Hedy Lamarr
| Hedy Lamarr | |
|---|---|
Hedy Lamarr (1940) | |
| Gumelar | Hedwig Eva Maria Kiesler 09 Novémber 1914 Vienna, Austria-Hungaria |
| Tilar dunya | 19 Januari 2000 (yuswa 85) Casselberry, Florida, A.S. |
| Pagawéan | Aktris, penemu |
| Taun aktip | 1930–1958 |
| Pasangan | Fritz Mandl (m.1933–1937; pipisahan) Gene Markey (m.1939–1941; pipisahan) John Loder (m.1943–1947; pipisahan) Teddy Stauffer (m.1951–1952; pipisahan) W. Howard Lee (m.1953–1960; pipisahan) Lewis J. Boies (m.1963–1965; pipisahan) |
Hedy Lamarr, nyaeta wanoja anu ngabogan ngaran asli Hedwig Eva Mari Kiesler. Inyana mangrupa saurang artis, produser film, panalungtik, jeung mamatematikawan Amerika Serikat, kalahiran Australia. Hedy kasohor salaku salaku béntang nu nyongcolang dina Jaman Kaemasan[1]
Kahirupan Mimiti
[édit | édit sumber]Lamarr lahir taun 1914 kalayan ngaran Hedwig Eva Maria Kiesler di Wina, Austria-Hongaria. Inyana anak hiji-hijina ti Gertrud "Trude" Kiesler (ngaran gadisna Lichtwitz; 1894–1977) jeung Emil Kiesler (1880–1935). Bapana lahir di Lemberg, Kakaisaran Austria (ayeuna Lviv, Ukraina), ti kulawarga Yahudi asal Galisia. Inyana salah sahiji manajer bank anu suksés.[2] Sedengkeun, indung Lamarr, Trude, téh saurang pamaén piano. Trude lahir di Budapest jeung asalna ti kulawarga Yahudi kelas luhur ti Hungaria. Satuluyna, Trude pindah agama jadi Katolik jeung ngagedékeun anakna, Heidi, salaku saurang Katolik ogé. Tapi, waktu harita Heidi teu dibaptis sacara resmi.[2]
Ti leuleutik, Lamarr geus némbongkeun bakatna kana dunya akting jeung kacida resepna kana téater jeung pilem. Dina umurna nu kakamara 12 taun, manéhna meunangkeun kontés kageulisan di Wina. Lamarr mantuan indungna kaluar ti Austria ka Amérika Sarikat sanggeus Austria dianéksasi ku Nazi Jérman. Engkéna, indungna meunangkeun kawarganagaraan Amérika Sarikat. Dina petisi pikeun naturalisasi anu manéhna eusian, manéhna nulis "Ibrani" salaku rasna, hiji istilah anu mindeng dipaké di Éropa.
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ "Edition Filmmuseum Shop - Hedy Lamarr: Secrets of a Hollywood Star Edition Filmmuseum 40". www.edition-filmmuseum.com. Diaksés tanggal 2025-03-16.
- 1 2 Internet Archive, Stephen Michael (2010). Beautiful : the life of Hedy Lamarr. New York : Thomas Dunne Books/St. Martin's Press. ISBN 978-0-312-55098-1.