Galaksi Kincir Angin

Galaksi Kincir Angin anu ogé dipikawanoh salaku Messier 101, M101, atawa NGC 5457 mangrupa galaksi spiral anu posisina ngajajar langsung ka arah Bumi (face-on). Jarakna kira-kira 21 juta taun cahaya (genep megaparsec) jeung ayana di rasi béntang Ursa Major. Galaksi ieu mimiti kapanggih ku Pierre Méchain tanggal 27 Maret 1781, teras anjeunna ngawartosan ka Charles Messier nu terus mariksa deui posisina pikeun diasupkeun kana Katalog Messier minangka salah sahiji éntri pamungkas.[1]
Tanggal 28 Désémber 2006, NASA jeung ESA ngaluarkeun gambar Galaksi Kincir Angin anu kacida rinci, sarta mangrupa citra galaksi panggedéna jeung pangjerona anu kungsi dijieun ku Téléskop Hubble dina waktu éta. Gambar éta dijieun tina 51 éksposur anu béda-béda, ditambah sababaraha poto tambahan tina observatorium di Bumi. Tuluy, dina 24 Agustus 2011, hiji supernova Tipe Ia anu dingaranan SN 2011fe kapanggih di galaksi M101.[1]
Pamanggihna
[édit | édit sumber]Pierre Méchain, nu manggihan Messier 101, ngajelaskeun éta obyék minangka “nébula tanpa béntang, caang pisan jeung rada gedé, diaméterna kira-kira 6 nepi ka 7 menit busur, perenahna di antara leungeun kénca Bootes jeung buntut Beruang Gedé. Hésé ngabédakeun rinci-rinci leutikna sabab katingalina siga titik-titik samar.”[2]
Dina taun 1784, William Herschel nyatet yén “[M101], lamun ditempo ku teleskop reflektor abdi nu panjang fokusna 7, 10, jeung 20 kaki, katingalina siga obyék remang anu rada berbintik-bintik, nu kayana bisa diurai; jadi kuring miharep teleskop kuring ayeuna bisa némbongkeun béntang-béntang nu sigana jadi bagian penyusunna.”[2]
Lord Rosse tuluy ngamatkeun M101 maké teleskop reflektor Newtonian diaméter 72 inci dina satengah kadua abad ka-19. Anjeunna anu pangheulana nyatet sacara jéntré struktur spiralna sarta nyieun sababaraha skétsa. Pikeun ningali struktur spiralna dina alat modéren, diperlukeun teleskop anu cukup gedé, kaayaan langit anu poek pisan, sarta eyepiece kakuatan handap.[2]
Galaksi pandamping
[édit | édit sumber]M101 miboga lima galaksi pendamping anu paling kaciri, nyaéta NGC 5204, NGC 5474, NGC 5477, NGC 5585, jeung Holmberg IV. Sapertos anu geus disebutkeun tadi, interaksi gravitasi antara M101 jeung galaksi-galaksi satelitna sigana geus nyababkeun kabentukna pola spiral grand design dina M101. M101 ogé bisa jadi kaganggu bentukna ku pangaruh galaksi pendampingna, NGC 5474. M101 jeung galaksi-galaksi pendamping éta nyusun sabagian gedé, atawa bisa jadi sakabéhna, tina Grup M101.[3][4]
Référénsi
[édit | édit sumber]- 1 2 Shappee, Benjamin J.; Stanek, K. Z. (2011-05-16). "A NEW CEPHEID DISTANCE TO THE GIANT SPIRAL M101 BASED ON IMAGE SUBTRACTION OFHUBBLE SPACE TELESCOPE/ADVANCED CAMERA FOR SURVEYS OBSERVATIONS". The Astrophysical Journal. 733 (2): 124. doi:10.1088/0004-637x/733/2/124. ISSN 0004-637X.
- 1 2 3 Guy McArthur, Hartmut Frommert, Christine Kronberg. "Messier 101". www.seds.org. Diaksés tanggal 2025-11-23. Pemeliharaan CS1: Banyak nama: authors list (link)
- ↑ P., Fouque,; E., Gourgoulhon,; P., Chamaraux,; G., Paturel, (1992-05). "Groups of galaxies within 80 Mpc. II. The catalogue of groups and group members". Astronomy and Astrophysics Supplement Series (Dina basa Inggris). 93. ISSN 0365-0138. Pemeliharaan CS1: Banyak nama: authors list (link) Pemeliharaan CS1: Tanda baca tambahan (link)
- ↑ Giuricin, Giuliano; Marinoni, Christian; Ceriani, Lorenzo; Pisani, Armando (2000-11). "Nearby Optical Galaxies: Selection of the Sample and Identification of Groups". The Astrophysical Journal. 543 (1): 178–194. doi:10.1086/317070. ISSN 0004-637X.