Gedong Bunder Kebumén
Gedung Bunder Kebumén mangrupa salah sahiji wangunan warisan Walanda nu aya ada di Kota Cirebon, sakaligus jadi salah sahiji wangunan cagar budaya nu aya di Kota Cirebon. Gedung Bunder Kebumén perenahna aya di Kota Cirebon, alamatna aya di Jalan Lemahwungkuk, Kec. Lemahwungkuk, Kota Cirebon, Jawa Kulon. Baheulana dina éra pamaréntahan Walanda wangunan ieu dipake minangka pos jaga, hanjakal ayeuna wangunan ieu teu kaurus.[1][2]
Sajarah
[édit | édit sumber]Gedong Bunder Kebumén diwangun dina taun 1920-an ku pamaréntahan Walanda dina lahan nu disebut Kebon Praja. Fungsi wangunan ieu ngalaman sababaraha kali parobahan, awalna ieu wangunan dipaké minangka pos jaga, tuluy dina éra kamerdékaan dimangpaatkeun ku Komando Rayon Militer (KOREM) Sunan Gunung Jati Cirebon minangka kantor radio jeung télégraf. Tuluy dina taun 1980an dialihfungsikeun deui minangka padumukan salah sahiji staf lembaga kamilitéran. Dina taun 1990a-an wangunan ieu diserahkeun deui ka pamaréntahan Cirebon ku KOREM nu tuluy digunakeun minangka sekretariat GAPENSI. Tuluy di tahun 2001 wangunan ieu diserahkeun deui ka pamaréntahan Cirebon ku GAPENSI, nu tuluy wangunan ieu kosong teu kaurus nepi ka ayeuna. [2]
Arsitéktur
[édit | édit sumber]Wangunan Gedong Bunder Kebumén miboga bentuk wangunan segi dalapan jeung hatepna siga haseupan. Salian ti éta miboga 14 jandélan, ngan ayeuna mah aya 4 jandéla nu nyésa. Lokasina nu 2 aya di beulah kidul jeung nu 2 deui di beulah kalér.[3]
Galéri
[édit | édit sumber]- Gambar:Gedung_Bunder_Kebumen_Cirebon_(1).jpgGedong Bunder Kebumén Cirebon taun 2025
- Gambar:Gedung_Bunder_Kebumen_Cirebon_(2).jpgGedong Bunder Kebumén Cirebon taun 2025
- Gambar:Bagian_samping_Gedung_Bunder_Kebumen_Cirebon.jpgGedong Bunder Kebumén Cirebon taun 2025
- Gambar:Tangga_Gedung_Bunder_Kebumen_Cirebon.jpgGedong Bunder Kebumén Cirebon taun 2025
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ citrust (2016-02-23). "Gedung Bunder Kebumen Cirebon Darurat Vandalisme". citrust.id (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-06-29.
- 1 2 Anindya dan Chandra, Rahel Zahra dan Sasurya (1 April 2025). "ANATOMI ARSITEKTUR GEDUNG BUNDAR KEBUMEN". Jurnal Arsitektur. ISSN 2685-6166 e-ISSN 2685-6166.
- ↑ Syahroni, Ony. "Keunikan Gedung Bunder di Cirebon". detikjabar (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-08-02.