Lompat ke isi

Hotel Tjimahi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Sajarah Hotel

[édit | édit sumber]

Hotel Tjimahi Mimitina diwangun kalayan ngarana Wisma Pensiun lajeng Losmen Tjimahi, ngabogaan sajarah panjang dieusian ku kajadian penting, utamana dina mangsa perjuangan Indonésia. Hotél ieu diwangun ku Nyi Radén Fatimah Singawinata taun 1927[1], anu mimitina ngarobah villa pribadi na jadi panginepan. Hotel Tjimahi geus tilu kali ganti ngaran, dimimitian ngarana Hotel Pension (Wisma Pension), Penginapan Tjimahi, sareng ayeuna katelah Hotel Tjimahi.[2] Nyi Fatimah nu asalna ti kulawarga Dalem Singayuda nikah opat kali, jeung salakina nu katilu namina Veen asalna ti Belanda nu ngamimitian pangwangunan Hotél Tjimahi, nu terakhir nikah jeung orang Perancis namina G.A. Fornier, nyaeta orang perhotélan[2]. Nyi Radén Fatimah Singawinata pernah oge ganti ngaran, asalna ngarana Nyi Radén Mardiah Singawinata.[3] Hotél Tjimahi pernah ngalaman turun di antara taun 1966 sareng 1972. Numutkeun sajarah sareng catetan, teu boga penghasilan hotél dugi ka 1972. Ieu waktos anu sesah pisan, sareng ti taun 1973 dugi ka 1976, kaayaanna parah dugi ka seueurna jukut di sakitar hotél. Hotél Tjimahi mimiti pulih nalika pabrik rokok nyéwa pikeun nampung tim promosi anu intensif.[4]

Wangunan Hotel Tjimahi

Hotél anu dipikaresep ku TNI

[édit | édit sumber]

Salah sahiji kulawarga perwira TNI anu mondok di Hotél Tjimahi nya éta Komandan Resimen Parakomando Angkatan Darat (RPKAD) Sarwo Edhi Wibowo, bapana Kristiani Herrawati, anu katelah Ibu Ani, Ibu Negara Republik Indonesia sarta pamajikan Presiden RI ka-6, Susilo Bambang Yudhoyono.[2]

Aya ogé kulawarga perwira anu putrana Létnan Jenderal Doni Monardo, Kepala Badan Nasional Penanggulangan Bencana (BNPB).

Sajarah Tempat Pelarian

[édit | édit sumber]

Hotél ieu ogé nyepeng carita poék patali jeung Westerling, saurang penjahat perang anu mondok di hotél ieu bari kabur sanggeus kajadian APRA di Bandung taun 1950. Di rohangan anu sarua, barang-barang milik Westerling masih kénéh diteundeun, kaasup ranjang jati anu jadi ranjang kulawarga Yudhoyono.[1] Barang-barang Westerling dialungkeun kana sumur katutupan. Dina mangsa éta oge, tos aya mata-mata rada canggih, sabab Westerling kapanggih aya di dinya. Waktos diserbu ku militér, anjeunna parantos angkat ka Jakarta, sareng pihak hotel anu diinterogasi ku tentara.[2]

Referensi

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 "Pernah Jadi Pelarian Westerling, Inilah Sejarah Hotel Tjimahi". INFOCIMAHI (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-07-19.
  2. 1 2 3 4 Febriani, Ririn Nur. "Sarat Sejarah, Hotel Tjimahi Jadi Saksi Sejarah Pelarian Westerling hingga Masa Kecil Ani Yudhoyomo". www.Pikiran-Rakyat.com (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-07-19.
  3. "Menengok Hotel Tjimahi, Hotel Tua di Cimahi Kerap Disebut Dibuat Warga Prancis Ternyata Ini Faktanya". Tribunjabar.id (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-07-19.
  4. "sadayapadu".