Lompat ke isi

Gunung Wilis

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Gunung Wilis

Gunung Wilis, anu ogé disebut Pagunungan Wilis, téh hiji gunung seuneuan Tipe B anu geus lila teu aktip deui, ayana di Jawa Wétan, Indonésia.[1] Pagunungan Wilis mangrupa gabungan tina sababaraha puncak gunung, jeung anu pangluhurna nyaéta Puncak Trogati anu jangkungna ngahontal 2.563 méter di luhur beungeut laut. Wewengkon ieu ngawengku genep kabupatén, nyaéta Kediri, Tulungagung, Nganjuk, Madiun, Ponorogo, jeung Trénggalék.[2]

Pagunungan Wilis mibanda rupa-rupa jinis leuweung, di antarana leuweung Diptérokarp Bukit, Diptérokarp Atas, leuweung Montané, jeung leuweung Éricaceous atawa leuweung gunung. Léréng Pagunungan Wilis kungsi jadi jalur anu diliwatan ku Jénderal Sudirman saméméh ngalaksanakeun Serangan Umum 1 Maret 1949 ka Yogyakarta. Jalur anu diliwatanana nya éta ngaliwatan Goliman, Bajulan, Ngliman, Gedang Klutuk, Selayar atawa Pulosari, Seran, Jambu, nepi ka Warungbung.[3]

Légénda jeung sajarah

[édit | édit sumber]

Gunung Wilis dipikawanoh minangka gunung anu nyimpen loba carita misteri jeung kabeulit ku rasa mistis.[4] Légénda ngeunaan Gunung Wilis patalina pisan jeung carita ngeunaan dijieunna manusa anu aya dina naskah Tantu Panggelaran, ditulis dina basa Jawa Tengahan dina jaman karajaan Majapahit.[5] Édisi penting tina téks éta kungsi diterbitkeun di Léiden taun 1924 ku Dr. Theodoor Gautier Thomas Pigeaud.

Dicaritakeun, baheula mah Pulo Jawa téh can aya nu nyicingan sarta sok karasa oyag, nepi ka para déwa mutuskeun pikeun nyieun gunung sangkan pulona bisa ajeg. Para déwa tuluy ngalakukeun hiji hal: nyokot puncak Gunung Mahaméru (Gunung Seméru) ti India tuluy diteundeun di bagian kulon Pulo Jawa. Dina waktu éta, sabagian tina puncak Mahaméru aya nu murag di jalan, nepi ka ngabentuk gunung-gunung séjén kawas Lawu, Wilis, Kelud, Kawi, Arjuna, jeung Kumukus, tuluy Mahaméru nangtung ajeg di Jawa Wétan.

Dina literatur klasik Jawa, Gunung Wilis atawa Gunung Pawinihan mibanda peran anu penting dina carita dijieunna manusa. Ieu carita dijelaskeun dina buku Jagad Gumelar – Manusa Tercipta karya Agung Bimo Sutéjo jeung Timmy Hartadi.[6] Dicaritakeun yén Sang Hyang Batara Brama nyaéta déwa anu pangheulana nyiptakeun manusa. Anjeunna nyieun manusa tina taneuh, dibentuk ku leungeunna sorangan. Tapi lantaran anjeunna téh Dewa Seuneu, hasil ciptaanana sok tarutung, nepi ka disebut Bangsa Keling. Prosés ieu kajadian di Gunung Bromo, sarta manusa ciptaan éta teu tahan cicing di dataran handap sabab awakna panas teuing, jadi ngan bisa hirup di tempat anu tiis di luhur gunung.[7]

Saterusna, Sang Hyang Batara Wisnu ogé nyiptakeun manusa deui kalayan wujud anu leuwih sampurna, kawas manusa ayeuna. Kajadian ieu ogé di tanah Jawa, pas di Gunung Pawinihan (ayeuna Gunung Wilis). Tapi waktu éta, manusa ciptaan Wisnu ogé masih ngan bisa cicing di tempat tiis. Ku sabab bentukna éndah, para Hapsara jeung Hapsari rebut hayang ngasuh éta manusa. Teras diatur sangkan manusa boga turunan heula, tuluy barudakna éta diasuh ku para Hapsara jeung Hapsari. Rupa barudak éta tuluy dibentuk sangkan siga ka nu ngasuhna. Hal ieu dilakukeun sangkan dunya manusa (Arcapada) bisa pinuh ku manusa pikeun ngajaga kasaimbangan alam jagat raya. Lamun ngaranna baheula Gunung Wilis téh Gunung Pawinihan, nepi ka ayeuna can aya sumber tulisan anu nyebut iraha ngaranna robah jadi Wilis.[8]

Can aya catetan anu pasti ngeunaan kajadian letusan Gunung Wilis. Sanajan kitu, aya laporan anu nyebut yén sakitu cenah kungsi aya kajadian bitu dina taun 1641, tapi éta ogé can bisa dipastikeun sabab teu aya bukti atawa catetan resmi ngeunaan kajadian éta. Dina taun anu sarua, Gunung Kelud kacatet kungsi ngalaman bitu gedé.[9] Numutkeun kana catetan Hartono (1994), Pagunungan Wilis mibanda sababaraha kaldéra atawa Morphocet anu kabentuk ti jaman Pléistosén, di antarana nyaéta:

  1. Kaldéra Klotok
  2. Kaldéra Pawonsewu
  3. Kaldéra Ngebel
  4. Kaldéra Tanjungsari
  5. Kaldéra Jeding
  6. Kaldéra Argokalangan (atawa Hargokanangan)

Pendakian

[édit | édit sumber]

Pendakian ka Gunung Wilis ti arah wétan bisa dimimitian ngaliwatan wilayah Kabupatén Kediri, nya éta ti Kacamatan Mojo jeung Kacamatan Semen.[10] Jalur pendakian ngaliwatan Kacamatan Semen kaasup hésé sabab medanna rada nangtang. Jalur ieu bisa ditempuh ngaliwatan Taman Kelir anu ayana di Désa Joho. Sajaba ti jalurna anu beurat, kaayaan leuweungna ogé lebat pisan, nepi ka teu saeutik pendaki anu sok nyasab di sisi Kediri.[11] Dina taun 2021 contona, kungsi aya 15 urang pendaki asal Surabaya anu nyasab sanggeus ngayakeun upacara bandéra di Gunung Wilis.[12]

Sedengkeun jalur pendakian ngaliwatan Kacamatan Mojo bisa dimimitian ti Dusun Besuki. Jalur ieu geus cukup merenah sabab geus dikembangkeun ku Pamaréntah Kabupatén Kediri. Jalan ka arah lereng gunungna cukup lega, bisa diliwatan ku dua mobil nepi ka daérah wisata Curug Dholo. Pendakian dimimitian ti tempat parkir deukeut Gazébo Wilis, tuluy leumpang kira-kira 20 méter ngaliwatan jalan aspal, terus meuntas ka jalan taneuh nanjak pikeun asup ka leuweung jeung punggungan gunung. Ti dinya, waktu nu diperlukeun pikeun ngahontal puncak kira-kira genep jam. Tapi jalur Besuki téh jarang dipaké pendaki sabab tatangkalanana rapet teuing jeung sok aya kabut kandel anu ngahalangan paningali. Ti arah kidul, Gunung Wilis bisa didaki ngaliwatan Kacamatan Sendang, Kabupatén Tulungagung.[13]

Lamun rék ngahontal Puncak Limas ti beula kalér, pendakian bisa dimimitian ti Désa Bajulan deukeut Curug Roro Kuning. Ari Puncak Jontani bisa dihontal ngaliwatan Désa Bareng, Kacamatan Sawahan, Kabupatén Nganjuk. Sedengkeun pikeun Puncak Liman anu jadi puncak pangluhurna Gunung Wilis jangkungna 2.563 mdpl bisa dihontal ti Pudak Wetan di wewengkon Ponorogo, ti Curug Sedudo di Ngliman Sawahan Nganjuk, atawa ti Seweru jeung Kare di Kabupatén Madiun. Tapi jalur resmi pikeun ngahontal Puncak Trogati (Liman) ngan hiji, nya éta ngaliwatan Basecamp Kare Eco Adventure di Dusun Seweru, Désa Kare, Kacamatan Kare, Kabupatén Madiun.[14]

Perjalanan dimimitian ti beulah kulon, ti pos perkebunan kopi Kandangan, tuluy diteruskeun ka titik awal di Afdéling Pulosari pikeun ngahontal Sabana Edelweis Pangangonan. Ti Pangangonan, jalur naék ngaliwatan leuweung hujan tropis jeung punggungan gunung. Sanggeus ngahontal kebon jukut kabuka, jalur leuwih loba nanjak nepi ka Puncak Watu Garuda, tuluy lempeng rada datar nepi ka Puncak Trogati.[14]

Ieu di handap sababaraha jalur pendakian di Pagunungan Wilis:[15]

  1. Jalur Liman via Kare – dikololakeun ku Kare Eco Adventure
  2. Jalur Liman via Pudak Wetan Ponorogo – dikololakeun ku Paguyuban Hargo Wilis
  3. Jalur Limas via Sekartaji – dikololakeun ku LMDH Désa Bajulan
  4. Jalur Limas via Taman Kelir Désa Joho Kediri – dikololakeun ku Wana Rescue Kediri
  5. Jalur Jontani via Désa Bareng – dikololakeun ku Jontani Adventure
  6. Jalur Argokelono via Salam Judeg – dikololakeun ku Perkawis Blongko, Kacamatan Ngetos, Kabupatén Nganjuk
  7. Jalur Wilis via Mojo Kediri – dikololakeun ku LMDH
  8. Jalur Wilis via Désa Sendang Tulungagung – dikololakeun ku LMDH
  9. Jalur Wilis via Jurang Senggani Tulungagung – dikololakeun ku LMDH

Sumber rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Rachmalia, Mira. "4 Fakta Menarik Gunung Wilis, Surga Tersembunyi Bagi Pendaki". detikjatim (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-10-23.
  2. "Nganjuk Tourism - Mount Wilis". www.indonesia-tourism.com. Diaksés tanggal 2025-10-23.
  3. Liputan6.com. "6 Fakta Menarik Gunung Wilis yang Sempat Dilalui Jenderal Sudirman Sebelum Pertempuran 11 Maret 1949". liputan6.com (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-10-23. Pemeliharaan CS1: Nama numerik: authors list (link)
  4. Jr, Toto. "Menguak Gunung Wilis, dari Sejarah Hingga Cerita Mistis - Selingkar Wilis". Menguak Gunung Wilis, dari Sejarah Hingga Cerita Mistis - Selingkar Wilis (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-10-23.
  5. "Kitab Tantu Panggelaran » Budaya Indonesia". budaya-indonesia.org (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-10-23.
  6. JpnMuslim (2015-10-24). Berbagai AGAMA - FILSAFAT 2 (Dina basa indonesian). Pemeliharaan CS1: Bahasa yang tidak diketahui (link)
  7. "Gunung Wilis : Sejarah Penciptaan Manusia Jawa Kuno - Candi". Candi (Dina basa Inggris Amerika). Diaksés tanggal 2025-10-23. Archived 2023-08-10 di Wayback Machine
  8. "Daftar Nama Gunung di Indonesia Dalam Bahasa Sansekerta, dari Indrakila s/d Kampud - Tribunjambi.com". Tribunjambi.com (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-10-23.
  9. "Global Volcanism Program | Wilis". Smithsonian Institution | Global Volcanism Program (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-10-23.
  10. "Pendakian Gunung Wilis - Gunung". Gunung (Dina basa Indonesia). 2018-02-02. Diaksés tanggal 2025-10-23. Archived 2023-02-10 di Wayback Machine
  11. antaranews.com. "Sejumlah pendaki tersesat di Gunung Wilis". Antara News (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-10-23.
  12. Media, Kompas Cyber (2021-08-19). "Kibarkan Merah Putih di Puncak Gunung Wilis, 15 Pendaki Asal Surabaya Tersesat, Ini Kronologinya". KOMPAS.com (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-10-23.
  13. Nurdiyansyah, Yudhi. "Melihat Keindahan Gunung Wilis, Jawa Timur -" (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-10-23.
  14. 1 2 Roisatin, Fatma. "Jalur Pendakian Gunung Wilis, Menantang untuk Pemula". IDN Times (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-10-23.
  15. Liputan6.com. "Gunung Wilis Punya Jalur Pendakian Baru, Siapa Mau Coba?". liputan6.com (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-10-23. Pemeliharaan CS1: Nama numerik: authors list (link)