Kalong: Béda antarrépisi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Konten dihapus Konten ditambahkan
Ptbotgourou (obrolan | kontribusi)
m bot Nambih: rn:Agahungarema
Almabot (obrolan | kontribusi)
m bot Nambih: eml:Pipistrel
Baris ka-167: Baris ka-167:
[[da:Flagermus]]
[[da:Flagermus]]
[[de:Fledertiere]]
[[de:Fledertiere]]
[[eml:Pipistrel]]
[[en:Bat]]
[[en:Bat]]
[[eo:Kiropteroj]]
[[eo:Kiropteroj]]

Révisi nurutkeun 13 Juli 2010 01.31

Kalong
"Chiroptera" tina Artforms of Nature karya Ernst Haeckel, 1904
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Chiroptera

Subordo

Megachiroptera
Microchiroptera
Baca téks pikeun famili-familina.

Kalong atawa lalay mangrupakeun mamalia dina ordo Chiroptera. Nu jadi ciri téh yén anggota awak hareupna mekar jadi jangjang, ngajadikeun ieu sato jadi hiji-hijina mamalia nu bisa hiber (mamalia lianna kawas bajing hiber mah bisa sotéh ukur ngalayang, lain hiber dina harti sabenerna). Kacap Chiroptera téh tina basa Yunani nu hartina "leungeun hiber". Kalong kabagi kana 1.100 an spésiés nu sumebar saalam dunya: kira 20% ti sakabéh spésiés mamalia.

Kira 70% kalong sipatna inséktivora, sedengkeun sésana mah ngahakan bungbuahan (atawa cairanana), nyeuseup getih (tilu spésiés), jeung ngamangsa vertebrata. Kalong-kalong ieu ngawengku kalong irung daun (Phyllostomidae) ti Amérika Tengah jeung Kidul, sarta kalong bulldog (Noctilionidae) nu ngahakanan lauk. Kalong jurig (ghost bat, Macroderma gigas) ti Australia mangrupakeun salah sahiji conto spésiés karnivora nu ngamangsa kalong lianna.

Aya sababaraha spésiés kalong leutik nu boga peran dina penyerbukan sababaraha rupa kembang tropis. Malah, kiwari geus kapanggih yén aya loba tutuwuhan tropis nu gumantung ka kalong téh lain ukur nalika penyerbukan, tapi ogé pikeun nyebarkeun sikina.

Klasifikasi

Kalong Rebing Townsends, Corynorhinus townsendii

Kalong digolongkeun kana dua subordo:

  1. Megachiroptera (kalong badag, macrobat)
  2. Microchiroptera (kalong leutik, microbat)

Anapon ciri nu ngabédakeunana, nyaéta

  • Mikrokalong maké éholokasi, sedengkeun mégakalong mah henteu (iwal Rousettus jeung dulurna nu henteu).
  • Mikrokalong teu sihungan, boh dina huntuna atawa dina jangjangna.
  • Ceuli mikrobat teu ngabentuk cingcing nutup, tungtungna misah handapeun ceuli.
  • Mikrokalong teu buluan (rambut).
  • Mégakalong dahar bungbuahan, madu, atawa sari kembang, sedengkeun mikrokalong dahar serangga, getih (saeutik getih sato), mamalia leutik, jeung lauk, gumantung ka éholokasi pikeun navigasi jeung nyiar mangsa.

Bukti genetik nunjukkeun yén sababaraha mikrokalong ("Yinochiroptera") leuwih deukeut ka mégakalong batan ka mikrokalong lianna ("Yangochiroptera"). Aya sababaraha bukti morfologis nu nuduhkeun évolusi Megachiroptera misah ti Microchiroptera. Mun nuturkeun téori ieu, Microchiroptera bakal teu puguh pancakakina. Mun adaptasi hiber dikaluarkeun tina analisis kladistik, Megachiroptera jadi ngahiji jeung primata dumasar fitur anatomis nu teu sarupa jeung Microchiroptera.

Sacara tradisional, kalong dihijikeun jeung golongan Scandentia, Dermoptera, jeung primata dina superordo Archonta alatan kamiripan antara Megachiroptera jeung mamalia ieu. Tapi, studi molekulér nempatkeun ieu sato salaku dulurna Fereuungulata, golongan nu ngawengku karnivora, Pholidota, Perissodactyla, Artiodactyla, jeung paus.

Pipistrellus pipistrellus

Baranahan

Koloni Kalong Ceuli-beurit, Myotis myotis.

Kalong mah anakanana hiji-hiji unggal taunna. Anakna biasana mah cicing dina sayangna (nu bisa baé dieusi ku sababaraha indung-anak), najan kadang bisa nangkod ka indungna. Indung kalong ieu bisa apal ka anakna ti antara jutaan anak kalong lianna.

Pangabisa kalong pikeun hiber sipatna kongenital, tapi ari pas borojol mah jangjangna leutik teuing. Mimiti bisa mandiri dina umur 6-8 minggu, sarta nincak sawawa dina umur dua taunan.

Kabiasaan jeung paripolah

Struktur sosial kalong mah rupa-rupa, aya nu nyorangan, aya ogé nu ngoloni guha nu dieusi ku jutaan kalong. Struktur sosial fisi-fusi ogé aya.

Véktor rabiés

Jihat budaya

Rujukan

  • Bat, Wikipédia édisi basa Inggris (21 Maret 2006).
  • Greenhall, Arthur H. 1961. Bats in Agriculture. A Ministry of Agriculture Publication. Trinidad and Tobago.
  • Nowak, Ronald M. 1994. " Walker's BATS of the World". The John Hopikins University Press, Baltimore and London.
  • John D. Pettigrew's summary on Flying Primate Hypothesis

Baca ogé

Tumbu kaluar

Mamalia
Monotremata

Placentalia: Xenarthra | Dermoptera | Desmostylia | Scandentia | Primates | Rodentia | Lagomorpha | Insectivora | Chiroptera | Pholidota | Carnivora | Perissodactyla | Artiodactyla | Cetacea | Afrosoricida | Macroscelidea | Tubulidentata | Hyracoidea | Proboscidea | Sirenia

Marsupialia: Didelphimorphia | Paucituberculata | Microbiotheria | Dasyuromorphia | Peramelemorphia | Notoryctemorphia | Diprotodontia