Giyugun

Giyuugun (義勇軍, Giyūgun) hartina "tentara sukaréla", asalna tina kecap giyū (sukaréla) jeung gun (tentara). Béda jeung Héiho nu nuturkeun aturan tentara Jepang, Giyuugun boga undang-undang sorangan. PÉTA kaasup kana Giyuugun, tapi istilah éta dipaké husus keur nu diadegkeun di Pulo Jawa. Bédana deui, pangkat pangluhurna di Giyuugun Sumatra nyaéta Létnan Hiji (Chu-i), sedengkeun dina PÉTA nepi ka Kapten (Tai-i).[1]
Mimiti mah, Giyuugun dipaké pikeun ngalatih rahayat Indonésia supaya bisa nyanghareupan pasukan Sekutu dina Perang Dunya Kadua. Tapi sabenerna, loba di antarana nu engké ngamangpaatkeun élmu ti Giyuugun pikeun ngalawan Walanda dina perang sanggeus kamerdikaan.[1]
Sajarah
[édit | édit sumber]Ngadegkeun Giyuugun di Sumatra jeung wewengkon Asia Kidul Wétan séjén di Pulo Jawa disebut PÉTA teu bisa dipisahkeun tina inspéksi anu dilakukeun ku Mayor Jénderal Inada Masazumi, Wakil Kapala Staf Komando Angkatan Darat Jepang keur Kawasan Kidul.[2]
Dina Juni 1943, manéhna niléy yén kakuatan pertahanan militér Jepang di wilayahna masih lemah, sanajan geus aya pasukan bantuan Heiho. Dina inspéksi éta, manéhna patepung jeung Panglima Angkatan Darat ka-16, Létnan Jénderal Harada Kumakichi, anu ngalaporkeun kasusahna narik dukungan rahayat Indonésia. Masalah ieu kajadian lantaran sumebarna berita ngeunaan kamerdikaan Pilipina jeung Myanmar (baheulana Burma) ti Jepang, nu nyieun rahayat Indonésia kuciwa, ditambah serangan Sekutu mimiti ngancem.[2]
Teu lila sanggeus inspéksi, dina Juli 1943, Masazumi ngusulkeun pikeun ngadegkeun Giyuugun di Kawasan Kidul. Tujuanna lain ngan pikeun nambah kakuatan militér Jepang, tapi ogé pikeun ngurangan kuciwa rahayat Indonésia. Usulan ieu diajukeun ka Kamentrian Angkatan Darat jeung Staf Umum di Tokyo dina 22 Juli 1943, sarta sempet ditolak lantaran méré senjata ka penduduk asli dianggap ngabahayakeun Jepang. Tapi, ahirna Perdana Menteri Hideki Tojo satuju jeung nyayagikeun dana 5 juta Yén pikeun ngawujudkeun ieu gagasan.[2]
Tujuan
[édit | édit sumber]Tujuan Giyuugun dina mangsa harita nyaéta pikeun ngajaga wewengkon nu dikawasaan ku Jepang. Lantaran kakurangan personél militér, Jepang ngadegkeun organisasi tentara sukarela ieu. Giyuugun téh hiji kelompok milisi rahayat nu ngalatih kira-kira 7.500–9.000 urang. Di Sumatra, Giyuugun jadi angkatan tentara ka-25 Jepang. Sumatra jadi benténg pertahanan jeung pangkalan Jepang pikeun ngawas lalulintas kapal Sekutu di beulah kulon Samudra Indonésia. Pokona mah, tujuan Giyuugun nyaéta pikeun nyiapkeun pasukan nyanghareupan Perang Asia Wétan Raya.[1]
Saenggeus kamerdikaan
[édit | édit sumber]Sanggeus kaluar instruksi pikeun ngadegkeun Tentara Kasalametan Rakyat (TKR), mantan perwira Giyugun saperti Létnan Dua Maludin Simbolon, Hasan Kasim, Dahlan Djambek, Achmad Tahir, jeung Sjamaun Gaharu jadi komandan divisi 1–5 TKR di Sumatra. Ismael Lengah, mantan perwira Giyugun ti Padang, anu aktif di awal kamerdikaan di Sumatra Kulon. Manéhna ngumpulkeun mantan perwira Giyugun séjén kana organisasi nu dijieunna, Badan Penerangan Pemuda Indonésia (BPPI), pikeun méré pengarahan ka masarakat ngeunaan pentingna ngadegkeun Badan Kasalametan Rakyat (BKR).[3]
Dina 1948, Ismael Lengah jadi salah sahiji petinggi Divisi ka-3 (Divisi Banteng) TNI di Sumatra anu nolak réorganisasi militér. Akibatna, nurutkeun paréntah Perdana Menteri Hatta, manéhna dipindahkeun ka Pulo Jawa salaku instruktur Akademi Militér di Yogyakarta. Lila-lila, pangaruh mantan perwira Giyugun di TNI mimiti ngaleutikan. Salah sahiji alesanana nyaéta déklarasi Pemerintahan Révolusionér Républik Indonésia (PRRI) dina 1958 ku mantan perwira Giyugun, Kolonél Achmad Husein, Kolonél Mauludin Simbolon, jeung Kolonél Sjarif Usman. Sanajan pemberontakan ieu meunang amnésti, loba tentara nu ngadukung PRRI dileungitkeun tina TNI. Sanggeus éta, jarang pisan mantan perwira Giyugun nyepeng jabatan luhur di militér, nepi ka akhir 1970-an ngan dua urang wungkul anu ngajabat di ABRI.[3]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ a b c "Tujuan Giyugun sebagai Militer Bentukan Jepang di Indonesia". kumparan (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-09-13.
- ↑ a b c Kurasawa, Aiko (2024). Giyūgun: Tentara Sukarela Pada Pendudukan Jepang di Jawa dan Sumatra. Jakarta: Kompas. ISBN 978-623-160-469-9.
- ↑ a b Pratama, Andika Yudhistira. "Giyugun, Dari Tentara Sukarela Sampai Pemberontakan di Sumatra". tirto.id (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-09-13.