Gedong Saté

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Gedong Gubernur Jawa Barat

Gedong Saté ayeuna Kantor Kepala Daerah Tingkat I Jawa Kulon (ayeuna Jalan Diponégoro) Bandung, palebah wétan Gedong Saté ayeuna ditempatan ku Kantor Pusat Pos sarta Giro (baheula PTT) sedengkeun wangunan tambahan palebah kulon mangrupa Gedong DPRD Provinsi Jawa Kulon.[1] Dina hakékatna ieu gedong mangrupa bagian leutik (± 5%) tina komplék puseur perkantoran instansi pamaréntahan sipil Hindia Walanda nu nempatan lahan Bandung Kalér salega 27.000 m², anu disadiakeun ku Gemeente Van Bandung liwat Raadbesluit sarta disahkeun 18 Desember 1929.[1] Gedong Saté mangrupa karya monuméntal arsiték Ir.Gerber.[2] Gaya arsitékturna mangrupa gabungan pola arsitéktur tradisional Indonésia sarta téknik konstruksi Kulon, ku kituna disebut Indo-Eropeesche Architectuur Stiil.[2] Masih aya opat wangunan sejénna di Bandung anu gaya arsitékturna sarua, nyaéta De Javasche Bank (Bank Indonésia Bandung), Toko Van Dorp (Landmark), Bioskop Majestic (Gedong Asia Afrika Cultural Centre—AACC), Tehnisce Hoogeschool (Institut Téknologi Bandung—ITB).[2]

Sajarah[édit | édit sumber]

Gedong Saté diwangun taun 1920-1924 di Wilhelmina Boulevard, nu ngalepas batu mimiti nyaéta ku Nona Johana Catherine Coops, budak awéwé cikal Walikota Bandung B.Coops jeung Nona Petronella Roelofden nu ngawakilan Gubernur Jénderal Hindia Walanda di Batavia .[2] Jaman baheula gedong ieu disebut gedong Gouvernements Bedrijven (GB).[2] Gedong Saté mimitina nyaéta kantor pamaréntah Hindia Walanda di wilayah Priangan. Anu kaasup Priangan téh nyaéta Cianjur, Bandung (Deyeuh Kolot), Sumedang, Limbangan (Garut), Sukapura (Tasikmalaya). Pusat pamaréntah Jawa Barat téh mimitna di Cianjur, teras dialihkeun ka Bandung, kusabab éta diwangun Gedung Sate. Baheula téh Dayeuh Kolot kaasup pusat pamaréntahan, teras dialihkeun ka Alun-Alun Bandung.[3]

Gedong ieu meunangkeun ngaran Gedong Saté tina wangun hiasan di puncak heteup tumpak kasebut.[2] Ayeuna Gedong Saté jadi Kantor Gubernur Jawa Kulon sarta jadi ikon Dayeuh Bandung hususna sarta Jawa Kulon dina umumna.[2]

Arsitéktur[édit | édit sumber]

Arsitéktur gedong saté dirancang ku tim anu diketuai ku Ir. J. Gerber, Eh. De Roo, jeung G. Hendriks, sarta pamaréntah kota Bandung anu diwakilkeun ku V.L Sloors. Gaya arsitéktur anu jadi ciri husus Gerber nyaéta aya gabungan antara unsur Neoklasik jeung unsur art deco anu karasa modérn dina zama éta.[4] Panwangunan gedong saté mangrupa bagéan ti program pengalihan pusat militer pamaréntah Hindia Belanda ti Meester Cornelis ka wilayah Bandung.Basa éta, Gedong Saté nyaéta gedong kantor Department Verkeer en Waterstaat (Departemen Pekerjaan Umum dan Pengairan) jeung di belah wétan ka kalér aya gedong Hoofdbureau Post Telegraaf en Telefoondienst (Pusat Pos, Telegraf, dan Telepon).[5] Gaya arsitéktur Gedong Saté mangrupa gabungan gaya arsitéktur Italia jeung Moor di jaman Rénaisans kalayan gaya arsitektur Hindu sarta Islam.[2]

Di bagian handap gedong, aya hiasan nu cirina tradisonal saperti dina candi Hindu, sedengkeun di bagian tengah aya menara umum nu gayana arsitéktur Islam, hateupna tumpak saperti meru di Bali.[2] Faktor iklim tropis diperhatikeun pisan ku cara méré teritis (overstek) nu lega sarta ayana tepas dina lanté handap pikeun sirkulasi hawa sarta sinar panonpoé bisa asup ka jero wangunan sacara hadé.[2] Hateup meru (atap tumpuk) diwangunan utama mangrupa unsur kuat (vocal point) wangunan ieu.[2] Hareup wangunan leuwih didominasi ku rincian (detail) arsitéktur Kulon saperti pelengukng dina jandéla, tihang leutik nu maké order klasik.[2] Dr. H. P. Berlage (1923) saurang arsiték nu kasohor ti Walanda, ngajén Gedong Saté mangrupa een groots werk (hiji karya nu gedé).[2]

Di belah wétan dan kulon aya dua rohangan ageung nu sok dipaké pikeun acara resmi. Di bagéan pangluhurna, aya lantai nu disebat Menara Gedong Sate, lantai ieu teu bisa ditingal ti handap, kudu naék tangga atawa ngagunakeun lift. Gedong Sate ditambihan ku gedong anyar nu mirip jeung gedong sate hasil karya arsiték Ir. Sudibyo anu diwangun dina taun 1977. Gedong anyar éta digunakeun ku Pimpinan jeung Anggota Dewan Perwakilan Daerah Provinsi Jawa Barat dina ngalaksanakeun tugas salaku lembaga legislatif daérah.[6]

Tusuk saté[édit | édit sumber]

Tusuk saté anu aya dina luhureun gedung tek teu saukur hiasan. Tusuk saté éta téh aya fungsina pikeun ngajaga gedong tina kilat.[3]

Fasad[édit | édit sumber]

Fasad ieu diwangun kedah taliti ku sabab ngikutkeun sumbu kalér-kulon, jeung gedong ieu téh nyanghareupan Gunung Tangkuban Perahu di belah kalér.

Dina bagian tengah fasad, aya ornamen anu mirip jeung bentuk candi nu kontras jeung menarik. Bentukna nu mirip gunung disebat Kori Agung. Ornamén ieu disebatna Paduraksa nu digunakeun pikeun pangwates sarta penghubung di antawis bangunan-bangunan aynu aya dina jero gedong.[7]

Hateup[édit | édit sumber]

Aya dua bentuk hateup anu digunakeun di Gedong ieu. Dina luhureun hateup aya ornamen nu jadi ciri khas wangunan agama Hindu, Budha, jeung aya pangaruh ti India. Hateup nu paling luhur tur nonjol, bentukna mirip jeung gaya hateup pura/tumpang di Bali atawa Pagoda di Thailand.[7]

Rancangan hateup magrupa usaha ngasupkeun unsur lokal dina wangunan. Dina puncak hateup tumpak aya hiasan nu wangunna kalayan genep buleudan nu sarua jeung wangun tusukan saté salaku lambang waragad pangwangunan Gedong Sate nu gedéna 6.000.000 Gulden.[2]

Dina luhureun gedong ogé aya dua rohangan rahsia jeung sirineu janten pananda aya musuh anu bakal nyerang gedong. Salah sahiji rohangan rahsia éta téh ayeuna janten gudang. Lamun badé ka menara puncak dina luhureun gedong, urang éh kudu ngaliwatan 64 anak tangga ti lantai dua.[3]

Jandéla[édit | édit sumber]

Jandéla Gedong Saté niru gaya Moor Spanyol. Bentuk jandélana kawas busur anu dijieun tina material bata jeung dilengkepan ku kaca anu kusenna tina kayu dina bagian jerona. Batana dikur dumasar kana bentuk busurna. Bagian luhur jandéla dipangaruhan ku gaya wawangunan Hindu-Budha anu bentukna mirip kawas Gupta, ngan ukiranana leuwih basajan.[3]

Bagéan gedong[édit | édit sumber]

Keur mimimiti diwangun dina taun 1920, aya hiji rohangan pikeun pabukon anu dingaranan De Centrale Bibliotheek anu aya di belah kulon, nyanghareupan kota. Pakubon éta miboga 250.000 buku, sumbangan ti kantor karéta api, palayanan pos, palayanan telepon, sarta kantor pertambangan. Pabukon ieu dianggep pabukon nu pangageungna di Hindia Belanda keur kategori élmu pangaweruhan, mung keur kategori umum, pabukon ieu nyaéta pabukon nu ageung kadua saangeus Bataviaasch Genootschap.[8]

Salah sahiji koleksi pabukon nu penting nyaéta buku ngeunaan hewan di Ambon karya Georg Ebenhard Rumphius anu judulna Amboinsche Rariteitkamer (Buku kotak keajaiban Pulau Ambon) anu eusina téh gambar-gambar pepelakan sarta binatang laut nu aya di pantai Pulau Ambon. Aya ogé buku The History of Java karya Thomas Stamford Raffles. Supados gampil milarian buku, pabukon Gedong Saté nerapkeun sistem Klasifikasi Desimal Dewey. Pabukon ieu buka ti tabuh 8 nepi ka jam 1 siang, mung dina dinten Saptu, nepi ka jam 12 siang. Ku sabab bukuna lengkep sarta loba, urang Walanda nyebatnya harta karun.[8]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b (id)Rosidi,Ajip.dkk.Ensiklopedi Sunda:Alam,Manusia,dan Budaya.Pustaka Jaya.Jakarta.2000. Kaca 239
  2. a b c d e f g h i j k l m n Katam,Sumarsono. Bandung Kilas Peristiwa di Mata Filatelis Sebuah Wisata Sejarah.Kiblat.Bandung.2006. Kaca 26
  3. a b c d Indonesia, C. N. N. "Gedung Sate, Saksi Bisu Perlawanan Priangan Mengusir Belanda". gaya hidup (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-12-02. 
  4. "Gedung Sate: Mengulik Sejarah dan Keindahan Arsitektur yang Mengagumkan". Fakultas Teknik UMSU (dalam en-US). Diakses tanggal 2023-12-02.  Archived 2023-11-12 di Wayback Machine
  5. Bandung, Website Resmi Kota. "#HJKB212 Mengenal Gedung Sate, Oh Ternyata Ini Asal Usul Namanya". https://www.bandung.go.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-12-02. 
  6. antaranews.com. "Menilik sejarah Gedung Sate yang menjadi destinasi wisata favorit". Antara News. Diakses tanggal 2023-12-02. 
  7. a b Anjani, Anastasia. "Sejarah Gedung Sate dan Arsitektur Tiap Ornamennya". detikedu (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-12-02. 
  8. a b "Harta Karun di Gedung Sate - Sejarah Bandung". www.sejarahbandung.id. Diakses tanggal 2023-12-02.  Archived 2023-03-31 di Wayback Machine