Lompat ke isi

Franz Wilhelm Junghuhn

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Franz Wilhelm Junghuhn
Photograph taken in 1860
GumelarFriedrich Franz Wilhelm Junghuhn
26 Oktober 1809
Mansfeld, Westphalia (ayeuna Jérman)
Tilar dunya24 April 1864/26 October 1809
Lémbang, Jawa Kulon
KabangsaanJérman
PagawéanBotanis jeung geologis
Taun aktip1835-1864
Dipikawanoh salaku/lantaranBotanis jeung géologis ti Jérman
Karya nu katelahTinggali bilbiografi

Friedrich Franz Wilhelm Junghuhn (26 Oktober 1809 – 24 April 1864) téh saurang élmuwan alam, dokter, ahli tutuwuhan, géolog, ogé pangarang asal Jérman anu engké jadi warga Walanda. Manéhna kasohor lantaran jasana dina nalungtik Pulo Jawa tina sisi élmu bumi, géologi, vulkanologi, jeung botani, ogé di wewengkon Batak di Sumatra. Junghuhn ogé kacatet minangka anggota Koninklijk Instituut voor de Taal-, Land- en Volkenkunde (KITLV) anu ayana di Karésidénan Priangan.[1]

Hasil panalungtikanana ngeunaan alam dituang dina karyana anu panggedéna, Pulo Jawa – Bentukna, Permukaanna, jeung Susunan Jeroanana (3 jilid, 1852–1854), anu dilengkepan ku peta munggaran anu jéntré pisan ngeunaan pulo éta. Sajaba ti éta, manéhna ogé nyusun sababaraha kumpulan tutuwuhan (herbarium) kalayan singgetan ilmiah Jungh. Junghuhn ogé dipikawanoh ku usahana pikeun melak jeung miara tangkal kina pikeun ngahasilkeun ubar kina.

Kahirupan rumaja

[édit | édit sumber]

Ti jaman rumajana, Junghuhn geus némbongkeun karep gedé kana alam jeung boga cita-cita hayang jadi ahli tutuwuhan atawa ahli botani. Antara taun 1827 nepi ka 1831, manéhna kuliah di Universitas Halle tuluy neruskeun ka Bérlin. Tapi anyar sataun diajar di dinya, Junghuhn katarajang perkara adu tanding jeung saurang mahasiswa asal Suis ngaranna Schwoerer. Dina adu éta, Schwoerer teu katohian cilaka, sedengkeun Junghuhn tatu di bagian pahakna. Ku sabab éta, manéhna dihukum panjara salila sapuluh taun di benteng. Ari lawanna, Schwoerer, kabarna mah bunuh diri, sigana pikeun nyingkahan hukuman.

Junghuhn mimiti ngalaksanakeun hukumanna dina bulan Januari 1832 di benteng Ehrenbreitstein di kota Koblenz. Dina bulan Séptémber 1833, manéhna hasil ngungsi ka Perancis sarta asup kana pasukan Legiun Asing. Manéhna kungsi ditempatkeun di Aljazair, tapi taun 1834 Junghuhn dileupaskeun tina pasukan éta. Sanggeus kitu, manéhna indit ka Paris patepung jeung Persoon, saurang ahli botani jeung mikologi, anu méré naséhat supaya Junghuhn nalungtik tutuwuhan tropis di kapuloan Hindia. Lantaran kaayaanana waktu éta hésé, manéhna teu boga pilihan séjén iwal ti asup kana dinas kaséhatan anu diatur ku tentara jajahan Walanda.

Taun-taun kahiji di Jawa jeung Sumatra (1835 - 1848)

[édit | édit sumber]

Franz Junghuhn nepi ka Batavia dina taun 1835. Waktu éta manéhna digawé dina dinas kasehatan, mimiti di Batavia tuluy di Semarang. Dina taun 1837–1838, manéhna ngalakukeun dua lalampahan dinas bareng jeung Dr. E. A. Fritze, anu waktu harita jadi diréktur dinas kasehatan Hindia Walanda, pikeun ngajajah sakuliah Pulo Jawa. Dina lalampahan éta, maranéhna ampir nanjak ka sakabéh gunung seuneu anu aya di ditu. Satengahing taun 1840, Junghuhn dipindahkeun ka Padang. Ti ditu, Gubernur Pieter Merkus méré pancén ka manéhna pikeun ngulik daérah Batak, sabab waktu harita éta wewengkon di Sumatra masih can loba kanyaho. Saéstuna, Junghuhn kuduna didampingan ku Hermann von Rosenberg, panalungtik asal Jérman, tapi éta rencana gagal lantaran von Rosenberg gering sanggeus kajadian dina waktu moro. Tungtungna Junghuhn indit sorangan, jeung salila sataun satengah ngalakukeun ékspédisi, manéhna ngan ditembongan ku para pangiring pribumi.[2]

Manéhna ngan ukur bisa ngajajah bagian kidul ti Tanah Batak, sabab rahayat Batak di bagian kalér teu ngidinan manéhna asup ka pedalaman. Lalampahan éta ogé hésé lantaran pangaruh tina perang Padri anu kakara réngsé taun 1838, anu ninggalkeun trauma ka rahayat Batak kana jalma ti luar. Lalampahan leumpang ngaliwatan leuweung jeung gunung téh kacida melelahkanna, boh pikeun awak boh pikeun pikiran. Tina 17 bulan anjeunna aya di dinya, 10 bulan kudu cicing di ranjang lantaran kakeunaan kasakit parah dina suku.[2]

Dina sakabéh tulisanna, Junghuhn nunjukkeun simpati anu gedé pisan ka rahayat Batak. Manéhna ngahargaan pisan kana karamahtamahan, kasatiaan, jeung kabuka maranéhna ka tamu. Manéhna ogé muji basa maranéhna anu dianggap éndah jeung merenah, sanajan teu bisa ngarti kunaon maranéhna sok disebat-sebut resep kanibalisme. Numutkeun anjeunna, éta kabiasaan téh sigana ngan ukur carita anu disebarkeun ku rahayat Batak sorangan pikeun nyingsieunan jalma luar sangkan teu asup ka daérahna.[2]

Balik deui ka Éropa (1835 - 1848)

[édit | édit sumber]

Dina taun 1848, Junghuhn kudu balik deui ka Éropa lantaran kaséhatanana ngaleuleus. Manéhna cicing di Léiden, tempat para ahli tutuwuhan kasohor dina taun 1851 nepi ka 1856 nerbitkeun Plantae Junghuhnianae, nyaéta publikasi ngeunaan rupa-rupa tutuwuhan anu kapanggih ku Junghuhn di Jawa jeung Sumatra.

Dina bulan Januari 1850, Junghuhn nikah di kota Léiden jeung Johanna Louisa Frederica Koch. Teras dina bulan Agustus 1853, manéhna meunang kawarganagaraan Walanda. Lantaran aya sababaraha kasusah dina ngaréngsékeun naskah karya utamana anu judulna Java – seine Gestalt, Pflanzendecke und innere Bauart (Jawa: Bentuk, Tutuwuhan, jeung Susunan Jeroanana), éta buku kakara bisa diterbitkeun antara taun 1850 nepi ka 1854 di Amsterdam pikeun vérsi basa Walanda, sarta taun 1852 nepi ka 1854 di Leipzig pikeun vérsi basa Jérman.

Taun 1854, peta anu mangrupa bagian tina éta karya dicitak, sedengkeun peta badag Pulo Jawa anyar medal sataun saterusna, nyaéta taun 1855. Dina taun éta ogé, Junghuhn nyieun hiji buku anu eusina ngeunaan pamadeganana kana agama alam (Naturreligion) anu béda jeung tradisi agama Karésten. Judul bukuna nyaéta Licht- und Schattenbilder aus dem Innern von Java (Cahya jeung Bayangan ti Jero Jawa).

Balik deui ka Pulo Jawa (1855–1864)

[édit | édit sumber]

Dina bulan Juni taun 1855, Junghuhn meunang pancén deui ka Hindia Walanda salaku inspektur panalungtikan alam di Pulo Jawa. Waktu éta, manéhna geus jadi saurang naturalis anu kasohor sacara internasional, meunang sababaraha pangajén, sarta jadi anggota sababaraha lembaga élmu anu gedé ngaran. Pancén utamana nyaéta ngawas jeung ngembangkeun tutuwuhan kina (cinchona) pikeun ngahasilkeun ubar kinine.

Dina taun 1857, Junghuhn sacara resmi ditunjuk pikeun mingpin pangawasan kana kebon kina. Manéhna langsung ngarobah cara melak anu kungsi dipaké ku pendahuluna, J.K. Hasskarl, kalayan mindahkeun lokasi kebon ka pagunungan anu leuwih luhur sarta nyarankeun sangkan bibitna dipelak dina teduhna leuweung. Ti taun 1858 nepi ka 1862, manéhna dibantu ku Johan Eliza de Vrij, saurang ahli ubar kasohor, anu jadi panasehat dina proyek éta. De Vrij nyarankeun supaya milih rupa tutuwuhan kina anu leuwih ngahasilkeun. Tapi waktu harita, spésiés Cinchona ledgeriana anu panghadéna can aya. Engké spésiés éta nu jadi konci kasuksésan produksi kinine di Pulo Jawa, nepi ka ahir abad ka-19 Hindia Walanda nyumbang kira dua pertiga tina produksi kinine sakuliah dunya.

Sanajan kitu, kasuksésan gedé tina proyek kina kakara karasa sababaraha taun sanggeus Junghuhn pupus. Tapi jasana tetep kacatet minangka palopor jeung paneguh pondasi pikeun ngamekarkeun kebon kina di Jawa. Ku kituna, manéhna pantes dianggap salaku inohong anu munggaran ngawanohkeun perkebunan kina di Pulo Jawa.

Dina ahir taun 1861, Junghuhn katarajang inféksi amoeba sarta kaséhatanana terus turun nepi ka teu bisa cageur deui. Manéhna pupus dina tanggal 24 April 1864 dina yuswa 54 taun di imahna di Lembang. Makamna aya di handapeun Gunung Tangkuban Parahu, di Kacamatan Lembang, Kabupatén Bandung Barat, di tengah taman anu ditanduran ku Cinchona succirubra jeung C. ledgeriana — dua tutuwuhan anu jadi lambang tina jasa jeung karyana anu gedé.

  • Die Battaländer auf Sumatra (Tanah Batak di Sumatra) (1847)
  • Topographische und naturwissenschaftliche Reisen durch Java (Penjelajahan topografis jeung ilmiah di Jawa) (1845)
  • Java, seine Gestalt, Pflanzendecke und Innere Bauart (Jawa - Bentukna, Permukaana jeung Susunan Jerona) (3 jilid, 1852 - 54)(ed. Bah. Walanda, Amsterdam 1850 - 54)
  • Rückreise von Java nach Europa, Leipzig 1852 (ed. Bah. Walanda, Zalt-Bommel 1851)
  • Reizen door Java, voornamelijk door het oostelijk gedeelte van dit eiland, Amsterdam 1852
  • Licht- und Schattenbilder aus dem Innern von Java, 1854 (ed. Bah. Belanda, Leiden, Amsterdam 1854)
  • Java-Album, Leipzig 1856


Référénsi

[édit | édit sumber]
  1. "Bernalar : kumpulan pengantar diskusi budaya bernalar Moedomo Learning Initiative (MLI) 2012-2014 | WorldCat.org". www.worldcat.org (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-10-09.
  2. 1 2 3 Kozok, Uli (2010). Utusan Damai di Kemelut Perang, Peran Zending dalam Perang Toba Berdasarkan Laporan L.I Nommensesn dan Penginjil RMG Lain. Jakarta: Yayasan Pustaka Obor Indonesia. ISBN 978-979-461-776-2.