Lompat ke isi

Geréja Santo Yusup Cirebon

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Geréja Katolik Santo Yusup ti hareup.

Geréja Santo Yusup Cirebon nyaéta salah sahiji geréja Katolik anu pangkolotna nu aya di Cirebon. Umurna leuwih ti 144 taun. Geréja ieu dipaké jang nyebarkeun agama Kristen di Cirebon ti baheula kénéh.

Nepi ka ayeuna, Geréja Katolik Santo Yusup ieu masih dipaké jang ibadah.

Geréja Santo Yusup Cirebon aya di Jl. Yos Sudarso No. 20, Lemahwungkok, Kota Cirebon.

Sajarah

[édit | édit sumber]

Geréja Katolik Santo Yusup diwangun ku Louis Theodorus Gonsalves, nyaéta pengusaha gula di taun 1878. Di taun éta, Cirebon téh jadi pusat industri gula anu gulana dijual nepi ka Eropa. Waktu ngabangunna butuh 2 taun nepi ke bérés.

Geréja ieu diresmikeun ku Mgr. Adam Carel Claessens, nyaéta pimpinan ti wilayah Vikariat Apostolik di taun 1880. Ngaran Santo Yusup dipilih sabab ngarujuk ka tokoh Santo Yusup anu dina sajarah Kristen mangrupakeun salaki Maria jeung Bapak téré Yésus.

Arsiték nu ngawangun ieu geréja nyaéta Gaunt Slotez, arsiték ti Eropa.

Ti mimiti pelayanana, iru geréja boga pelayan Pastor Jesuit nu tugasna ngatur kagiatan kaagamaan. Pelayanana lain Cirebon hungkul, tapi ngaluas nepi ka Bandung, Tegal, Tasikmalaya, jeung Garut.

Teu lila, Pastor Jesuit digantikeun ku Pastor Salib Suci.

Taun 2001, Walikota Cirebon ngaluarkeun Surat Keputusan Walikota Cirebon No. 19 nu ngajieun Geréja Katolik Santo Yusup jadi cagar budaya nu kudu dimumulé.[1]

Prasasti Geréja Katolik Santo Yusup

Pelayanan

[édit | édit sumber]
Jero Geréja Katolik Santo Yusup

Ieu geréja mampu ngasupkeun nepi ka 800 jelema. Rohangana badag jang dipaké ibadah babarengan.

Citutat ti keuskupan Bandung[2], pastor anu ayeuna bertugas:

Pst. Paroki : Pst. Emanuel Bambang Adhi Prakosa, OSC

Vikaris Pst. Paroki:

- Pst. Christianus Kristianto, OSC

- Pst .Antonius Eko Susanto, OSC

- Pst. Antonius Budiman, OSC

Jadwal Misa:

Sapopoé : 06.00 WIB

Jumaah : 06.00 jeung 17.00 WIB

Saptu : 17.00 WIB

Ahad : 05.30, 07.00, 09.00, jeung 17.00

Arsitéktur

[édit | édit sumber]

Wangunan ti geréja ieu maké gaya Eropa. Aya salib dina bagian pucuk wangunana. Aya sababara anu diubah nepi ka ayeuna, tapi teu ngarobah bentuk aslina.

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Hidayah, Rizna. "3 Tempat Ibadah Tertua di Sukabumi, Ada Sejak Era Kolonial". IDN Times Jabar (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-07-19.
  2. "Keuskupan Bandung - Paroki Santo Yusuf - Yos Sudarso / Kota Cirebon". keuskupanbandung.org. Diaksés tanggal 2025-07-19.

Tutumbu kaluar

[édit | édit sumber]