Lompat ke isi

Gedong Jangkung Majalengka

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Gedung Jangkung nyaéta salah sahiji wangunan anu miboga sajarah anu aya di Kabupaten Majaléngka

Gedong Jangkung ayana di parapatan Jl. KH. Abdul Halim, Jl. Imam Bonjol, jeung Jl. Trikora, Kelurahan Majaléngka Kulon, Kecamatan Majaléngka, Kabupaten Majaléngka. Umurna kira-kira geus leuwih ti saabad.[1]

Gedung Jangkung Majaléngka

Arsitéktur

[édit | édit sumber]
Bagéan hareup Gedung Jangkung

Gedung Jangkung ieu disebut jangkung sabab miboga menara di salah sahiji juruna, nyaeta di belah kidul kulon. Ditilik tina bentukna, Gedung Jangkung ieu dijieun pas masa kolonial jeung mangrupakeun imah ti ajénan.[2] Wangunan ieu aya dina luhur batu nu jangkungna kurang leuwih 75 cm tur luas tanahna 42x28 métér. Aya taman di hareupeunana anu jadi batas jeung jalan.

Panto utamana ditiungan ku séng melengkung nu karangkana tinu kai. Ornamén tihang-tihangna éndah katingalina. Panto hareupna nyaéta panto dua daun nu aya kacaan, diapit ku dua jandéla di kénca jeung katuhuna.

Dijerona aya rohangan-rohangan anu lalangitna jangkung jeung maké jandéla-jandéla anu jangkung ogé di luhur jeung handapna.[3]

Aya hiji ornamén anu disebut tympanum, nyaéta ornamén segitiga anu sok aya dina luhureun panto[4]. Dina tympanum éta, di handapna aya asbés anu ngabentuk pola berlian.

Bentuk tina suhunana katingali di bagian menara, ngan kondisina geus ruksak.[2]

Sajarah

[édit | édit sumber]

Wangunan ieu dijieun saacan Kamerdékaan Indonésia, nyaéta taun 1912. Mimitina, ieu gedong téh dipimilik ku kulawarga William Soeryajata, nyaéta nu miboga Grup Astra Internasional. Manéhna babar di éta gedong.

Wangunan ieu tuluy dipaké ku CPM TNI tur dijual ka Saléh bin Malik. Nepi ka ayeuna, gedong ieu dipimilik ku kulawarga Saléh bin Malik, anu ayeuna dituluykeun ku budakna, Néli Saléh, nurutkeun wasiat bapana tilu bulan saacan maot yén ieu gedong kudu dirawat.[5]

Gedung Jangkung ti gigir
  1. Sodikin, Rahman Prayitno. "MILIKI NILAI SEJARAH TINGKAT TINGGI, Bangunan ini Berusia Ratusan Tahun, 5 Tempat Sejarah di Majalengka". Portal Majalengka (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-07-19.
  2. 1 2 Ibrahim, Aditya Ibnu. "Gedung Jangkung, Rumah Unik di Majalengka dari Masa Kolonial dengan Sebuah Menara yang Menginspirasi Namanya - Malang Network". Gedung Jangkung, Rumah Unik di Majalengka dari Masa Kolonial dengan Sebuah Menara yang Menginspirasi Namanya - Malang Network (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-07-19.
  3. diswayjateng.id. "Majalengka Memiliki Situs Bersejarah Yang Wajib Dikunjungi". diswayjateng.id (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-07-19.
  4. Goong. "tympanum Maksud". Goong.com - New Generation Dictionary (Dina basa Melayu). Diaksés tanggal 2025-07-19.
  5. citrust. "Mengenal Rumah Bersejarah Tempat Kelahiran Konglomerat yang Disebut Gedong Jangkung". citrust.id (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-07-19.