Galaksi Sombréro
Galaksi Sombréro anu ogé disebut Messier 104, M104,[1] atawa NGC 4594 mangrupa galaksi anu klasifikasina rada teu écés sarta aya di wates rasi Virgo jeung Corvus.[2] Jarakna kira-kira 9,55 megaparsec (31,1 juta taun cahaya) ti Bima Sakti.[3] Galaksi ieu kaasup kana Grup Virgo II, nyaéta runtuyan galaksi jeung gugus galaksi anu manjang ti sisi kidul Supergugus Virgo.[4] Diaméter isofotna kira-kira 29,09 nepi ka 32,32 kiloparsec (94.900–105.000 taun cahaya), ngajadikeun éta galaksi rada leuwih gedé tibatan Bima Sakti.[5]
Galaksi ieu boga inti anu caang pisan, tonjolan tengah anu kacida gedéna, jeung jalur lebu anu jelas katingali dina bagian cakram luar, anu lamun ditempo ti Bumi siga katingali ampir ti gigir. Jalur lebu poék jeung tonjolan gedé éta nyieun penampakanana siga topi sombrero. Dina awalna, para astronom nyangka yén halona leutik jeung hampang, nepi ka dianggap galaksi spiral. Tapi, observasi tina Téléskop Angkasa Spitzer nunjukkeun yén halona sabenerna jauh leuwih lega jeung leuwih beurat batan nu dipikirkeun saméméhna, anu matak nuduhkeun yén ieu téh galaksi éliptis raksasa.[6]
Galaksi Sombréro boga magnitudo tampak +8,0, jadi gampang katingali ku téléskop amatir.[1] Sababaraha panulis ogé nyebut yén éta galaksi miboga magnitudo mutlak panggedéna dina radius 10 megaparsec ti Bima Sakti. Tonjolan sentralna nu gedé pisan, ayana liang hideung supermasif di puseurna, jeung jalur lebuna ngajadikeun ieu galaksi jadi obyék anu kacida narikna pikeun para astronom profésional.[7]
Rujukan
[édit | édit sumber]- 1 2 "M 104". simbad.u-strasbg.fr. Diaksés tanggal 2025-11-23.
- ↑ "Sombrero galaxy has split personality". ScienceDaily (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-11-23.
- ↑ McQuinn, Kristen. B. W.; Skillman, Evan D.; Dolphin, Andrew E.; Berg, Danielle; Kennicutt, Robert (2016-10-28). "THE DISTANCE TO M104*". The Astronomical Journal. 152 (5): 144. doi:10.3847/0004-6256/152/5/144. ISSN 0004-6256. Pemeliharaan CS1: DOI bebas tanpa ditandai (link)
- ↑ "The Virgo III Groups". www.atlasoftheuniverse.com. Diaksés tanggal 2025-11-23.
- ↑ "Your NED Search Results". ned.ipac.caltech.edu. Diaksés tanggal 2025-11-23.
- ↑ published, Space com Staff. "Famous Sombrero Galaxy Shows Surprising Side". Space (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-11-23.
- ↑ Karachentsev, Igor D.; Karachentseva, Valentina E.; Huchtmeier, Walter K.; Makarov, Dmitry I. (2004-04). "A Catalog of Neighboring Galaxies". The Astronomical Journal (Dina basa Inggris). 127 (4): 2031–2068. doi:10.1086/382905. ISSN 0004-6256.