Lompat ke isi

Gedong Cipta Niaga Cirebon

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Gedong Cipta Niaga Cirebon mangrupa wangunan bersejarah nu aya di Kota Cirebon nu geus aya ti zaman kolonial Walanda, sakaligus jadi salah sahiji wangunan cagar budaya nu aya di Kota Cirebon. Gedong Cipta Niaga Cirebon pernahna aya di Kota Cirebon, alamatna aya di Jalan Lemahwungkuk, Kec. Lemahwungkuk, Kota Cirebon, Jawa Kulon. Wangunan ieu mangrupa salah sahiji tempat pusat perdagangan ti zaman baheula nepi ka ayeuna. Baheulana wangunan ieu fungsina pikeun bank jeung tempat panginjeuman kapal jeung parahu, sedengkeun ayeuna fungsina pikeun kantor distributor tipung, pupuk, minyak, pestisida, jeung cairan infus.[1]

Sajarah

[édit | édit sumber]

Gedong Cipta Niaga Cirebon diwangun dina taun 1911 ku pausahaan gedé milik pamaréntahan Walanda anu usahana dina widang perdagangan, ngaranna nyaéta Internationale Crediet en Handelsvreeniging Rotterdam. Ieu wangunan mangrupa salah salah sahiji karya arsitéktur Eduard Cuypers ngaliwatan biro konsultan F.D Cuypers & Hulswit, nyaéta salah sahiji biro anu kawéntar ku Arsitéktur Kolonialna.[1][2]

Arsitéktur

[édit | édit sumber]

Wangunan Gedong Cipta Niaga Cirebon miboga desain wangunan pasagi anu simétris unggal sisina, ditambah aya munara nu dijepit ku dua wangunan nu jadi ciri mandiri. Karakteristik wangunanana bisa ditingali tina sababaraha bagéan, di antarana suhunan, témbok, lantéy, panto jeung jandéla.[1]

Galéri

[édit | édit sumber]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 3 A, Nur Irfany; Purnama, Iwan (2020-10-01). "IDENTIFIKASI TATA RUANG DAN BENTUK BANGUNAN CIPTA NIAGA". Jurnal Arsitektur (Dina basa Inggris). 12 (2): 11–16. doi:10.59970/jas.v12i2.105. ISSN 2685-6166.
  2. Setiadi, Ridwan; Mutiah, Farhatul (2022-04-30). "PENERAPAN PRINSIP DESAIN ARSITEKTUR PADA GEDUNG CIPTA NIAGA MENURUT TEORI F.D.K. CHING". Jurnal Arsitektur (Dina basa Inggris). 14 (1): 27–31. doi:10.59970/jas.v14i1.42. ISSN 2685-6166.