Hemerocallis middendorffii var. esculenta
| Hemerocallis middendorffii var. esculenta | |
|---|---|
| Hemerocallis middendorffii var. esculenta di Kebon Raya Cibodas, Cianjur | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| Kelas: | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | |
| Génus: | |
| Spésiés: | H. middendorffii |
| Ngaran binomial | |
| Hemerocallis middendorffii var. esculenta | |
| Sinonim | |
|
Hemerocallis esculenta Koidz. Hemerocallis pedicellata Nakai | |
Hemerocallis middendorffii var. esculenta (sinonim Hemerocallis esculenta) anu dipikawanoh salaku nikkōkisuge atanapi zenteika (dina basa Jepang: 日光黄菅 atanapi 禅庭花) nyaéta tutuwuhan perennial anu kaasup dina kulawarga Asphodelaceae. Tutuwuhan ieu asalna ti Jepang. Kembang konéngna mekar dina awal usum panas, utamina di daérah pagunungan Jepang dina kelompok anu badag.[1]
Hemerocallis middendorffii kaasup tutuwuhan herba tahunan anu tumuwuh di tepi leuweung, padang rumput, leuweung baseuh, sareng tebing batu di zona temperate nepi ka alpine di Asia Wétan. Tutuwuhan ieu boga infloresensia kompak jeung teu boga braktea steril dina tangkal bunga. Kembangna warna oranye kekuningan jeung mekar diurnal atawa bisa mekar salila waktu (beurang jeung peuting), kalayan bau anu hampang. Hemerocallis middendorffii dibagi kana tilu varian, nyaéta var. middendorffii ti Pulo Hokkaido, var. esculenta ti Pulo Honshu, sarta var. exaltata ti pulo-pulo di Laut Jepang.[2]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ "Hemerocallis middendorffii var. esculenta (Koidz.) Ohwi | Plants of the World Online | Kew Science". Plants of the World Online (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-02-17.
- ↑ Masuda, K.; Setoguchi, H.; Fukumoto, S.; Ishihara, M.; Sakaguchi, S. (2023). "A New Flower Color Variant of Hemerocallis middendorffiivar. esculenta (Asphodelaceae)". Acta Phytotaxonomica et Geobotanica, 74(1), 33-37. ;