Gembyung

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Gembyung nyaéta ensambel musik anu diwangun ti sawatara waditra saperti tarompet anu mangrupa jenis kasenian bernafaskan Islam.[1] Sanajan kitu, di lapang kapanggih sawatara kasenian Gembyung anu henteu ngagunakeun waditra tarompet.[1]

Seni tradisional Gembyung asalna tina ngaran salah sahiji gamelan Sunda anu disebut Goong, dilengkepan ku pakakas musik séjénna, jumlah pamaenna kira-kira 25 jalma.[2] Tugasna salaku: pamaén kenting hiji jeung dua; pamaén kemong hijijeung dua; pamaén kendang katipluk; pamaén kolenter; pamaén gembyung hiji jeung dua; pamaén suling; pamaén rebab; sarta pamaén kemong hiji jeung dua.[2]

Gembyung Di Majaléngka[édit | édit sumber]

Biasana kasenian Gembyung ti Kabupatén Majaléngka ieu dipintonkeun nalika dina acara-acara religius, contona dina acara nikahan, muludan, peresmian masjid atawa haolan kawas di Pasantrén Barang Cirebon, sarta di salah sahiji pasantrén di Kabupatén Subang (di Pamanukan).[2] Sajaba ti éta, kungsi ogé dipintonkeun pikeun ngawakilan seni tradisional Majaléngka anu dilaksanakeun di Taman Mini Indonésia Indah dina taun1984 sarta 1986.[2]

Pintonan seni Gembyung dikawitan ku macakeun tawasul sarta hadhoroh ka Nabi Muhammad SAW, para kulawargana sarta para sahabatna sarta ka para umatna anu taat ka Anjeunna.[2] Tuluy nembangkeun shalawat ti Kitab barjanji (nyaéta kitab anu ditulis Imam Barjajnji) atawa anu disebut Debaan, dipirig ku musik gembyung.[2] Mimiti ayana seni budaya tradisional Gembyung di Kabupatén Majaléngka kira-kira saméméh taun1930­ an.[2] Para inohong seni ieu nyaéta H.E. Zaenal Muttagin, Dudung, ustadz Sadeli ti Gunung Manik kacamatan Talaga, H.E. Jaelani, SH ogé Bupati ayeuna Hj. Tutty Hayati Anwar SH., M.Si.[2] Sanajan kaasup seni anu miboga akar budaya buhun (kuno), tapi dina sumebarna condong dikemas sacara dinamis ku para seniman anu ahli di widangna nyaéta kalayan nuturkeun perkembangan jaman.[2]

Kelompok Pintonan Gembyung Di Majaléngka[édit | édit sumber]

Sawatara kelompok kasenian gembyung di antarana:[2]

  • Group Laila, lulugu Bapa Oyo, di Buninagara Bantarujeg;
  • Panji Wulung, lulugu Kyai Bahrudin, di Gunung Manik;
  • Mekar Budaya Putra, lulugu Yaya Suhaya, di Gunung Manik; ditambah dua group séjénna di Ganéas sarta Salado;
  • Miftahul Jannah, lulugu Noyadi, di Darmalarang, Banjaran;
  • Panca Darma, lulugu Jaenudin, di Burujul Wetan Jatiwangi.


Nulis.jpg



Referensi[édit | édit sumber]