga tunggang kuda (equestrian) anu ngagabung ka perusahaan salaku manajér pamasaran sanggeus réngsé magang di Cina.[2] Nami Donkervoort S8A dicandak tina nami Amber, sedengkeun D8 dicandak tina nami Denis.[3]


Joop ngamimitian ieu perusahaan salaku pangimpor kit car dina taun 1978, nanging saatos terang yén anjeunna kedah ngalakukeun parobahan anu signifikan supados mobil-mobil kit anu dirakit téh sah dianggo di jalan raya (street legal), anjeunna mimiti ngawangun mobil S7 anu munggaran nganggo desain anu dicandak tina Lotus Seven di hiji gudang di Tienhoven.[4][5] Dina taun 1983, Donkervoort ngalih ka fasilitas produksi anu langkung ageung di Loosdrecht, diteraskeun ku pindah deui dina taun 2000 ka kantor pusat sarta pabrikna anu ayeuna di Lelystad.[6] Produksi sasis (chassis), anu sateuacanna dikontrakkeun ka supplier éksternal, mimiti dipidamel nyalira (in-house) di Lelystad dina taun 2003.[6]

Rencana ka payun

[édit | édit sumber]

Donkervoort ngumumkeun dina ramatloka maranéhna yén perusahaan nuju ngalegaan lokasi sarta layananana di sakuliah dunya, anu panganyarna nyaéta sayagina ieu mérek mobil di Amérika Sarikat.[7]

Mobil-mobil

[édit | édit sumber]
Daptar modél
Kandaraan& Poto Taun Mesin Tanaga
S7 1978–19841.6 L Ford OHV mesin 90 metric horsepower (66 kW)
S8 1980–19842.0 L Ford OHC 103 PS (76 kW)
S8A 1985–19932.0 L Ford OHC 117 PS (86 kW)
S8AT 1986–1994 Turbocharged 2.0 L Ford OHC
Garrett T3 turbocharger with intercooler
170 PS (125 kW)
Turbocharged 2.2 L Ford OHC
Garrett T3 turbocharger with intercooler
190 metric horsepower (140 kW)
D10 1988–1989Turbocharged 2.2 L (2,160 cc) Ford OHC
(Garrett T3)
190 PS (140 kW)
D8 Zetec 1993–1998 1.8 L 16V Zetec engine 140 PS (103 kW)
2.0 L 16V Zetec engine 160 PS (118 kW)
D8 Cosworth 1994–1998Turbocharged 2.0 L DOHC Cosworth YB engine 220 to 280 metric horsepower (160 to 210 kW)
D8 Audi (AGU) 1999–2002Turbocharged 1.8 L 20vT Audi engine 150 to 245 metric horsepower (110 to 180 kW)
D8 Audi (E-gas) 2003–2012Turbocharged 1.8 L 20vT Audi engine 150 to 270 metric horsepower (110 to 200 kW)
D8 270 RS 2005–2007Turbocharged 1.8 L 20vT Audi engine, drive by wire 270 PS (199 kW)
D8 270 2008–2012Turbocharged 1.8 L 20vT Audi engine, drive by wire 270 PS (199 kW)
D8 GT 2007–2012Turbocharged 1.8 L 20vT Audi engine, drive by wire 270 PS (199 kW)
D8 GTO 2013–2022Turbocharged 2.5 L TFSI 5-cylinder Audi engine 250 to 280 kilowatts (340 to 380 PS)
D8 GTO RS 2016–2022 Turbocharged 2.5 L TFSI 5-cylinder Audi engine 386 kilowatts (525 PS)
D8 GTO 40 2018 Turbocharged 2.5 L TFSI 5-cylinder Audi engine 283 kilowatts (385 PS)
D8 GTO JD-70 2019 Turbocharged TFSI 5-cylinder Audi engine 305 kilowatts (415 PS)
D8 GTO JD-70 R 2020 Turbocharged TFSI 5-cylinder Audi engine 310 kilowatts (420 PS)
D8 GTO Individual Series 2021–present Turbocharged TFSI 5-cylinder Audi engine 325 kilowatts (442 PS)
F22 2022–present Turbocharged TFSI 5-cylinder Audi engine 367 kilowatts (499 PS)


Modél ayeuna

[édit | édit sumber]
Donkervoort F22 (2022)

Donkervoort ngumumkeun dina bulan Oktober 2022 dina ramatloka maranéhna yén produksi séri D8 parantos lekasan sarta nuju ngarencanakeun pikeun ngahasilkeun modél anyar, nyaéta Donkervoort F22. Ieu mobil bakal miboga beurat kirang ti 800 kg sarta miboga fitur anu sarupa sareng modél-modél sateuacanna.[8] Rincian salajengna dipidangkeun dina hiji press release bulan Novémber anu ngumumkeun yén F22 bakal ditémbongkeunkeun dina ping 10 Désémber 2022. Donkervoort nyebutkeun yén F22 bakal langkung gancang, langkung ageung, langkung seseg, sarta langkung éfisién batan D8 GTO.[9] Laporan ngawitan, anu nyebatkeun yén F22 bakal miboga beurat kirang ti 1,000 kilograms (2,200 lb) sarta kalayan wani masang pariwara "it will be worth the weight" (bakal sabanding jeung beuratna), ngabalukarkeun angkeuhan/spékulasi yén F22 bakal jauh langkung beurat batan D8 GTO;[10] Donkervoort saterusna méré kajelasan yén targét beuratna nyaéta "jauh kirang ti" 800 kilograms (1,800 lb).[11]

Sakumaha anu diumumkeun dina bulan Désémber 2022, F22 mangrupa modél produksi kawates anu ngan dijieun saloba 75 unit; tina jumlah éta, 50 unit parantos pajeng kajual.[12] Ieu kandaraan miboga panjang 4,039 millimetres (159.0 in) sarta sasisna ngagunakeun pipa waja sarta téknologi sandwich serat karbon "Ex-Core" bogana perusahaan, anu ngajadikeun beurat sakabéhna ieu kandaraan mung 750 kilograms (1,650 lb). Sistim panggerakna (drivetrain) ngagunakeun mesin lima silinder ti Audi anu ngahasilkeun tanaga 492 horsepower (367 kW) / 640 newton metres (470 lbf⋅ft) sarta ngagerakkeun roda tukang ngaliwatan transmisi manual lima percepatan.[13] Donkervoort midangkeun ieu mobil salaku modél anu parantos ningkat dina hal "kapraktisan, kanyamanan, sarta gampil digunakeunana", kalayan miboga bagasi anu legana 298 litres (10.5 cu ft). Nami ieu mobil dicandak tina nami Filippa, putra awéwé ti diréktur utama Denis Donkervoort, anu babar dina taun 2022.[12]

Modél sateuacanna

[édit | édit sumber]

Donkervoort S7/S8

[édit | édit sumber]
 Artikel utama: Donkervoort S8.
Donkervoort S7

Donkervoort anu munggaran – nyaéta S7 – diwanohkeun dina taun 1978. Ieu mobil mangrupa mobil sport paling-hampang anu diproduksi di Tienhoven antara taun 1978 dugi ka 1982. Modél ieu digantikeun ku Donkervoort S8 dina ahir taun 1983.[14][15][16][17][18] Ieu mobil ngagunakeun mesin Ford Crossflow 1.6 liter OHV kalayan tanaga 90 PS (66 kW) sarta transmisi manual opat percepatan, atanapi mesin Ford OHC 2.0 liter kalayan tanaga 110 horsepower (82 kW). Sacara mékanis, ieu mobil ngagunakeun as (axle) hareup ti Triumph sarta as tukang ti Escort.[19] Kecepatan maksimumna nyaéta 170 km/h (106 mph).[20] anu diproduksi di Tienhoven antara taun 1978 dugi ka 1982. Modél ieu digantikeun ku Donkervoort S8 dina ahir taun 1983.[21][22][23][24][25] Ieu mobil ngagunakeun mesin Ford Crossflow 1.6 liter OHV kalayan tanaga 90 PS (66 kW) sarta transmisi manual opat percepatan, atanapi mesin Ford OHC 2.0 liter kalayan tanaga 110 horsepower (82 kW). Sacara mékanis, ieu mobil ngagunakeun as (axle) hareup ti Triumph sarta as tukang ti Escort.[19] Kecepatan maksimumna nyaéta 170 km/h (106 mph).[20]


Donkervoort S8/S8A

Diwanohkeun dina ahir taun 1983, S8 sarta saterusna S8A mangrupa modél Donkervoort munggaran anu miboga ajén penting, kalayan angka "Dalapan" (Eight) nuduhkeun ayana paningkatan batan Lotus Seven. Miboga diménsi anu sarua pisan sareng Donkervoort Super Seven, ieu mobil asalna ngagunakeun mesin dua liter inline-four ti Ford of Europe.[20] Dina taun 1985, S8 ditingkatkeun ku transmisi (gearbox) lima percepatan, as hareup ti Donkervoort, sarta as tukang tina Ford Capri. S8A ogé diwanohkeun dina taun éta kalayan jarak roda hareup (front track) anu langkung lébar sarta suspénsi tukang indepénden, anu dicirikeun ku gaya desain anu langkung seger sarta téknologi manufaktur dumasar-napel (adhesive) anu anyar. Produksi S8 lekasan dina taun 1989, sedengkeun S8A dieureunkeun dina taun 1993.[19]

Donkervoort S8AT

Pikeun ngawalon pangabutuh kana tanaga anu langkung ageung, vérsi turbocharged tina S8A diwanohkeun dina taun 1986; ieu mobil tiasa dicirikeun ku lobana rupa-rupa liang hawa (vents) sarta bukaan pikeun niiskeun mesin. Tanaga anu dihasilkeun naék jadi 170 hp (127 kW). S8AT ditingkatkeun dina taun 1988, ngagunakeun sasis sarta mesin anu langkung ageung ti D10 dugi ka ieu modél dieureunkeun dina taun 1994.[19]

Donkervoort D8

[édit | édit sumber]
 Artikel utama: Donkervoort D8.
Donkervoort D8 Zetec (1993-1998)

Ti mimiti taun 1993, D8 anyar mimiti diwangun, anu nandaan yén Donkervoort beuki jauh tina ngan sakadar niron modél Super Seven. D8 munggaran mangrupa modél Donkervoort pamungkas anu ngagunakeun mesin Ford; nyaéta vérsi 1.8 sarta 2.0 liter tina kulawarga Zetec.[26] Donkervoort nawarkeun vérsi "Sport" anu ngarobah spakbor (fenders) hareup jadi gaya sapédah (cycle-style) sarta ngurangan beurat kandaraan ku cara ngagunakeun bagian awak mobil tina ‘’serat karbon’’.[19]

Donkervoort D8 Cosworth (1995-1998)

D8 ogé dilengkepan ku mesin Cosworth YB 2.0 liter kalayan turbocharged ti mimiti taun 1995.[27]

Donkervoort D8 Audi (1999–2008)

Salila taun 1999, Donkervoort gentos ti mesin Ford ka mesin Audi 1.8-liter R4 20-katup kalayan turbocharged, anu sayagi dina rupa-rupa tanaga mimitian ti 150–245 PS (110–180 kW).[28]

Donkervoort D8 Audi (E-gas) Wide Track (2003–2012)

Ti saprak taun 2003, Donkervoort dilengkepan ku mesin turbo Audi 1.8T 20V E-gas (electronic throttle). Dina modél D8, ieu mesin sayagi kalayan tanaga 150 hp, 180 hp, 210 hp, sarta 270 hp. Alatan beurat totalna anu mung 630 kg (1,389 lb), ieu mobil sanggup ngabelesat ti 0 dugi ka 100 km/j dina waktu antawis 3,8 dugi ka 5,2 detik, gumantung kana jinisna. Modél Wide Track tiasa dibédakeun ti modél mesin Audi sateuacanna dumasar kana susunan lampu payunna.[29]

Donkervoort D8 270 (2008–2012)

Donkervoort D8 270 mimiti sayagi ti kawit usum panas taun 2008. Ieu vérsi tina séri D8 téh mangrupikeun tuluyna tina D8 270 RS, nyaéta édisi kawates anu diwanohkeun taun 2005 sarta ngan diproduksi 25 unit hungkul. D8 270 miboga parobahan desain dina bagean "irung" sarta gril anu nyoko langsung kana D8 GT, sarta sanggup akselerasi ti 0–100 km/j dina waktu 3,6 detik.[30]


Donkervoort D8 GTO

[édit | édit sumber]
Donkervoort D8 GTO (2013–2022)

Donkervoort D8 GTO mangrupa hasil kréasi anu anyar pisan. Mesinna ngagunakeun Audi 2.5L TFSI 5-silinder kalayan turbocharged anu miboga tanaga 250-280 kW (340-380PS/335-375 bhp) sarta torsi 450Nm dina 1600rpm, sedengkeun beurat sakumna ieu mobil kirang ti 700 kg. Beurat anu hampang ieu téh ku margi ngagunakeun bahan 'komposit' sapertos sakumna bodi D8 GTO anu dijieun tina serat karbon. Kalayan power-to-weight ratio mung 1.8 kg/PS, ieu mobil tiasa ngabelesat ti 0–100 km/h dina waktu 2,8 detik sarta ti 0–200 km/h mung dina waktu 8,6 detik.[31]

Unit GTO anu munggaran diproduksi dina séri kawates saloba 25 unit Premium D8 GTO dina taun 2013. Produksi D8 GTO reguler, anu sayagi dina vérsi Touring atanapi Performance, dimimitian dina taun 2014.

Donkervoort D8 GTO RS (2016–2022)

Donkervoort ngawanohkeun D8 GTO RS dina bulan Oktober 2016 salaku tuluyna tina D8 270 RS. Donkervoort nyatakeun yén maranéhna parantos hasil ngirangan koéfisién panahan tina hawa (drag coefficient) D8 GTO saloba 20 persén. GTO RS nawarkeun sistim suspénsi anyar salaku pilihan tambahan, sarta ogé nawarkeun setélan transmisi otomatis dual-clutch.[32] Ieu mobil henteu meunang dipaké di jalan raya (not street legal).[5]

Donkervoort D8 GTO Individual sériés (2021)

Dina bulan Juli 2021, Donkervoort ngumumkeun dina ramatloka maranéhna yén maranéhna nuju medalkeun kandaraan anyar kalayan motto: "Any company can sell their cars. Only Donkervoort can create your car - The choice is yours" (Satiap perusahaan tiasa ngajual mobilna. Mung Donkervoort anu tiasa nyiptakeun mobil anjeun - Pilihan aya di anjeun). Modél D8 GTO Individual Series diwanohkeun dina ping 9 Séptémber 2021 sarta mangrupa modél Donkervoort munggaran anu sayagi dina warna wungu/bungur.


Édisi kawates sarta prototip

[édit | édit sumber]
Donkervoort D10 (1988)

Ieu vérsi anu miboga desain ‘’ramping’’ sarta ‘’minimalis’’ téh diwangun dina séri anu kacida kawatesna, nyaéta ngan sapuluh unit, pikeun ngarayakeun milangkala Donkervoort anu kasapuluh dina taun 1988. Ieu mobil henteu miboga ban serep sarta kaca hareup (windshield), nanging meunang kauntungan tina mesin Ford vérsi anu langkung ageung (2,160 cc) kalayan turbocharger Garrett T3 anu langkung ageung, anu ngahasilkeun tanaga 190 PS (140 kW). Unit anu pamungkas nembé réngsé diwangun dina taun 1994, sedengkeun sababaraha unit panungtungan ngagunakeun mesin Cosworth kalayan tanaga nepi ka 300 PS (221 kW).[33]

Donkervoort D20 (1998)

Dirogadah (dijieun tohaga) salaku édisi husus milangkala ka-20, D20 dimekarkeun gawé bareng sareng Audi di handapeun alpukahna CEO Dr. Franz-Josef Paefgen. Sateuacan aya D20, sadaya modél Donkervoort miboga mesin sarta kotak transmisi (gearbox) di payun, nanging D20 miboga mesin di payun sarta kotak transmisi di pengker salaku ‘’transaxle’’. D20 mangrupa Donkervoort munggaran anu ngagunakeun mesin V6, anu sabenerna mah ditujukeun pikeun mobil-mobil Audi anu langkung ageung sarta langkung merenah. Éta mesin ‘’dimodifikasi’’ dugi ka tiasa ngahasilkeun tanaga 280 horsepower (210 kW). D20 diwangun salaku prototip, nanging henteu kantos asup kana jalur produksi ku margi henteu tiasa nyumponan ‘standar’ katangtosan émisi kalayan mesin anu langkung ageung kasebat.[34]

Donkervoort J25 (2003)

Dimaksadkeun salaku édisi husus milangkala ka-25, J25 ngagunakeun bagian irung sarta panto ti D20 kalayan gaya ‘’desain’’ anu langkung modéren, sarta mangrupa Donkervoort munggaran anu miboga tanaga 270 horsepower (200 kW). Hiji prototip parantos diwangun, nanging henteu kantos lebet kana produksi reguler.[34]

Donkervoort D8 270 RS (2005)
D8 RS anu dianggo pikeun nyitak rékor di Nordschleife

D8 270 RS diwangun dina édisi kawates saloba 25 unit pikeun ngareuah-reuah prototip RS anu dianggo pikeun nyitak rékor waktu (lap record) mobil produksi di Nurburgring Nordschleife.[29][34]

Donkervoort D8 GTO Premium (2013)

Premium D8 GTO mangrupa unit GTO munggaran anu diproduksi. Saatos acara sawangan (sneak preview) pikeun ngawanohkeun D8 GTO dina bulan Désémber 2012, para langganan anu parantos aya tiasa mésér salah sahiji tina GTO anu miboga ‘’fitur’’ lengkep (full option) ieu. ‘’Premium’’ D8 GTO diwangun salaku séri kawates saloba 25 unit sarta miboga tanaga anu langkung ageung (380+ BHP) dibandingkeun sareng, contona, D8 GTO Performance.

Donkervoort D8 GTO Bilster Berg Edition (2014–2015)

Dina bulan Séptémber 2014, Donkervoort D8 GTO hasil meupeuskeun rékor waktu (lap record) di Bilster Berg Drive Resort, Jérman. Vérsi Performance kalayan tanaga 380 hp nyitak rékor anyar pikeun mobil produksi anu meunang dipaké di jalan raya (street-legal) kalayan catétan waktu 1 menit 46,12 detik. Pikeun ngariakeun ieu préstasi (milestone) – sarta babarengan jeung bubuka cabang Donkervoort di lokasi kasebat dina taun anu sarua – Donkervoort ngawanohkeun Bilster Berg Edition. Ieu modél dumasar kana mobil tés anu meupeuskeun rékor sarta diwangun dina séri kawates anu mung saloba 14 unit, jumlah anu ngagambarkeun taun suksés 2014. Kamajuan téknis anu dilarapkeun ngawengku pamekaran sarta panyaluyuan (fine-tuning) dina bagéan sasis sarta kontrol jalan (road-handling). Salaku tambahan, ieu édisi gampil pisan dicirikeun ku bagéan irungna anu warna poék, anu dijieun sagemblengna tina ‘’serat karbon’’.[35]

Donkervoort D8 GTO-40 (2018)
Donkervoort D8 GTO-40

Pikeun miéling milangkala perusahaan anu ka-40, GTO-40 dikaluarkeun salaku édisi kawates anu mung saloba 40 unit. Beuratna parantos diréduksi/dikirangan saloba 22 kilograms (49 lb) upami dibandingkeun sareng GTO konvénsional ku cara ngagunakeun panel sandwich serat karbon (anu dibéré mérek sarta dipaténkeun ku Donkervoort salaku EX-CORE) sarta sasis pipa waja anu langkung dioptimalkeun.[36]

Donkervoort D8 GTO JD-70 (2019)

Pikeun miéling dinten ambal warsih/tepung taun pangadegna, Joop Donkervoort, anu ka-70, diproduksi édisi husus anu dinamian Donkervoort D8 GTO JD-70, anu sakali deui ngagunakeun téknologi EX-CORE bogana Donkervoort. Sacara total, aya 70 unit anu diproduksi, kalebet sub-vrian Bare Naked Carbon Edition sarta JD70 R.[37] Bare Naked Carbon Edition nonjolkeun panggunaan panel bodi serat karbon anu jembar ku cara ngarobah lapisan cét (finish) jadi lapisan herang transparan (clear coat), sarta ditawarkeun dina opat tingkatan luyu jeung darajat pangirangan cétna, mimitian ti "Exposed Carbon" (lapisan matte atanapi gloss clear dina panel gigir, jangjang rohangan mesin, bonnet scoop, tutup scoop segitiga, sarta interior) dugi ka "Full-Exposed Coloured Carbon" (lapisan clear coat anu miboga warna dina sadaya bagean serat karbon).[38] JD70 R mangrupa édisi anu disetél husus pikeun lintasan balap (track-tuned) kalayan pamekaran khusus balap, sarta Donkervoort ogé nyadiakeun layanan palatih supir (driver coaching) sarta analisis data dina paket pameulian ieu mobil.[39]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. "Donkervoort Today". Donkervoort Cars. Diaksés tanggal 17 October 2022.
  2. Dijkstra, Martin; Baxmeier, Fleur (9 October 2015). "Zo vader zo dochter" [Like father like daughter]. fd (Dina basa Belanda). Diaksés tanggal 17 October 2022.
  3. Citakan:Cite tweet
  4. Willemsen, Jeroen (November 13, 2009). "Car Builder >> Donkervoort". SpeedHunters. Diaksés tanggal 17 October 2022.
  5. 1 2 Johnson, Owen (February 8, 2022). "10 Things We Just Learned About Donkervoort". Hot Cars. Diaksés tanggal 17 October 2022.
  6. 1 2 "From the Beginning". Donkervoort. Diaksés tanggal 17 October 2022.
  7. "Donkervoort to America". 14 July 2022.
  8. "Donkervoort F22". Donkervoort Cars. Diaksés tanggal 13 October 2022.
  9. Donkervoort (November 11, 2022). F22 Launch Event. Rilis pérs.
  10. Bell, Sebastien (October 14, 2022). "Donkervoort Teases New F22 That Weighs 700 Pounds More Than Model It Replaces". CarScoops. Diaksés tanggal 30 November 2022.
  11. Pappas, Thanos (November 11, 2022). "Donkervoort F22 Debuts Dec 10 With More Power And A Sub-1,800LB Weight Figure". CarScoops. Diaksés tanggal 30 November 2022.
  12. 1 2 Pappas, Thanos (December 10, 2022). "New Donkervoort F22 Breaks Cover As A 492 HP Supercar That Weighs 750kg". CarScoops. Diaksés tanggal 13 December 2022.
  13. George, Patrick (December 12, 2022). "Donkervoort F22: Some Fascinating Details On This Five-Speed, Five-Cylinder Screamer". The Autopian. Diaksés tanggal 13 December 2022.
  14. "The Dutch-Made Exception, the Donkervoort Story". Monochrome Watches. July 4, 2020.
  15. "Donkervoort S7 en S8".
  16. "Donkervoort S7 :: 4 photos and 19 specs :: autoviva.com". www.autoviva.com.
  17. "No Compromise - Donkervoort - #Blogpost by Roadster (Otaku)". Car Throttle. 23 August 2023.
  18. "Donkervoort S7 1978-1982". www.ultimatecarpage.com.
  19. 1 2 3 4 5 "Donkervoort Occasion Guiding Prices 2006" (PDF). Donkervoort Cars. Diarsipkeun ti asli (PDF) tanggal May 28, 2006. Archived Méi 28, 2006, di Wayback Machine
  20. 1 2 3 Mastrostefano, Raffaele, éd. (1985). Quattroruote: Tutte le Auto del Mondo 1985 (Dina basa Italia). Milano: Editoriale Domus S.p.A. hlm. 261. ISBN 88-7212-012-8.
  21. "The Dutch-Made Exception, the Donkervoort Story". Monochrome Watches. July 4, 2020.
  22. "Donkervoort S7 en S8".
  23. "Donkervoort S7 :: 4 photos and 19 specs :: autoviva.com". www.autoviva.com.
  24. "No Compromise - Donkervoort - #Blogpost by Roadster (Otaku)". Car Throttle. 23 August 2023.
  25. "Donkervoort S7 1978-1982". www.ultimatecarpage.com.
  26. "D8 Zetec 1993 - 1998". Donkervoort Cars. Diarsipkeun ti asli tanggal January 8, 2007. Archived Januari 8, 2007, di Wayback Machine
  27. "D8 Cosworth 1994 - 1998". Donkervoort Cars. Diarsipkeun ti asli tanggal January 8, 2007. Archived Januari 8, 2007, di Wayback Machine
  28. "D8 Audi (AGU) 1999 - 2002". Donkervoort Cars. Diarsipkeun ti asli tanggal January 8, 2007. Archived Januari 8, 2007, di Wayback Machine
  29. 1 2 "Fastest Production Car Lap of the Nurburgring". Bridgetogantry.com. 2011-03-18. Diarsipkeun ti asli tanggal 2012-03-16. Archived 2012-03-16 di Wayback Machine
  30. "D8 270 RS". Donkervoort Cars. Diarsipkeun ti asli tanggal January 8, 2007. Archived Januari 8, 2007, di Wayback Machine
  31. "Donkervoort D8 GTO". Donkervoort Cars. Diaksés tanggal 20 September 2022.
  32. "Donkervoort D8 GTO-RS". Donkervoort Cars. Diaksés tanggal 20 September 2022.
  33. "D10-page". Donkervoort Automobilia. Diaksés tanggal 2011-11-11.
  34. 1 2 3 "Heritage". Donkervoort Cars. Diaksés tanggal 22 September 2022.
  35. "Donkervoort D8 GTO breaks lap record at Bilster Berg Drive Resort". CARSGM. 17 September 2014. Diaksés tanggal 11 December 2020.
  36. "Donkervoort D8 GTO-40". Donkervoort Cars. Diaksés tanggal 22 September 2022.
  37. "Donkervoort D8 GTO-JD70". Donkervoort Cars. Diaksés tanggal 20 September 2022.
  38. "Donkervoort D8 GTO-JD70 Bare Naked Carbon Edition". Donkervoort Cars. Diaksés tanggal 20 September 2022.
  39. "Donkervoort D8 GTO-JD70 R". Donkervoort Cars. Diaksés tanggal 20 September 2022.

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]

Citakan:Industri otomotif di Walanda Citakan:Lotus Seven

[[Kategori:Otomotif]