Sang Alkémis: Béda antarrépisi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Konten dihapus Konten ditambahkan
Xqbot (obrolan | kontribusi)
m bot Nambih: gu:ઍલ્કેમિસ્ટ; kosmetik perubahan
Xqbot (obrolan | kontribusi)
m r2.5.2) (bot Ngarobih: ar:الخيميائي (رواية)
Baris ka-164: Baris ka-164:
[[Kategori:Novel Paulo Coelho]]
[[Kategori:Novel Paulo Coelho]]


[[ar:الخيميائي]]
[[ar:الخيميائي (رواية)]]
[[bg:Алхимикът]]
[[bg:Алхимикът]]
[[bs:Alhemičar (knjiga)]]
[[bs:Alhemičar (knjiga)]]

Révisi nurutkeun 22 Désémber 2010 21.07

Pikeun karya nu ngaranna sarua, tempo Alchemist.
Sang Alkémis
Gambar:The Alchemist.jpg
Sampul Sang Alkémis karya Paulo Coelho.
Pangarang Paulo Coelho
Judul asli O Alquimista
Panarjamah Alan R. Clarke
Nagara Brasil
Basa Portugis
Genre Novel
Penerbit HarperTorch (alihbasa Ingg.)
Tanggal publikasi 1988
Dipublikasikeun dina Basa Inggris 1993
Tipe média Citakan (Hardback & Paperback)
Kaca 167 pp (edisi Basa Inggris munggaran, hardback)
ISBN ISBN 0-06-250217-4 (edidi Basa Inggris munggaran, hardback)

Sang Alkémis (Basa Portugis: O Alquimista) nyaeta bestseller nu munggaran dipublikasikeun di Brazil taun 1988 sarta karya pangsohorna jieunan Paulo Coelho. Buku ieu mangrupakeun carita simbolis nu ngarojong nu macana pikeun nurutkeun impiannana.

Aslina dipublikasikeun taun 1988[1], Sang Alkémis geus dialihbasakeun kana 56 basa (kaasup basa Indonésia), sarta geus kajual leuwih ti 40 yuta kopi di leuwih ti 150 nagara, sarta mangrupakeun salasahiji buku nu laris sapanjang sajarah.

Tingkesan carita

Santiago, protagonis, tuwuh jeung kolot nu merjoangkeun sakabeh kahirupannana pikeun ngirimkeun Santiago ka seminari. Tapi Santiago miboga kahayang nu kuat pikeun ngalanglang jagad, nu ku kituna bapana mere tilu koin Spanyol kuno keur meuli sakumpulan domba.

Minangka budak angon, manehna meakkeun wancina sababaraha taun pikeun ngalanglang wewengkon pajeroan Andalusia di Spanyol kidul, ngarasakeun endahna kahirupan ngalalana nu gumbira. Nincak munggaran carita, urang bakal mangihan yen sataun kaliwat Santiago papanggih jeung anak sodagar nu geulis di dayeuh nu satuluyna didatangan deui ku manehna. Sanajan manehna ukur ngobrol sakeudeung jeung eta wanoja, rasa nu kuat ka maehna nyababkeun manehna nanyakeun deui kahirupannana minangka budah angon sarta nyababkeun manehna mertimbangkeun untung rugina pikeun nganjrek di hiji tempat. Manehna sare di garéja nu aya sabangsaning tangkal sikamor (sycamore) tuwuh.

Nalika datang ka Tarifa, palabuan samemeh kota tempat cicingna eta wanoja, manehna munggaran mutuskeun pikeun indit ka tukang ramal gipsi pikeun mantuan ngartikeun ngimpi nu kajadian deui kajadian deui dina hirupna. Santiago ngimpi dua kali saurang budak ulin jeung dombana sarta tuluy mawa manehna ka Piramida di Mesir pikeun nunjukkeun ka manehna lokasi harta karun nu nyumput. Tapi Santiago sok hudang samemeh eta budak bener-bener nepikeun manehna ka lokasi harta karun eta. Gipsy eta ngomong yen manehna kudu indit sabab lamun aya budak nu nyarita, pasti aya.

Mimitina, eta budak teh henteu ngawaro kana naon-naon nu diomongkeun ku eta gipsy, tapi nalika saurang lalaki kolot, nu nyebut sorangannan Melchizedek, raja Salem, nyarita ka manehna yen geus jadi Legenda Pribadi atawa kagunaan hirupna, manehna tuluy katarik. Melchizedek ngadongengkeun carita aheng ngeunaan hiji lalaki nu manggihan kabagjaan sajati ku jalan miturut Legenda Pribadina. Raja eta mere dua siki batu, Urim jeung Thummim, nu hiji hideung, lianna mah bodas, hideung hartina "enya" sarta bodas "henteu". Ieu, ceuk manehna, keur nyieun kaputusan, sanajan leuwih hadena mah nyieun kaputusan teh ku sorangan. Santiago mutuskeun keur lumampah ka Afrika. Manehna ngajual dombana sarta indit ka Tangier, hiji palabuan di Afrika deukeuteun Spanyol. Tapi di Tangier, manehna dirampog. Leungiteun harepan, manehna mutuskeun pikeun lumaku di sabudeureun dayeuh; naek ka pasir, sarta manggiha hiji toko kristal. Nalika eta budak asup ka toko, manehna meresihan kaca-kaca kristal nu pinuh ku kebul pikeun ditukeuran ku dahareun. Nalika keur meresihan, dua urang pelanggan asup ka toko sarta meuli sababaraha kaca kristal. Sodagar Arab tea ngomong yen eta teh totonden hade, nalika bisnisna meh bangkrut sarta ku ayana eta budak lalaki nu geus narik dua urang nu meuli, manehna mere upah ka eta budak. Santiago diajar yen takdir unggal-unggalna jelema geus dituliskeun, sarta yen aya hiji Basa di Dunya (teu dikedalkeun) nu katimu sabagean nu patali jeung dijualna domba-dombana.

Sanggeus ampir sataun, eta budak mutuskeun pikeun ninggalkeun toko kristal sabab manehna geus boga cukup duit keur meuli sagorombolan domba dua kalieun jumlah nu kungsi dipiboga samemehna, sarta kusabab manehna geus diajar Basa Arab, bisa ngajual deui ka sodagar Arab. Tapi manehna tara kungsi meuli ukur hiji domba. Manehna mutuskeun pikeun nuturkeun legenda pribadina - pikeun manggihan harta karun.

Manehna ngagabung jeung hiji karavan nu indit ka gurun nu aya Piramidaan. Dina karavan, budak eta papanggih jeung urang Inggris nu geus maluruh alkémis sajati salila sapuluh taun. Urang Inggris eta boga loba buku ngeunaan alkémi nu keur eta budak mah henteu ilahar. Dina karavan, manehna diajar basa gurun sarta Jiwa Dunya.

Alatan eta karavan ngagorolong kana oasis, dua urang jalma dina karavan teh mutuskeun keur silih diajar. Urang Inggris nyoba ngobservasi gurun sarta basana, Santiago mah maca buku-bukuna urang Inggris tea sarta diajar ngeunaan alkémi. Urang Inggris ngabejaan ka manehna yen tujuan alkemis nyaeta ngamurnikeun logam ku jalan manaskeunnana salila sababaraha taun tepikeun ka sifat-sifat individualna kabeuleum. Sanggeus sawatara waktu, Santiago eureun maca sarta mikeun bukuna ka urang Inggris, sarta masing-masing nyarita ka nu lianna yen manehna henteu bisa diajar naon wae. Santiago nyindekkeun yen unggal jelema boga jalan sorangan keur diajar sagala rupa hal.

Nalika tepi ka oasis, karavan eta dibageakeun sarta dibejaan yen henteu diidinan neruskeun lampahna ka hareup alatan ayana perang suku. Aya saurang Alkémis nu ningalikeun karavan, asup sarta mikir yen totonden geus ngabejaan yen muridna geus datang marengan ieu karavan. Santiago mantuan urang Inggris eta keur neangan alkemis. Manehna manggihan awewe gurun nu ngaranna Fatimah nu ngabejaan kelompok eta di mana hirupna alkemis. Eta budak bogoh ka Fatimah nalika munggaran nempo, sarta nyarita ka manehna yen manehna bogoh ka eta wanoja sarta hayang ngajadikeun manehna jadi pamajikannana. Murid Alkemis aya keur Santiago.

Santiago papanggih jeung alkemis sanggeus nyingkahan anceman serangan suku di oasis ngaliwatan panenjo nu dipibanda ku jalan nepo hiberna dua heulang. Alkemis ngabejaan eta budak yen manehna moal bakal bisa bagja samemeh miturut Legenda Pribadina. Bari jeung sangeungah oge pikeun ninggalkeun oasis alatan cintana keur Fatimah wanoja gurun, Santiago nyarita ka alkemis hayang cicing di dinya, narima tugasna salaku panasehat nu ditawarkeun ku pupuhu suku nalika Santiago nyalametkeun oasis. Tapi alkmis ngawanti-wanti Santiago yen dina kahirupan nu bakal datang manehna bakal leungiteun kamampuhannana pikeun nempo totonden sabab eureun merhatikeun totonden nu ngabejaan manehna pikeun manggihan harta karun sarta miturut Legenda Pribadina. Hasilna manehna bakal leungiteun posisi jadi panasehat sarta kaduhung henteu ngudag takdirna pikeun manggihan harta karun.

Ahirna, Santiago mutuskeun pikeun ninggalkeun oasis eta babarengan jeung Alkemis pikeun nyungsi harta karunna. Salila lumaku ngaliwatan gurun, eta budak lalaki diajar ti Alkemis. Manehna diajar yen unggal jalma nu ngalengkepan legenda pribadina bakal nambahan Jiwa Dunya, sarta yen dunya aya di dieu keur nunjukkeun kamulyaan Gusti. Alkemis eta oge ngabejaan eta budak keur ngadengekeun hate sanubarina sarta ngarti sahingga moal mungkir. Santiago jeung hatena jadi sobat, sarta hate Santiago balik deui ka Jiwa Dunyana. Ku kituna, Santiago jadi ngarti kana Basa Dunya.

Santiago jeung alkemis katewak di jalan ku salasahiji suku nu keur perang. Alkemis ngabejaan pupuhuna yen maranehna geus mawa duit keur dibikeun ka manehna. Duit eta ditarima tanpa pitakon sababa bisa dipake keur meuli pakarang; alkemis satuluyna ngembarkeun yen Santiago mangrupakeun alkemis nu kuat sarta bisa ngarobah dirina sorangan jadi angin sarta ngancurkeun pakemahan lamun manehna mikahayang. Pupuhuna hayang ningali hal eta; Alkemis tuluy menta tilu poe keur sasayagaan sarta lamun maranehna gagal, manehna ngajaminkeun hirupna. Eta pupuhu narima, tapi ngabejaan yen maranehna henteu bisa nawrkeun hirupna sabab da memang geus jadi milikna. Hal ieu mangrupakeun ujian pamungkas keur pangaweruh Santiago ngeunaan alkemi. Dina wanci poe katilu, Santiago mawa kelompok eta ka punclut jungkrang sarta ngabejaan yen petana bakal lumangsung sawatara waktu.

Make pangaweruhna ngeunaan Basa Dunya meunang diajar tina hatena salila lumaku, Santiago ngomong ka gurun, sarta ngawurukna ngeunaan cinta, nu ahirna gurun teh ngidinan Santiago pikeun make keusikna, sarta ngomong yen manehna bakal merlukeun angin keur niupna. Santiago pindah ka angin, sarta nyarita yen manehna acan tepi ka wates panggedena. Angin, panasaran ngeunaan naon nu bisa dilakukeun, kalibet kana sawala jeung eta budak. Angin henteu nyaho cara ngarobah Santiago jadi angin, sarta nyarankeun pikeun ngomong ka cakrawala (panonpoe). Eta budak ngomong ka angin yen angin kudu niup keusik sangkan manehna henteu lolong nalika nempo srangenge. Eta budak ngomong ka panonpoe, sarta sanggeus panonpoe ngabejaan yen sanajan manehna wijaksana, manehna teu nyaho cara pikeun ngarobah Santiagojadi angin. Angin, nu kacida gumbirana alatan panonpoe oge geuning aya wates kabisana, niup beuki tarik.

"Sinum," badai keusik nu jadi hasilna, ampir ngaruksak pakemahan. Dua komandan jeung pupuhuna sarieuneun sarta nitah manehna pikeun ngeureunan lampahna. Pupuhu ngawalon yen manehna boga harepan pikeun nempo kaagunagn Allah, kecap Basa Arab keur Gusti, sarta nyieun catetan mental pikeun miceun duanana tina tungtutan alatan kadua urang lalaki gurun nu bener eta henteu sarieuneun. Santiago dibejaan pikeun ngomong jeung leungeun nu nulis kabehannana. Budak eta ngomong ka leungeun nu nulis kabehannana, nalika manehna ngalakukeun eta sakabeh jagat teu karecet-kecet caricing, manehna mutuskeun pikeun ngadoa. Ngaliwatan doana manehna nepi ka Jiwa Dunya; sarta nempo yen Jiwa Dunya, Jiwa Gusti, jeung jiwa manehna sorangan aya hiji. Santiago tuluy ngarobah manehna jadi angin sartamindahkeun jungkrang ka sisi nu jauh ti pakemahan, manehna ngalakukeun ieu sabab Jiwa Gusti bisa nyieun kaahengan padahal jiwana sarua jeung Jiwa Gusti.

Sanggeus ngajirim jadi angin, Santiago jeung alkemis indit ka piramid dibarengan ku kelompok pengawal nu disayagikeun ku pupuhu jendral. Maranehannana eureun di biara koptik, sarta alkemis ngomong ka kelompok pangawal eta pikeun balik deui ka kemahna. Di situ manehna papanggih jeung biarawan sarta ngobrol dina basa Koptik. Biarawan eta ngondang maranehna pikeun asup. Di dapur, alkemis nunjukkeun ka Santiago hiji demonstrasi ngarobah pot timah jadi emas. Alkemis ngabagi emas jadi opat bagean sarta dibikeun ka biarawan salasahijina pikeun kamurahan hate jeung kasomeahannana. Manehna mere sapotong ka Santiago, sarta hiji deui keur manehna keur balik ka oasis. Manehna mikeun potongan terahirna ka biarawan keur Santiago lamun hiji wanci merlukeunana. Santiago jeung alkemis ngobrol sanggeus ninggalkeun biara, Alkemis ngadongengkeun carita yen unggal jalma ngamaenkeun tugasna dina sajarah dunya. Maranehna papisah tilu jam ti piramid. Hate Santiago ngabejaan yen manehna kudu ngali harta karunna di tempat nyurucudkeun cipanon sanggeus meunang piramida kabungah.

Nalika Santiago datang ka piramid manehna ngarumpuyuk katahak ku tuurna sarta ceurik, nalika cimatana ragrag manehna nempo Bangbung Scarab ngali lombang dina keusik, hiji totonden. Santiago mimiti ngali keusik tapi henteu manggihan nanahaon, nu aya malah rampog daratang sarta maling emasna sarta najong bujurna. Santiago peunggas harepan, tapi rampog eta ngabejaan yen Santiago geus lumampah jauh teuing neneangan harta karun padahal eta rampog oge sok meunang impian nu berulang tapi henteu kudu indit jauh. Cenah mah dina impian eta rampog teh oge neangan harta di gareja nu bolay nu aya budak angon jeung dombana sarare, disumputkeun di sahandapeun tangkal sikamor nu tuwuh di tempat sakristi. Budak eta, nu sare di gareja minangka budak angonna sorangan, balik deui ka biarawan keur meunangkeun deui sesa duitna keur balik sarta manggihan harta karunna, peti nu eusina koin emas Spanyol. Manehna nyeungseurikeun jalan nu aheng nu geus dipilihkeun ku Gusti pikeun mintonkeun ka manehna di mana ayana harta karun.

Catetan suku

Rujukan

Tumbu luar

Wikiquote logo
Wikiquote logo
Wikicutatan mibanda cutatan-cutatan nu patali jeung artikel ieu dina kaca