Fukuoka
Fukuoka aya di Fukuoka, Jepang. | |
| Lokasi | |
| Nagara | Jepang |
| Wewengkon | Kyūshū |
| Préfektur | Fukuoka |
| Karakter fisik | |
| Area | 340,03 km² (131,3 sq mi) |
| Populasi (as of 2007) | |
| Total | 1,422,836 |
| Kapadetan | Citakan:PD km2 to sq mi |
| Lokasi | |
| Lambang | |
| Tangkal | Camphor laurel |
| Kembang | Camellia |
| Manuk | Black-headed Gull |
| Kantor Pamarentahan Fukuoka | |
| Walikota | Hiroshi Yoshida |
| Alamat | 〒810-8620 1-8-1 Tenjin, Chūō-ku, Fukuoka-shi, Fukuoka-ken |
| Nomer telpon | 092-711-4111 |
| Ramatloka resmi: Fukuoka City | |
Kota Fukuoka (福岡市 Fukuoka-shi?) nyaéta salah sahiji kota sarta sakaligus jadi puseur dayeuh Préféktur Fukuoka anu ayana di basisir beulah kaler Pulo Kyūshū di Jepang.
Fukuoka kota panglobana populasi di Kyūshū, dituturkeun ku Kota Kitakyushu. Fukuoka ogé kota panggedéna jeung kota metropolitan di beulah kulon wewengkon Osaka. Kota Fukuoka diresmikeun dina tanggal 1 April, 1972 dumasar kana aturan pamarentah. Megapolitan Fukuoka (福岡都市圏) pangeusina 2.5 juta jiwa (Sensus 2005), mangrupa wewengkon industri beurat di Kyushu Kaler.

Fukuoka dilayanan ku Bandar Udara Fukuoka, jalur karéta cepet Sanyō Shinkansen di Stasion Hakata jeung féri. JR Kyushu ngoperasikeun hydrofoil antara Hakata jeung Busan, Koréa Kidul. Kareta bawah taneuh dibuka keur jalur anyar nyaéta jalur Nanakuma dina tanggal 2 Pébruari, 2005.
Fukuoka ngahasilkeun jumlah artis nu sukses panglobana tinimbang kota séjén di Jepang. Artis kawentar di J-pop kaasup Ayumi Hamasaki (awewe pangbeungharna di Jepang), artis solo/penulis lirik Chage & Aska, Misia jeung Yui. Salila taun 1970-an, musisi lokal reueus ku budayana tur dumasar kana hal ieu, Mentai Rock. Di sababaraha taun ieu, jenis musk geus ngahiji antara musisi lokal jeung musisi luar, ngahasilkeun musisi gabungan saperti Fever, Cut Flowers, Dr. Funkinstein, F8 & The Routes.
Sajarah
[édit | édit sumber]- 1903: Diadegkeunna Fukuoka Medical College, hiji kampus anu patali jeung Universitas Imperial Kyoto. Tuluy di taun 1911, ieu paguron luhur diaranan Universitas Imperial Kyushu sarta diadegkeun minangka éntitas anu misah
- 1910: Layanan jalan di Fukuoka dimimitian, nepi ka 1979.
- 1929: Penerbangan dimimitian sapanjang ruteu Fukuoka-Osaka-Tokyo.
- 1945: Kota-kota di Jepang dibom, Fukuoka jadi salah sahiji targét.
- 1947: Maraton Fukuoka munggaran.
- 1951: Bandara Fukuoka dibuka.
- 1975: Kota Sawara digabungkeun ka Fukuoka.
- 1981: Karéta handap taneuh mimiti beroperasi.
- 1988: Tim bisbol pro Osaka, Nankai Hawks, dipindahkeun ka Fukuoka sarta ganti ngaran jadi Fukuoka Daiei Hawks (dirobah jadi Fukuoka SoftBank Hawks di taun 2004).
- 1989: Paméran Asia-Pasifik diayakeun.
- 2005: Jalur karéta handap taneuh Fukuoka Nanakuma mimiti beroperasi
- 2014: Fukuoka dipilih jadi Zona Strategis Nasional pikeun "startup global & penciptaan lapangan kerja" ku pamaréntah Jepang.
Géografi
[édit | édit sumber]Fukuoka kawates ku tilu sisi pagunungan sarta hiji sisi ku laut Génkai. Fukuoka perenahna di 1.100 km kuloneun Tokyo.
Iklim
[édit | édit sumber]Fukuoka boga iklim subtropis baseuh (Koppen: Cfa) sarta boga usum panas anu lembab sarta usum tiris anu ringan. Ieu kota ogé curah hujanna rata-rata 1.600 mm per taun, biasana hujan sok ngabrét ti bulan Juni nepi ka Séptémber. Iklim di ieu kota kaasup sedeng, kalawan suhu rata-rata taunan nyaéta 16,3°C sarta kalembaban rata-rata 70%.
Suhu di usum tiris tara kajadian kurang ti 0°C sarta tara turun salju, sanajan sok hujan badag ampir unggal poé tapi turunna teu konsistén saperti di sisi laut Jepang Honshu. Di usum semi, suhu haneut tur langit lénglang, kalawan kembang sakura anu mekar di tungtung Maret atawa mimiti April. Usum hujan lumangsung salila genep minggu nepi ka bulan Juni atawa Juli, nalika usum hujan, condong lembab sarta suhuna antara 25-30°C. Usum panas bisa nepi ka suhu 37°C. Tuluy, usum gugurna garing tur hampang, sanajan topan sok aya di antara bulan Agustus jeung Séptémber.
Distrik
[édit | édit sumber]Di Fukuoka aya 7 distrik:
Kota kembar
[édit | édit sumber]
Oakland, Amérika Sarikat (1962)
Guangzhou, Républik Rahayat Tiongkok (1979)
Bordeaux, Prancis (1982)
Auckland, Selandia Anyar (1986)
Ipoh, Malaysia (1989)
Atlanta, Amérika Serikat (2005)
Busan, Koréa Kidul (2007)
Kota pertukaran ekonomi
[édit | édit sumber]
Qingdao, Républik Rahayat Tiongkok (2003)
Tingali ogé
[édit | édit sumber]Tumbu kaluar
[édit | édit sumber]
Tempo ogé Fukuoka di Wikivoyage
- Fukuoka-city Online
- The official web site of the Fukuoka Olympic Bid Committee Archived 2016-01-10 di Wayback Machine
- Fukuoka City page of Fukuoka Tourism Association website Archived 2009-08-15 di Wayback Machine
- Beetle Archived 2009-08-02 di Wayback Machine - Fukuoka-Pusan ferry service owned by JR Kyūshū
- Fukuoka International Association Archived 2006-01-14 di Wayback Machine
- Gateway Fukuoka Archived 2008-03-21 di Wayback Machine
- Fukuoka City Guide with extensive list of places to go Archived 2005-02-03 di Wayback Machine
- Fukuoka Now, a Fukuoka city guide and local English-language magazine, online forums
- Fukuoka subway Archived 2011-08-17 di Wayback Machine
- Map Of Fukuoka with English labels Archived 2009-05-31 di Wayback Machine
Rujukan
| |||
| Kota | |||
|---|---|---|---|
| Asakura | Buzen | Chikugo | Chikushino | Dazaifu | Fukuoka (kapital) | Fukutsu | Iizuka | Kasuga | Kama | Kitakyushu | Koga | Kurume | Maebaru | Munakata | Nakama | Nogata | Ogori | Okawa | Omuta | Onojo | Tagawa | Ukiha | Yame | Yanagawa | Yukuhashi | |||
| Distrik | |||
| Asakura | Chikujo | Chikushi | Itoshima | Kaho | Kasuya | Kurate | Mii | Miike | Miyako | Mizuma | Onga | Tagawa | Yamato | Yame |
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
