Gunung Fuji: Béda antarrépisi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Konten dihapus Konten ditambahkan
Luckas-bot (obrolan | kontribusi)
m bot Nambih: lv:Fudzi
Xqbot (obrolan | kontribusi)
m bot Nambih: my:ဖူဂျီတောင်; kosmetik perubahan
Baris ka-83: Baris ka-83:


== Tempo oge ==
== Tempo oge ==
*[[Geography of Japan]]
* [[Geography of Japan]]
*[[Hoei eruption of Mount Fuji]]
* [[Hoei eruption of Mount Fuji]]


== Rujukan ==
== Rujukan ==
Baris ka-100: Baris ka-100:
== Tumbu kaluar ==
== Tumbu kaluar ==
{{Commons|Mt. Fuji}}
{{Commons|Mt. Fuji}}
*[http://www.fujigoko.tv/english/ Live Webcams of Mt. Fuji]
* [http://www.fujigoko.tv/english/ Live Webcams of Mt. Fuji]
*[http://maps.google.com/maps?ll=35.358467,138.726425&spn=0.166014,0.234180&t=k&hl=en Satellite picture by Google Maps]
* [http://maps.google.com/maps?ll=35.358467,138.726425&spn=0.166014,0.234180&t=k&hl=en Satellite picture by Google Maps]
* {{wikitravel}}
* {{wikitravel}}
* [http://www.pdmz.com/fuji.html PDMZ.com's year-round pictures of Mt. Fuji]
* [http://www.pdmz.com/fuji.html PDMZ.com's year-round pictures of Mt. Fuji]
Baris ka-155: Baris ka-155:
[[mn:Фүжи уул]]
[[mn:Фүжи уул]]
[[ms:Gunung Fuji]]
[[ms:Gunung Fuji]]
[[my:ဖူဂျီတောင်]]
[[nl:Fuji (vulkaan)]]
[[nl:Fuji (vulkaan)]]
[[nn:Fuji-fjellet]]
[[nn:Fuji-fjellet]]

Révisi nurutkeun 8 Nopémber 2010 01.11

Gunung Fuji
富士山

Gunung Fuji mangsa panonpoe bijil ti Situ Kawaguchi
Luhur 3,776 méter
Perenah Honshu, Jepang
Prominéns3,776 m
Koordinat35°22′N 138°44′E
TipeStratovolcano (dorman)
Panungtungan bitu1707
First ascent663 by an anonymous monk
Rute panggampangnahike

Gunung Fuji (富士山 Fuji-san?, IPA: [ɸɯʥisaɴ]) nyaéta gunung pangluhurna di Jepang. Gunung Fuji ngalingkup Préféktur Shizuoka jeung Yamanashi, beulah kuloneun Tokyo, nu mangsa poe cangra katembong jelas. Gunung Fuji deukeut ka basisir di bagean tengah pulo Honshu.

Gunung Fuji dipaké salaku simbol Jepang tur remen dipaké dina lukisan jeung foto saperti lobana nu datang jeung naek ka puncakna.

Géografi

Gunung Fuji

Gunung Fuji ngabogaan lima situ di sabudeureunna nyaeta: Dano Kawaguchi, Danau Yamanaka, Dano Sai, Dano Motosu jeung Dano Shoji. Kabehanna deukeut ka Dano Ashi, tempat nu hade keur nempo Gunung Fuji. Gunung Fuji kaasup bagean tina Taman Nasioal Fuji-Hakone-Izu.

Geologi

Elmuwan geus ngaidentifikasi yen aya opat fase aktivitas vulkanik nu nyusun formasi Gunung Fuji. Fase kahiji, disebut Sen-komitake, nu disusun ku andesite nu ayeuna katutupan di bagean jero gunung. Sen-komitake dituturkeun ku "Komitake Fuji," nu disusun ku basalt tur dipercaya kabentuk dina sababaraha rebu taun katukang. Ampir 100,000 katukang, "Old Fuji" geus nutupan Komitake Fuji. Nu panganyarna, "New Fuji" dipercaya kabentuk tur nutupan Old Fuji kira-kira 10,000 taun katukang. [1]

Vulkanik ayeuna kaasup tipe letusan rendah resiko. Catetan panungtung bituna Gunung Fuji nyaeta dina taun 1707 mangsa Edo period. Dina waktu ieu, kabentuk kawah anyar, sapanjang puncak kadua, disebut Hōei-zan, dumasar kana ngaran era.

Gunung Fuji aya di pasamoan tilu lempeng nyaeta Lempeng Eurasia (atawa Lempeng Amuria), Lempeng Okhotsk, sarta Lempeng Filipina. Lempeng-lempeng ieu nyaeta bagean kulon Jepang, bagean wetan Jepang jeung Semenanjung Izu.

Ngaran Gunung Fuji

Variasi

Fuji-san kadangkala dipake keur gaganti Fuji Yama dina sabaraha teks basa asing, sabab karakter katilu eta ngaran, 山 hartina gunung, bisa oge dibaca "yama". (Tempo cara maca kanji.) Sanajan kitu ieu ngarupakan ngaran heubeul di Jepang. Kanyataana, Frase Basa Jepang "Fujiyama, geisha" hartina Jepang nu salah ngartikeun ku urang asing. Ahiran -san, hartina gunung, teu pakait jeung gelar Jepang -san nu dipake keur jalma.

"Fuji" kadang kala dieja "Huzi" lamun make romanisasi Nippon-shiki. Tapi ejaan standar nu paling ilahar dipake keur ngagambarkeun ucapan dina Basa Jepang.

Ngaran sejen keur Gunung Fuji, nu lalaunan leungit atawa jarang dipake nyaeta Fuji-no-Yama (ふじの山, Gunung Fuji), Fuji-no-Takane (ふじの高嶺, Puncak Fuji), Fuyō-hō (芙蓉峰, Puncak Lotus ), jeung Fu-gaku (富岳 atawa 富嶽, karakter mimiti 富士, Fuji, jeung 岳, gunung).

Etimologi

Ayeuna kanji keut Gunung Fuji nyaeta, 富 jeung 士, hartina kakayaan atawa loba sarta prajurit, tapi karakter ieu dipilih sabab cara ngucapkeunna sarua jeung suku kata ngaranna, henteu dumasa kana harti ngaranna.

Ngaran asli Fuji teu jelas. Dina etimologi rakyat nyebutkeun yen Fuji asalana tina 不二 (henteu + dua), hartina teu sarua atawa nonpareil. Sejenna nyebutekeun asalna tina 不尽 (teu + rusak), hartina abadi.

Carita rakyat nu populer nyebutkeun yen ngaran gunung hartina pinuh ku tentara, ditulis make karakter Cina 富士 (loba atawa kakayaan + tentara). Tempo The Tale of the Bamboo Cutter.

Sajarah

Gunung Fuji mimiti ditaekan dina taun 663 ku pendeta nu teu dipikanyaho ngaranna. Ngarupakeun gunung suci ti baheula, Gunung Fuji teu meunang ditaekan ku awewe nepi ka Era Meiji. Poe ayeuna, Gunung Fuji tujuan wisata nu kawentar tur ilahar ditaekan (tempo di handap).

Gunung Fuji ngarupakeun congcot vulkanik nu endah tur remen dipake dina subyek seni Jepang. Nu pangkawentarna lukisan Ukiyo-e karya Hokusai 36 Pamandangan Gunung Fuji. Salian ti eta loba disebutkeun dina literatur Basa Jepang dina sababaraha umur jeung subyek sajak.

Gunung Fuji oge imah tradisi prajurit: samurai migunakeun gunung keur ngawaskeun wewengkon sabudeureunna, deukeut kota Gotemba ayeuna. Shogun Minamoto no Yoritomo bertahan yabusame di wewengkon ieu dina aawal periode Kamakura. Saperti dina taun 2005, Angkatan Pertahanan Jepang jeung Marinir Amerika latihan oprasi militer di deukeut Gunung Fuji.

Naek ka Gunung Fuji

Mangsa panon poe surup di Gunung Fuji

Periode nu ilahar keur naek ka Gunung Fuji ti 1 Juli nepi ka 27 Agustus, mangsa pondok jeung fasilitas sejen muka. Beus bisa nepi ka stasion kalima mimiti 1 Juli, sarta beus panungtung jam 3 burit tur ongkosna kira-kira $28.ooUS dollars. Lamun katinggaleun beus keur ka stasion kalima, bisa make taksi biayana kira-kira $60.ooUS sakali jalan. Beus ti Gunung Fuji nepi ka jam 11, mangka kitu lamun teu ngagunakeun taksi kudu nyiapkeun sarapan tur ngadagoan sababaraha waktu lila. Kira-kira 200,000 urang naek ka Gunung Fuji unggal taun, 30% diantarana urang asing. Lilana waktu naek antara 3 nepi ka 7 jam, sedengkeun turnna antara 2 nepi ka 5 jam. Aya sababaraha jalan anyar nu bisa dipake keur ka puncak, tapi teu matak ngurangan kana waktu keur nepi ka puncak. Waktu naek bakal ngurangan nepi ka stasion kalima gumantung kana kamampuh, tapi ngajadikeun rute naek leuwih gampang. Rute naek dibagi kana sapuluh stasion, nu geus diaspal nepi ka stasion kalima, kira-kira 2300 meter luhureun laut. Lamun mimiti naek ti Stasiun Kahiji perlu waktu 10 nepi ka 12 jam keur nepi ka puncak. Ti Stasiun Kahiji nepi Kalima, angin ngagelebug tur tanjakan kacida netekna. Sababaraha jalan bakal kapanggih ke nepi ka sub stasion kagenep. Stasiun Kagenep mimitip ngan sakadar daerah panempoan tur bisa dipake keur reureuh jeung nyiapkeun cai. Keur make tempat reureuh kudu mayar. Tempat reureuh di Stasion Kalima ngarupakeun tempat reureuh panghadena. Lolobana nu reureuh keur ngahaneutkeun awak, tempatna bersih tur bauna rada nyegak. Pondok di stasion ieu teu dijaga waktu peuting. Pondok ieu ngan keur nu datang beurang, tur sakadar keur nempo sakuruling jeung moal naek nepi ka puncak. Rebuan urang ka Gunung Fuji salila periode dua bulan ieu. Loba nu naek peuting sangkan bisa nempo panonpoe bijil poe isukna. Waktu nu panghadena ti Stasiun kalima ka puncak nyaeta jam 9 peuting. Reureuh di Stasiun Kadalapan atawa Kasalapan nepi ka jam 2 isung-isuk, diterukeun ku leumpang sangkan bisa nepi ka puncak dina kira-kira jam 4:15 janari. Antara Stasion Kadalapan jeung Kasalapan hawa di luar pondok kacida tirisna, sabab kitu leuwih hade cicing di jero pondok. Bisa oge ngendong di pondok Stasion Kasapuluh, biayana $40.00 - $50.00US dollar sapeuting. Bisa oge nyobaan nawar mayar per jam keur ngadagoan janari bari bisa sare, tapi ilaharna teu bisa sabab ku lobana nu datang kaayaan jadi gandeng. Lobana nu naek ieu oge jadi masalah, tapi teu matak ngurangan kapopuleran nu hayang naek ka Gunung Fuji.

Aokigahara

Aokigahara nyaeta leuweung nu nuruban dasar gunung. Loba legenda ngeunaan ieu, salah sahijina nyaeta gunung nu mibanda endapan besi nu nyababkeun kompas kaasup oge GPS teu bisa dipake, sarta matak gampang keur kaleungitan arah.

Legenda ieu teu bener: medan magnet nu disababkeun ku beusi kaasup lemah keur nyababkeun pangaruh kana kompas. Boh Pasukan Pertahanan jeung Angkatan Laut sacara teratur latihan di ieu leuweung, kompas, GPS jeung alat-alat navigasi sejenna bisa dipake kalayan normal.

Guha nu di ieu leuweung ngandung es salila usum panas. Legenda monster jurig, jeung goblin leuweung, nambahan dongeng ngeunaan geueumna ieu leuweung. Saterusna, Aokigahara Jukai (Tangkal-tangkal laut) ngarupakeun tempat bunuh diri di Jepang; jiwa nu hayang bunuh diri salilana aya di ieu leuweung. Leuwih ti 78 layon kapanggih di ieu leuweung, nyababkeun pamarentah ngaluarkeun larangan keur bunuh diri di ieu leuweung.

Trivia

Tempo oge

Rujukan

wikipedia basa Inggris, Agustus 2006.

Foto Gunung Fuji

Tumbu kaluar