Lompat ke isi

Dzulkaidah

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Dzulkaidah

Sasih kasabelas dina Kalénder Hijriah.
Ngaran Arab ذو القعدة (Dhū al-Qaʿdah)
Urutan ka-11
Sateuacan Syawal
Saparantos Dzulhijjah

Dzulkaidah atawa Dzulkaedah (Basa Arab:ذو القعدة, Dzulqo'dah) nyaéta bulan kasabelas dina pananggalan hijriyah sabada bulan Syawal saméméh bulan Haji atawa Rayagung. [1][2] Ieu sasih kalebet salah sahiji tina opat sasih suci (asyhurul hurum), nyaéta sasih anu dimulyakeun dimana umat Islam dilarang ngayakeun peperangan.[3]

Asal ngaran ieu bulan

[édit | édit sumber]

Dingaranan Dzulkaidah lantaran urang Arab zaman baheula dina ieu bulan caricing di imah henteu perang.[4] Tina kecap qa'ada (قعد) anu hartosna "diuk" atanapi "reureuh".[5] Dina tradisi masarakat Arab jahiliyah, ieu sasih dianggo pikeun istirahat tina sagala rupa peperangan sarta aktivitas dagang pikeun nyiapkeun diri mapag usum Ibadah Haji dina sasih Dzulhijjah.

Kajadian dina ieu bulan

[édit | édit sumber]
  • Salah sahiji di antara bulan haram nu opat, kahiji Dzulqo'dah, kadua Bulan Haji, katilu Bulan Muharram jeung ka opat bulan Rojab.
  • Perjangjian Hudaibiyah: Perjangjian daméy antara umat Islam Madinah sareng kaum musyrikin Mekah dina taun ka-6 Hijriah.[6]
  • Umrah Qadha: Ibadah Umrah pengganti (qadha) anu dilaksanakeun ku Nabi Muhammad saw. dina taun ka-7 Hijriah.

Kalénder Islam

  1. Muharram
  2. Safar
  3. Rabiul awal
  4. Rabiul ahir
  5. Jumadil awal
  6. Jumadil ahir
  7. Rajab
  8. Sya'ban
  9. Ramadhan
  10. Syawal
  11. Dzulkaidah
  12. Dzulhijjah

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. https://www.marefa.org/ diakses 13 Februari 2019
  2. Muh. Hadi Bashori, Mengenal Penanggalan Hijriyah, (Jakarta: PT Elex Media Komputindo, 2013), kaca 54. ISBN 978-602-02-1323-1. Diaksés 2 Pébruari 2026. URL
  3. S. Nasution, Sejarah Peradaban Islam, (Jakarta: Amzah, 2010), kaca 120. ISBN 978-979-3654-12-3. Diaksés 2 Pébruari 2026.
  4. Komus Lisanul Arab : وقيل سمي بذلك لقعودهم في رحالهم عن الغزو والميرة وطلب الكلأ
  5. Thomas Djamaluddin, Menggagas Sistem Kalender Islam Pemersatu, (Bandung: Kaki Langit, 2005), kaca 25. ISBN 978-979-3454-32-0. Diaksés 2 Pébruari 2026.
  6. Syaikh Safiyurrahman Al-Mubarakfuri, Sirah Nabawiyah, (2012), kaca 510. ISBN 978-602-7635-39-5. Diaksés 2 Pébruari 2026.