Cingcau: Béda antarrépisi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Konten dihapus Konten ditambahkan
SU34Marlina (obrolan | kontribusi)
Tidak ada ringkasan suntingan
SU34Marlina (obrolan | kontribusi)
Baris ka-53: Baris ka-53:
[[Kategori: Olah Inuman]]
[[Kategori: Olah Inuman]]
[[Kategori: Ubar]]
[[Kategori: Ubar]]
[[es:Jalea de hierba]]
[[jv:Cao]]
[[ms:Cincau]]
[[ru:Травяное желе]]
[[th:เฉาก๊วย]]
[[vi:Thạch đen]]
[[zh:燒仙草]]
[[zh-yue:涼粉]]

Révisi nurutkeun 27 Oktober 2011 11.38

Tangkal Camcauh
Gambar:Tangkal cingcau (camcauh).jpg
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
Cyclea barbata Miers

Cingcau atawa Camcauh mangrupa tutuwuhan nu mangrupa areuy anu dauna lamun dirames dibauran cai saeutik engkéna sok ngagibleg saperti ager éncér.[1] Ilaharna sok diolah jadi inuman nya éta és cingcau, biasana dina waktu buka puasa lantaraan tiis.[1] Camcauh aya anu dahanna paranjang saperti areuy daunna karandel jeung rada rubak.[1] Camcauh téh aya dua rupa nya éta Camcauh Hideung jeung Camcauh Héjo. [2] Produksi camcauh lolobana di Indonésia persisna di Sumarorong, Sulawesi Barat.[2]

Sajarah

Tutuwuhan ieu asalna ti Asia, tuluy sumebar ka India, Birma, Indocina, Philipina, nepi ka Indonésia. [2] Tutuwuhan ieu alusna dipelak di daerah anu miboga kaluhuran taneuhna sakitar 75 – 2300 m di luhureun permukaan laut.[2] Daérah Sumarorong, Sulawesi Barat mangrupa salah sahiji tempat anu alus pikeun tutuwuhan ieu ku sabab miboga iklim cuaca anu tiis jeung curah hujan anu cukup. [2] Tutuwuhan ieu geus diproduksi jadi cingcau bubuk anu leuwih loba diekspor ka luar negeri.[2]

Etimologi Cingcau

Kecap "cingcau" aslna tina dialék HokkianSienchau (Hanzi: 仙草, pinyin: xiancao) anu dipaké di kalangan Tionghoa di Asia Tenggara. [3]

Kandungan gizi

Nutrisi anu aya dina 100 g Cingcau nya éta : Ènérgi 122 kkal [2]
Protéin 6 g [2]
Lemak 1 g [2]
Karbohidrat 26 g [2]
Kalsium 100 mg [2]
Fosfor 100 mg [2]
Zat besi 3.3 mg [2]
Vitamin A 10.750 SI [2]
Vitamin B1 80 mh [2]
Vitamin C 17 mg [2]
Serat 6.23 g [2]

Mangpaat

  1. Loba ngandung mineral utamana kalsium jeung fosfor.[3]
  2. Alus pikeun ngaleutikeun awak ku sabab kandungan kalorina saeutik. [3]
  3. Bisa nyagerkeun panas beuteung, sembelit, bungkak beuteung, demam jeung diaré.[3]
  4. Loba kandungan serat, mangpaatna pikeun ngabersihkeun organ pencernaan tina zat Karsinogen nu nyababkeun kanker.[3]
  5. Ngandung senyawa dimetil kurin-1 dimetoidida anu gunana pikeun ngaleuleuskeun otot-otot anu tegang. [3]
  6. Ngandung senyawa Isokandrodendrin anu dipercaya bisa nyingkahan sél tumor ganas.[3]
  7. Ngandung alkaloid bisbenzilsokuinolin jeung S,S-tetandrin anu hasiatna nyingkahan kanker ginjal, antiradang jeung nurunkeun darah tinggi.[3]




catetan

  1. a b c Danadibrata,R.A.(2006).Kamus Basa Sunda.Bandung: Kiblat Buku Utama.
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q [1] (Dicutat tanggal 20 Oktober 2011)
  3. a b c d e f g h [2] (Dicutat tanggal 21 Oktober 2011)