Lompat ke isi

Gunung cikuray

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Gunung Cikuray

[édit | édit sumber]

Gunung Cikuray nyaéta salah sahiji gunung anu aya di Kabupatén Garut, Jawa Barat tepatna di Dayeuhmanggung, Kecamatan Cilawu. Gunung Cikuray mangrupakeun gunung anu sok dijadikeun objek wisata pikeun jalma anu resep naék gunung. Jarak Gunung Cikuray ti Kota Garut kurang leuwih 15 Kilométer. Jangkungna 2.821 meter di luhur permukaan laut, ngajadikeun Gunung Cikuray gunung ka opat pang jangkungna di Jawa Barat sanggeus Gunung Ceremé, Gunung Pangrango, jeung Gunung Gedé. [1]

Jalur Pendakian

[édit | édit sumber]

Gunung CIkuray mangrupakeun gunung anu jalur pendakian na rada hese ti batan gunung-gunung lainna anu aya di Garut, kawas Gunung Papandayan, Gunung Guntur, jeung sajabana.[1] Sanajan kitu teu ngajadikeun Gunung Cikuray sepi paminat na komo deui pikeun jalma anu resep kaendahan alam. Salian urang Garut loba ogé anu ngadaki ti luar Garut ngahajakeun ka Gunung Cikuray pikeun ngarasakeun kaedahan alam Garut.

Aya sababaraha jalur anu bisa dijadikeun rujukan pikeun jalma anu rék ngadaki ka Gunung Cikuray, nyaéta jalur Olan Cikajang, Bayongbong, Kebonsatu, Tapak Geurot, jeung Pamancar. [1] Tina ka opat jalur éta aya dua jalur anu mineung dipaké pikeun urang nepi ka Gunung Cikuray, nyaéta jalur Tapak Geurot jeung Jalur Pamancar.

Jalur Tapak Geurot, nyaéta jalur anu aya di kecamatan Cigedug, Kabupatén Garut. Jalur ieu mineung dipaké lantaran pamandangan na anu éndah ku pasawahan warga.[1]

Referensi

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 3 4 Ghani, Hakim. "Gunung Cikuray: Lokasi, Tarif, dan Rekomendasi Jalur Pendakian". detikjabar (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-02-09. Archived 2023-07-25 di Wayback Machine