E=mc²: Béda antarrépisi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Konten dihapus Konten ditambahkan
Xqbot (obrolan | kontribusi)
m bot Ngarobih: fr:E=mc2
Luckas-bot (obrolan | kontribusi)
Baris ka-77: Baris ka-77:
[[sv:E=mc²]]
[[sv:E=mc²]]
[[ta:E=mc²]]
[[ta:E=mc²]]
[[th:ความสมมูลระหว่างมวล-พลังงาน]]
[[tl:Pagkakapareho ng masa-lakas]]
[[tl:Pagkakapareho ng masa-lakas]]
[[tr:E=mc²]]
[[tr:E=mc²]]

Révisi nurutkeun 31 Juli 2010 10.54

E = mc2 dina élmu fisika nyaéta hiji rumus anu penting sarta dipikawanoh, anu ngécéskeun persamaan harga antara énergi (E) jeung massa (m), anu disatarakan sacara langsung ngaliwatan luadrat tina hiji konstanta nyaéta laju cahaya dina rohangan hapa (c2):

,

anu mana:

Faktor c2 boga harga 89.88 PJ/kg = 21.48 Mt TNT pér kg = 149.3 pj/u = 931.5 Mev/u.

Lamun énergi anu dimaksud dina persamaan di luhur nyaéta énergi cicing, mangka massa anu patali nyaéta massa cicing ogé atawa massa invarian.

Sajarah sarta konsékuensina

Albert Einstein nurunkeun rumus ieu dumasar kana pengimeutan manéhna dina taun 1905 kana lampah obyék anu usik kalawan laju nu ngadeukeutan laju cahaya. Kacindekan kawéntar anu dijieun hasil tina pangameutan ieu téh yén massa hiji barang sabenerna nyaéta hiji ukuran tina kandungan énergi barang kasebut. Sabalikna, persamaan anu dimaksud nandakeun yén kabéh énergi anu aya dina sistem katutup mangaruhan massa cicing dina sistem éta.

Nurutkeun persamaan ieu, jumlah énergi maksimum anu "bisa dibeunangkeun" tina hiji obyék pikeun ngalakonan gawé aktif nyaéta massa obyék dikalikeun kuadrat tina laju cahaya.

Rumus ieu ogé dipaké pikeun ngukur badagna énergi anu dihasilkeun dina réaksi nuklir. Parobahan massa isotop saméméh sarta saenggeus réaksi nuklir diitung. Di mana jumlah massa anu leungit saenggeus réaksi nuklir (Δm) dikalikeun jeung kuadrat laju cahaya, hasilna sarua jeung énergi anu dileupaskeun dina réaksi nuklir kasebut.

Tempo ogé

Rujukan

  • Bodanis, David (2001). E=mc²: A Biography of the World's Most Famous Equation. Berkley Trade. ISBN 0-425-18164-2. 
  • Tipler, Paul; Llewellyn, Ralph (2002). Modern Physics (4th ed.). W. H. Freeman. ISBN 0-7167-4345-0. 

Tumbu kaluar

Citakan:Link FA