Gedong Historich

Gedong Historich nyaéta salah sahiji wangunan cagar budaya paninggalan Hindia Walanda nu pernahna aya di Kota Cimahi, provinsi Jawa Kulon, alamatna aya di Jalan Gatot Subroto, No. 19 Kalurahan Baros, Kota Cimahi. Wangunan ieu geus sababaraha kali ganti ngaran, mulai ti Balai Pradjoerit di éra kamerdékaan, tuluy diganti jadi Gedong Sudirman, tuluy diganti deui gedong DPRD Cimahi, ahirna jadi the Historich. Ayeuna ieu wangunan difungsikeun jadi wangunan kasenian.[1][2]
Sajarah
[édit | édit sumber]Gedung Historich atawa "The Historich" diwangun dina taun 1985 ku pamaréntahan Walanda, ieu wangunan mangrupa salah salah sahiji karya arsitéktur Kaptén der Genie Fischer jeung asisténa nyaéta VL Slors nu pernah mingpin pangwangunan Garnizun di Cimahi. Gedong ieu nyoko kana gaya arsiték indische empire stijl atawa gaya Romawi jeung Yunani nu dipengaruhan ku Gubernur Jenderal Hindia Walanda ka-36 nyaéta Herman Willem Daendels. Fungsi wangunan ieu baheulana diwangun minangka dipaké tempat hiburan, téater, tari, pintonan pilem jeung saterusna, utamana pikeun prajurit jeung bangsawan Walanda dina mangsa kolonial. Saméméh dingaranan The Histrorich atawa Gedong Historich, gedong ieu dina jaman Hindia Walanda disebut Societiet Voor Officieren. Sanajan kitu, sanggeus éta wangunan ieu dialihkeun ka Tentara Indonésia ku Ajendam III Siliwangi. Ngaran gedongna diganti jadi Balai Prajurit Sudirman atawa mindeng disebut Gedung Sudirman. Dina taun 2012, gedong ieu diséwakeun ka salah saurang pangusaha tuluy dingaranan The Historich, nepi ka ayeuna.[3][4]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ "Gedung The Historich - Selamat Datang di Website Resmi Pemerintah Daerah Kota Cimahi". cimahikota.go.id. Diaksés tanggal 2025-07-26.
- ↑ "Cerita Gedung Historich Cimahi, Tempat Hiburan Tentara Belanda - Selamat Datang di Website Resmi Pemerintah Daerah Kota Cimahi". cimahikota.go.id. Diaksés tanggal 2025-07-26.
- ↑ Rizki, Ferry. "Menilik Gedung Dansa Belanda Nuansa Romawi dan Yunani di Cim". IDN Times Jabar (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-07-26.
- ↑ "Sejarah Dibalik Megahnya The Historich, Gedung Bersejarah DiKota Cimahi, Jawa Barat". www.reverensi.com (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-07-26. Archived 2020-09-18 di Wayback Machine